Téater Murang-Maring

820 820 Lugina De

“Alus carpon téh, God. Ngan kawasna moal kahartieun ku nu maca mah.”

Godi Suwarna leuwih tiheula nulis sajak ti batan carpon. Sajakna nu munggaran dimuat dina majalah Manglé, taun 1976, basa Godi karék clé kuliah di Jurusan Basa Indonesia IKIP Bandung. Judulna “Surat keur Susi di Bandung”. Ari carponna kakara midang téh taun 1978. Sarua ieu gé dina majalah Manglé. Judulna “Kalangkang Budah”.

Nya basa keur di IKIP Godi tepung jeung Tatang Sumarsono, mahasiswa Jurusan Basa Sunda, anu geus leuwih tiheula nulis dina basa Sunda. Hiji mangsa Godi babalagonjangan némbongkeun naskah carpon anuna. Judulna “Kalangkang Budah”.

“Kumaha cék didinya, Tang?” pokna.
“Alus carpon téh, God. Ngan kawasna moal kahartieun ku nu maca mah.”

Teu pati tétéla, naon sababna “Kalangkang Budah” –harita– nepi ka dianggap hésé manjing kahartina ku nu maca. Da ku sabréhan mah saenyana basajan. Tibang ngagambarkeun adegan patepungna dua tokoh. Bisa jadi anu matak moal kahartieun ku nu maca téh lantaran tokoh anu diwayangkeunana: Oidipus jeung Sangkuriang. Nu hiji jolna tina mitologi Yunani, ari nu hiji deui tina mitologi Sunda. Cohagna teu parok jeung alam pikiran carpon Sunda harita, anu muih dina ulekan gaya réalis. Alam pikiran anu tangtuna sing sarwa kasungkeret ku logika carita.

Najan aya ungkara “moal kahartieun ku nu maca”, tapi ku sakitu gé cenah Godi geus gedé haté, lantaran carpon munggaranana kapeunteun ku papada pangarang ngora. Sarta kabuktian, carpon “Kalangkang Budah” dimuat ku majalah Manglé, dina nomer 643. “Kalangkang Budah” jadi carpon anu ditunda panghareupna dina buku Murang-Maring. Ieu buku kumpulan carpon téh medal taun 1985, ku pamedal Medal Agung, anu ayeuna mah geus robah ngaran jadi Geger Sunten. Eusina ngamuat salapan carpon, anu ditulis antara taun 1978 nepi ka taun 1985.

Saupama ngabandingkeun Murang-Maring jeung dua buku kumpulan sajakna harita, nyaéta Jagat Alit (1979) jeung Surat-Surat Kaliwat (1983), kaciri aya wanda anu patukang tonggong. Sajak-sajak dina Jagat Alit jeung Surat-Surat Kaliwat ditulis dina gaya anu konvénsional. Ceuk panganteur dina jilid tukang buku Surat-Surat Kaliwat, dina sajak-sajakna Godi téh “bangun nu resep ‘ngalengis’ saperti umumna rumpaka tembang Sunda. Ungkara sajak-sajakna kaasup basajan, babari karasa jeung kaharti. Bangun teu pati maliré sual-sual citra jeung simbul. Jigana cukup ku purwakanti baé”.

Ari dina carpon bet sabalikna pisan. Carpon-carpon Godi kaitung nalaktak, teu parok jeung kailaharan carpon-carpon Sunda harita. Geura baé tengetan kamandang Duduh Durahman dina panganteur buku Murang-Maring, “Godi Suwarna dina karya-karyana nu ieu lain baé ngaburak-barik cahara jeung palanggeran nulis carita pondok, di sagigireun éta deuih boh logika boh jenggléngan sarta ucap réngkak tokoh-tokohna gé dirakrak sakarepna…. Hayalna ngacacang ka mana-mana teu kawatesan ku mangsa, ku jaman. Teu kasengker ku alam katut kailaharan…. Galur carita, teu dipiroséa, logika boa di mana, nu ngalalakon kari ngaranna da watekna mah geus lain-lainna deui….”

Sakumaha anu didadarkeun ku Duduh Durahman dina panganteurna, maca Murang-Maring mah urang moal manggihan carpon anu ngaguluyur runtuyan galurna. Bubuhan carpon-carpon anu dimuat dina éta buku wangunna fragméntaris, sarta neueul kana kakuatan dialog katut déskripsi suasana. Bisa jadi kituna téh alatan pangaruh tina seni drama. Bubuhan harita di IKIP téh Godi keur meumeujeuhna segut néater, diluluguan ku Wawan Setiawan Husin. Malah produktip jeung nulis naskah dramana ongkoh, deuih. Nya teu matak hémeng saupama dialog dina carpon-carponna ogé loba anu karikatural. Upamana dina carpon “Gonjang-Ganjing”.

“Gedé pisan nya?”
“Kingkong téa kitu?”
“Enya. Jiga anu dina pilem!”
“Tapi naha teu ngaruksak nya?”
“Da lain dina pilem ieu mah!”
“Aéh heueuh nya!”
Nu dikepung ngayekyek dina munara. Batu nu kabeneran kasanggap dibalédogkeun deui ka handap. Nu di handap teu kaburu nyingcet da puguh heurin usik. Kapaksa sirah ngahédenan batu.
“Awas!”
“Bayangan! Bayangan!”
“Mundur! Mundur!”
“Mundur ka mana?”
“Ka mana? Ka tukang monyong!”
“Hésé!”
“Sakieu teu bisa hitut-hitut acan téh!”

Salian ti dialog anu karikatural, dina lebah déskripsi suasana deuih kuatna carpon-carpon Murang-Maring téh. Bleg baé adegan dina téater. Kituna téh bari direumbeuy ku ulin sora kecap. Upamana dina bagian bubuka carpon “Panjang-Punjung”.

Purnama nambaga beuleum. Langit hangit da katémbong bangun tutung. Di Kurusétra, peuting lir nu kahuruan. Tatangkalan ngarangrangan, diamparan halimun warna kasumba. Simpé. Dalah angin teu kadéngé haréwosna.

Sang Bargawa ngajega sisi talaga. Ragana disebrot sinar purnama, lir nu disiram getih. Galeuh waja ragana, teu teurak dirangsang mangsa. Ngajungkiring tanding gunung, nyeceb panceg maseuk bumi. Sang Bargawa nu kapaksa ngasruk jagat da sukma teu ngejat-ngejat.

Aya gagak ngagarapak, tina dahan kiara eunteup dina taktak Sang Bargawa. Sakadang Gagak ngagakgak, ngagakgak nyasaak jempling. Sang Bargawa bet teu usik teu malik, anteng nyawang purnama nu keur burahay.

***

Carpon-carpon anu nyampak dina Murang-Maring téh méh kabéhanana diraéh tina carita-carita nu geus nyampak. Sawatarana aya anu meunang ngadaptasi tina Baratayuda, kayaning carpon “Burak-Barik”, “Murang-Maring”, “Aswatamakurda”, jeung “Panjang-Punjung”. Aya ogé anu meunang ngadaptasi tina foklor dongéng. Contona carpon “Gual-Guil” (dongéng Si Kabayan), “Gonjang-Ganjing” (dongéng Lutung Kasarung), katut “Purwadaksi” (dongéng Kéan Santang jeung Prabu Siliwangi). Dina Murang-Maring, ngan ukur carpon “Stop! Stop! Stop!” anu enya-enya bisa disebut mandiri téh.

Najan raéhan, carpon anu ditulis ku Godi dina Murang-Maring téh ditapsirkeun deui luyu jeung kereteg pangarang. Sabaté baé mun eusina ogé geus teu matok kana babon aslina. Malah aya anu méngparna jauh pisan. Upamana dina carpon “Murang-Maring”. Da lain perkara Baratayuda anu dilalakonkeun téh. Tapi ngeunaan Pandawa Lima anu démonstrasi ka rahayatna, ku sabab rahayatna jadi pangedulan, balukar hirupna geus kangeungeunahan. Pandawa Lima beurang peuting tihothat ngurus nagara. Sedengkeun rahayatna api lain senang-senang. Rahayat jadi ménak. Ari pamaréntah kawas abid. Tibalik. Antukna Pandawa Lima unjuk rasa. Ku lantaran nagara medah-meduh téh kalah ngadoréksakeun para pajabat, ger baé sabilulungan sagala dihuru.

Pola injeuman saperti kitu téh kasampak ogé dina carpon “Gual-Guil”. Tokoh utamana si Kabayan. Tapi digambarkeunana ku pangarang minangka jalma anu nguluwut hésé imut-imut acan. Kituna téh lantaran awakna begang, nepi ka sok ditarelah si Régang. Sabada jeneng kuwu, kakara Kabayan bisa bungah seuri lantaran awakna ngagendutan, ladang tina ngagasab duit désa. Gambaran watek si Kabayan dina éta carpon éstuning teu matak lucu teu sing. Malah pikaijideun nu aya.

Anu kasebut tuhu kénéh kana babon aslina téh “Aswatamakurda” jeung “Panjang-Punjung”. Carpon “Aswatamakurda” ngalalakonkeun Aswatama, putra Resi Dorna, anu males pati ka Pandawa sabada Baratayuda lekasan. Ari “Panjang-Punjung” ngalalakonkeun Bargawa (Ramaparasu), satria titisan Batara Wisnu, anu nohonan takdirna kudu ijén jeung papada satria. Tug ka ahirna Bargawa adu hareupan jeung Sri Rama, satria titisan Batara Wisnu séjénna. Sarua jeung “Kalangkang Budah”, boh “Aswatamakurda” boh “Panjang-Punjung”, duanana ogé kaasup carpon anu neueul kana déskripsi suasana.

Dina Murang-Maring, kawasna carpon “Burak-Barik” anu kaasup pangékstrimna téh. Ungkara-ungkara dialogna kasar garihal. Ari eusina nyaritakeun pacengkadan antara Batara Wisnu jeung Batara Siwa. Wisnu jeung Siwa aduregeng alatan Baratayuda. Wisnu teu mikeun saupama jagat anu meunang ngurus ngahadé-hadé manéhna téh diruksak sakama-kama ku Siwa. Antukna Wisnu nékad ngarempak gurat takdir para déwata. Krésna, anu cék titis tulis déwata kudu gugur dina Baratayuda, ku Wisnu tuluy “disalametkeun”. Ngan kaburu kanyahoan mantén ku Siwa. Der baé éta dua batara téh paraséa. Jol Batara Brahma, ti batan nyapih bet kalah saruana. Antukna ger tiluanana jogol, nepi ka alam marcapada burakrakan.

Batara Brahma nyeuneu. Teu antaparah, Manéhna luncat narajang nu keur papuket. Kalayang, beledag! Tilu tanaga diaradu. Sorana ngaguruh lir réwuan gunung bitu. Tilu Batara paroho ka purwadaksi.

Di tegal Kurusétra, di jagat nu upluk-aplak, pirang-pirang wayang tingrarénjag kagebah dor-dar gelap tengah poé mentrang-mentring. Saréréa taranggah ka alak paul. Katémbong létah-létah seuneu ngalétakan langit. Beuki lila nu patingbeledag beuki rongkah meupeus-meupeuskeun dada, nyoplok-nyoplokkeun jajantung. Pirang-pirang wayang tingjarungkel dibuntang-banting lini dadakan. Pirang-pirang wayang carem diteleg lemah nu bareulah ngangkarawak. Pirang-pirang wayang disapukeun angin topan. Sakabéh pangeusi jagat taya nu manggapulia. Papastén pikeun jagat. Burak-barik….

Di langit perang rongkah antara tilu Batara nyorang babak panganggeusan. Tilu Batara geus méh béakkeun tanaga. Dina detik paméakan, tilu Batara ngawahan ngumpulkeun sésa tanaga. Kalayang. Geleger! Jagat amburadul. Langit bencar. Panonpoé beulah. Béntang-béntang maruragan. Tilu Batara ngageleger ninggang lemah. Tilu Batara ngababatang….

Sanajan dina lebah gaya mah patukang tonggong, tapi ari nilik kana jejer mah tétéla antara Jagat Alit, Surat-Surat Kaliwat, jeung Murang-Maring téh masih kénéh sarénghapan. Tiluanana pada-pada museur kana pasualan éksisténsi manusa dina nyanghareupan takdir jeung pati sapuratina. Carpon “Burak-Barik”, “Panjang-Punjung“, “Kalangkang Budah”, jeung “Aswatamakurda” kaasup nu ngawakilan sora éksistésialismeu Godi. Oposisi binér antara Gusti jeung mahlukna, anu ngawujud rélasi takdir, dina éta opat carpon digugat deui.

Dina “Burak-Barik”, aya dialog antara Batara Wisnu jeung Batara Siwa anu ngagambarkeun perkara éta. Basa Wisnu nganaha-naha kana talajak Siwa nu sakama-kama, Siwa tuluy ngajawab:

“Bisi silaing teu apal ruksakna jagat téh lain ngan ku leungeun déwék wungkul, euy! Malah ruksakna pisan mah nya ku talajak wayang-wayangna sorangan. Pangeusi jagat beuki dieu beuki nalaktak! Jagat beuki ruksak! Sebelna téh bet déwék kénéh, déwék kénéh anu katempuhan disalahkeun ku saréréa. Kaasup silaing, nya? Garoblog!”

Wisnu pok baé némpas:

“Wayang mah teu tuah teu dosa, euy! Mun enya gé naralaktak, kapan ngahaja sina nalaktak ku silaing, lain?! Moal usik-usik acan mun teu diusikkeun mah!”

Salian ti carpon-carpon dina Murang-Maring, saenyana aya hiji carpon Godi anu leuwih témbrés ngagambarkeun rélasi takdir antara Gusti jeung mahlukna. Judulna “Uwak-Awik”. Dimuatna dina antologi Sawidak Carita Pondok. Eusina nyaritakeun para wayang anu baruntak ka dalang, lantaran geus bosen haben-habenan diadu-adu diperangkeun. Bituna babaruntakan meneran pisan rék manggung. Atuh puguh génjlong. Der baé perang tutumpuran: wayang tina kai ngalawan manusa. Nu lalajo, hansip, sindén, nayaga, taya nu manggapulia dipérénan ku para wayang. Ukur dalang anu tagen kénéh téh. Dina adegan pamungkas, para wayang kabéh tumpur dicacar bolang ku dalang.

Analogi dalang-wayang mémang remen pisan dipaké ku Godi, boh dina sajak boh dina carpon. Malah dina carpon “Panjang-Punjung” mah sajak “Jagat Alit” –sajak kokojo Godi Suwarna– dicutat sagemblengna jadi ungkara dialog antara Sakadang Gagak jeung Sang Bargawa.

“Hareupeun kelir: Kalangkang-kalangkang wayang
Kalangkang usik-usikan, kalangkang dirobah obah
Ieu reundeuk reujeung igel, ieu tincak reujeung ketak
Pulang anting, pulang anting lebah dunya hideung bodas!” Sakadang Gagak ngahariring.
Sang Bargawa nyeuseup hawa. Hawa peuting sumarambah. Jero dada bet asa lega kacida. Sang Bargawa asa karék nyorang peuting nu éndah lir peuting ieu. Sang Bargawa nyidik-nyidik bulan. Ah, Purnama téh geuning bet ningtrimkeun diri. Padahal bulan nu éta kapan bulan nu kamari, malah nu bihari pisan.
“Dongéng naon nu rék midang? Dalang kawasa!
Aya raga nu tumamprak sanggeus campala noroktok
Sabot nungguan balébat, duh peuting ngajak ngalinjing
Rénghap ranjug, rénghap ranjug saméméh ajal ngolébat!” Sakadang Gagak anteng ngagalindeng.

***

Carpon-carpon anu dipidangkeun dina Murang-Maring téh bisa disebut panggung manusa anu kejem tur telenges. Énding unggal carita teu weléh surem. Malah remen dipungkas ku adegan riceuw. Duka kumaha Godi téh bet resep pisan nutugkeun carita ku suasana chaos. Dina carpon “Stop! Stop! Stop” upamana. Tina alatan parebut jalan, anu tarumpak kendaraan tuluy galungan di parapatan, dihucuhkeun ku Bupati jeung Patih anu parebut kakawasaan. Kitu deui dina “Gual-Guil”. Juragan Bupati, Juragan Camat, Juragan Wadana, jeung Kuwu Kabayan anu wareureu duit korupsi, awakna tuluy ngabeukahan kawas balon gas. Pung ngapung, ancul-anculan. Beledug bitu. Duit mancawura tina awakna. Tingkalayang. Rahayat paboro-boro, tug ka silih rewég silih kadék. Ari dina “Gunjang-Ganjing”, jalma-jalma anu embung ngaku ka Guruminda nepi ka kolu neregteg masjid maké mariem. Padahal sidik Guruminda téh karuhunna sorangan. Sabada Guruminda indit naék piring terbang, jalma-jalma tuluy silih paténi jeung papada baturna sorangan.

Carpon-carpon séjénna ogé teu pati géséh. Dina “Purwadaksi”, Olot Karis anu ngajanggélék lodaya Pajajaran ngerekeb jalma-jalma anu ngepung manéhna –kaasup Ki Lurah nu kasurupan Kéan Santang. Ari dina “Aswatamakurda” jeung “Burak-Barik”, apan sidik kasang anu dipakéna Baratayuda. Perang rongkah antara Kurawa jeung Pandawa, anu ngalibetkeun tokoh carita aya kana ratusna.

Tina jumlah salapan carpon, ngan ukur “Kalangkang Budah” anu teu kaambeu hangru getih téh. Bubuhan tibang ngalalakonkeun tepungna Oidipus jeung Sangkuriang. Laju ti dinya timbul paguneman antara duanana ngeunaan nasib anu karandapan. Tapi saenyana dina “Kalangkang Budah” nyampakna eruh Murang-Maring téh.

“Urang mah ngan cocooan déwa, Oidipus! Hadé kapaké lamun goréng dibalangkeun deui. Lamun bener urang ciptaan nu pangdipikanyaahna, naha maké kudu aya nasib goréng? Naha atuh lain nu hadé waé hancengeun urang téh?”

“Sangkuriang, hirup mah teu cukup ukur nganaha-naha. Naha kudu kieu? Naha lain kitu? Cilaka mun manusa ngajiret manéh ku hal sarupa kitu bari jeung teu tumarima kana milik!”

“Tumarima…?” Sangkuriang ngagakgak. Rikat Oidipus megat piomongeun Sangkuriang nu bangun rék ngajejeléh.

“Enya tumarima, dulur! Dasarna rasa tumarima téh nyaéta haté anu pasrah. Kuring percaya haté anjeun mah teuas lir batu karang nu déngdék kurang saimbang! Haté anjeun réa teuing déngdék ngénca! Padahal lamun saimbang, senang atawa susah tangtu bakal sarua karasana. Lir batu anu dipeclengkeun ka sagara, liput moal aya tapakna!”

“Saha anu geus nyiptakeun haté kuring nu déngdék téh, Oidipus? Lain meunang hayang kuring gubrag ka dunya téh!”

“Lamun sagala diteumbleuhkeun ka nu nyipta, na mana atuh tanggung jawab anjeun salaku mahluk hirup?

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda, serta dimuat di beberapa media massa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Bandung.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda, serta dimuat di beberapa media massa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Bandung.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.