Fb. In. Tw.

Pati dina Jagat Alit Godi

Basa mimiti nulis ieu artikel, dumadakan bet ras ka Albert Camus. Sastrawan tedak Prancis nu gumelar di Aljazair. Cénah, pikeun Camus mah anu disebut hirup téh ukur napak dina dua lolongkrang. Antara putus pangharepan jeung mancegkeun harepan. Mun hirup geus putus pangharepan, ngarasa diri geus taya hartina kumelendang di alam dunya, nya ka dituna naon deui lamun lain maéhan manéh. Hirup nu kosong, nya keur nanahaon bet kudu dikeukeuhan. Mending paéh baé sakalian. Kitu meureunan.

Tapi ceuk Camus, saéstuna hirup anu lir kanvas bodas téh lain hartina kudu diancurkeun. Tapi urang sorangan anu kudu ngagambaran. Néangan harti pikeun ngeusian hirup anu kosong molongpong. Kawas Sisipus anu saumur hirupna dihukum kudu nyunyurung batu ka punclut gunung. Tuluy batu téh ku kersaning Déwa digulutukkeun deui ka handap. Kitu jeung kitu. Tapi nya di dinya Sisipus manggihan hartining nasibna sorangan, anu kudu tanggoh ngayonan hirup. Mancegkeun harepan kana gurating takdirna sorangan. Hirup anu teu écés gunana -da bubuhan Pangéran sorangan teu nerangkeun keur naon saenyana urang hirup- diarahkeun, dieusian ku rupa-rupa harti. Najan angger saenyana mah hakékatna manéhna hirup téh teu leuwih ti ngadagoan pati. Maot téa. Sarua jeung nu kahiji.[1]

Mémang sawatara jalma béda-béda lebah nyawang jeung nyanghareupan pati téh. Kawas Meursault dina Orang Asing[2], upamana. Meursault nganggap yén pati téh hal nu biasa, anu tangtu kaalaman tur kudu sadrah ditarima. Éta hal katangen waktu manéhna nampa béja yén indungna tilar dunya. Aya deui nu nyawang pati téh ku cara séjén, kawas Godi Suwarna. Pikeun Godi mah pati téh teu bina jeung jurig nu unggal usik ngukuntit. Malah aya mangsana Godi ngarasa bakal téréh-téréh maot. Dicabut nyawa ngora-ngora. Teu weléh kumalangkang kitu dina ciciptanana.

Kasang suasana pikiran anu kawas kitu tétéla mangaruhan pisan kana sajak-sajakna dina Jagat Alit anu medal taun 1979, basa Godi umur tilu likur taun. Jagat Alit téh kumpulan sajak Godi anu munggaran. Medalna ku Rahmat Cijulang. Di dinya dimuat 45 sajakna. Ditulis sajeroning taun 1978.

***

Godi jeung pati téh lir sobat dalit. Sobat batur indit jeung balik. Saméméhna, Godi kungsi boga batur pakumaha anu kacida deukeutna: pamanna ti bapa. Nya milanceuk nya mibapa ka dinya téh. Cohagna, pamanna téh jirim anu kacida diidolakeunana ku Godi. Sabot keur deukeut layeut, takdir teu bisa dipungkir kadar teu bisa disinglar, pamanna titis tulis mulang ka Nu Maha Hiji. Nya ti dinya mimitina timbul jiwa baruntak dina diri Godi. Baruntak ka Pangéran anu ngulinkeun nasib manéhna.[3]

Teu semet dinya. Rasa dikukuntit ku pati téh terus hirup dina pikiranana. Malah Godi sok wakca, “asa capé hirup téh. Asa rék pondok.”[4] Ku lantaran éta, pamustunganana mah Godi sosobatan jeung pati. Taya deui nu leuwih deukeut jeung manéhna iwal ti pati. Malah moal boa lain ukur sobat. Tapi geus kitu tariking papasanganana. Lir Rama jeung Sinta dina pawayangan. Atawa lir lalaki jeung wanoja ngadahup di balé kambang.

Salian ti éta, perkara lianna nu mangaruhan kana karya-karyana, nyaéta tepungna Godi jeung kasenian Sunda, upamana wayang, tembang jeung kawih.[5] Dihenteu-henteu ogé, raketna Godi jeung seni téh mangaruhan kana kekecapan jeung imaji dina sajak-sajakna. Sasatna mah pola tembang katut lengisna nyerep jadi kekecapan nu murwakanti, jadi sora Godi nu liris. Pati, seni Sunda, jadi hiji beungkeutan imaji dina sajak-sajakna.

Nilik kana kekecapanana, diksi nu digunakeun dina sajak-sajak Jagat Alit mah teu minculak kawas dina carpon-carponna. Dina Jagat Alit, diksi-diksi sajak Godi téh kasebut basajan, gampang kahartina, tur kawilang konvénsional kénéh kawas sajak-sajak beunang pangarang séjén. Dina sawatara sajakna, kapanggih kénéh aya pilihan kecap nu kurang merenah larapna. Upamana dina sajak, “Kalakay I”, aya ungkara: Katineung nyangsang lebah pucuk ngémploh héjo/ Bongan kungsi pakait ramo jeung batin, dulur/ Di gebah ku polotot panonpoé: teu jadi kembang! Enya gé sajakna bérés, tapi lebah merenahkeun kecap mah karasa teu kurup. Pangpangna dina milih kecap “gebah” jeung “polotot,” karasa kurang merenahna téh.

Mémang kaharti mun kitu téa mah. Bubuhan sajak-sajak Jagat Alit téh minangka sajak-sajak nu munggaran ditulis ku Godi. Jaman keur ngalalanyahan dunya maca jeung nulis. Malah dina sajak-sajak awalna, Godi sorangan wakca, “balas éra paradah macaan sajak sorangan ratusan taun kalarung. Sajak jaman prasajarah. Mani hayang ngurak-ngorék deui ngarah pas jeung lelembutan”[6].

Tapi leupas tina pasualan éta, sajak-sajak Godi dina Jagat Alit téh kaitung kuat ku répétisi jeung purwakanti. Puguh matak genah kadéngéna. Upamana dina sajak “Jagat Alit”: Kalangkang-kalangkang wayang/ Kalangkang usik-usikan, kalangkang dirobah obah/ Ieu reundeuk reujeung igel, ieu tincak reujeung ketak/ Pulang anting, pulang anting lebah dunya hideung bodas.

Répétisi jeung purwakanti ngahaja dimunculkeun ku Godi pikeun nguatan eusi sajak-sajakna. Karasa lamun tembang Sunda téh gedé pisan pangaruhna. Sarta perkara ieu antukna jadi ciri has Godi Suwarna dina sajak-sajakna: ngagalindeng tur ngalengis.

Ngalengisna sajak-sajak Godi témbong dina imaji-imaji kecapna. Kawas pajaratan, terminal, parapatan, pamondokan, kalangkang, ringkang, rénghap, ajal, simpé, jeung haté. Di antara kekecapan nu kapanggih, kecap simpé jeung haté nu pangremenna muncul. Simpé aya 26 kecap, sedengkeun haté aya 30 kecap. Malah sakapeung kecap simpé téh diréntétkeun sina ngahiji, upamana “simpé rungseb kana haté“, atawa “simpé na jero haté.”

Lebah dieu, katara -sok sanajan teu bisa jadi ukuran- yén Godi téh anteb lebah neuleuman kasimpéna sorangan. Godi bangun ngajak dirina pikeun ngobét tur ngotéktak naon anu nyampak jeroning kalbuna. Salian ti éta, répétisi jeung galindengna sora kecap nu digunakeun dina sajak-sajakna, karasa matak geugeut. Simpé jeung haté, rénghap jeung ajal, atawa kalangkang jeung ringkang, lir sapasang imaji nu ngagambarkeun kaayaan romantis tur mélankolis.

Tapi romantis jeung mélankolis nu muncul dina Jagat Alit mah lain gambaran tina katineung ka hiji wanoja atawa ka alam priangan, saperti umumna nu ditulis ku panyajak Sunda séjén[7]. Romantis jeung melankolisna Godi mah nyaéta kana urusan pati. Buku Jagat Alit dibuka ku sajak nu judulna “Jagat Alit.” Sasatna mah ieu sajak téh minangka lawang sakéténg pikeun neuleuman sajak-sajak Godi satuluyna. Urang baca geura,

Hareupeun Kelir: Kalangkang-kalangkang wayang
Kalangkang usik-usikan, kalangkang dirobah obah
Ieu reundeuk reujeung igel, ieu tincak reujeung ketak
Pulang anting, pulang anting lebah dunya hideung bodas

Dongéng naon nu rék midang? : Dalang kawasa
Aya raga nu tumamprak sanggeus campala noroktok
Sabot nungguan balébat, duh peuting ngajak ngalinjing
Rénghap ranjug, rénghap ranjug saméméh ajal ngolébat

Kelir, wayang, dongéng, dalang, tangtu moal ka mana deui léosna. Éta kecap téh minangka atribut pagelaran wayang. Pikeun Godi, pagelaran wayang téh taya binana jeung pagelaran kahirupan di alam dunya: aya manusa, aya pangeran. Dua kutub anu papasangan. Manusa lir ibarat wayang, anu diusikkeun luyu jeung guluyurna guratan carita nu dijieun ku dalang. Wayang mah teu diwenangkeun apal kumaha lalakon hirupna, bubuhan sagalana kuma dalang nu kawasa. Kaasup perkara hirup pati sapuratina.

Palebah dieu, aya sora panyajak nu nganaha-naha kana urusan hirup, anu cék panyajak mah ukur pulang anting, pulang anting di dunya anu geus ditangtukeun hideung bodas-na. Katangén yén hirup téh pikeun panyajak mah minangka hal nu taya hartina, tapi angger kudu dilakonan; sanajan ukur nungguan balébat, sanajan tibang nungguan ajal ngolébat. Hal nu paradoks saenyana mah. Nganaha-naha, tapi dalah dikumaha kudu narima kana kadarna. Sidik katangen yén panyajak téh teu boga usaha pikeun ngalawan pati, anu hartina hirup téh kudu ditarima, sanajan dina ahirna kudu némahan pati. Duanana kudu ditarima kalawan lugina. Romantis ogé melankolis.

Sajak séjénna anu sakelir jeung “Jagat Alit” téh nyaéta sajak “Banténg Adu”, anu kailhaman tina lukisan banténg adu beunangna Popo Iskandar. Dina ieu sajak mah kahirupan manusa téh diibaratkeun kana ngadu banténg di pakalangan. Teu bisa nyingkahan takdirna, iwal ti terus nandonkeun nyawa. Kitu deui hirup manusa, teu walakaya nyingkahan takdirna. Malah dina sajak “Banténg Adu” mah digambarkeunana leuwih tragis. Titistulis geus kabaca saméméh prung/ Padungdung di pakalangan/ : Ngalungsar di pakalangan! Lebah dieu pati téh minangka hiji fénoména tragisna lalakon manusa, lantaran geus dituliskeun méméh manusa kumelendang ka alam dunya. Taya deui nu dijugjug ku manusa mah iwal ti pati!

Dina sajak séjénna, ditandeskeun yén hirup téh sasatna mah pikeun nemahan pati. Éta hal téh tandes dina sajak “Pajaratan.” Nilik judulna ogé geus kajudi, sajak téh léosna kana urusan pati. Pajaratan téh jadi tujuan mungkasna lalakon, jadi tempat pikeun ngurebkeun raga nu peuray jeung nyawa. Di dinya léngkah téh kandeg, dina taneuh beureum. Lamun raga geus mulang jeung nyawa geus miang, taya nu bisa nolak. Urang ukur bisa ngadu’a jeung ngawurkeun kembang luhureun pajaratan. Dina sajak “Pajaratan”, panyajak tandes nyoara, yén pati téh teu bisa dilawan ku sing saha baé ogé. Boh éta “nu tumamprak” boh éta “nu nolak” kabéh gemprah baris ngeusian pajaratan, lantaran pati téh lir congo péstol nu saban waktu ngincer nyawa. Palebah dieu ogé nyawa téh digambarkeunana minangka pamisah antara hirup jeung pati, nu watesna ipis lir “salapis kulit jeung daging.”

Hal nu sarua digambarkeun ogé dina sajak “Parapatan,” Lampu héjo: ngaberetek balap lumpat/ Paburisat pada-pada hayang gancang/ Paburisat ngudag lawang pajaratan. Pikeun panyajak mah parapatan téh lain sakadar tempat pangeureunan sakolébatan, tapi minangka tempat tepungna rupa-rupa kandaraan anu baris miang deui ka tujuan séwang-séwang. Ari nu jadi tujuanana, taya deui iwal ti lawang pajaratan.

Ngaliwatan sajak-sajakna, panyajak sadrah yén hirup di alam dunya téh taya lian pikeun nemahan pati. Malah pati téh sakapeung mah digambarkeun siga jurig nu nyiliwuri. Tara ieuh pipilih: rék nu ngora, nu kolot, awéwé, lalaki, présidén, atawa tukang béca, mun geus kajiret ku pati, maranéhna teu walakaya. Éta hal téh bisa katangén dina sajak “Papatong”. Pirang-pirang nu kajiret: Tingkerejet! cenah. Pati dina sajak “Papatong” lir ibarat ramat lancah nu ngajiret sing saha baé nu eunteup.

Pati dina sajak Godi gé digambarkeun minangka ésénsi anu teu wanoh jeung mangsa. Boa pati bakal datang mangsa urang keur lalampahan dina tanjakan, boa bakal datang mangsa lalampahan di jero beus muru ka terminal, atawa baris datang nalika keur genah diuk dina korsi goyang. Taya nu apal. Aya kalana pati téh digambarkeun lir ibarat beus nu ngabelesat, laju asup kana jungkrang: Boa ajal nu geugeut ngeukeuweuk setir/ Gas ditincak ngabelesat: Duh, jungkrang! (sajak “Beus Nu Panganggeusan”). Kalan-kalan pati téh digambarkeun sabalikna —tina sajak “Beus Nu Panganggeusan”— nyaéta lir ibarat gupay pileuleuyan beus panganggeusan. Kawas dina sajak “Nu Miang”: Aya nu gugupay ti péngkolan: Saha?/ Jungkrang nu ngalungkawing, atawa/ Simpé taya sasaha, taya sasaha.

Nilik kana sora jeung imaji pati nu nyampak dina sajak-sajak Jagat Alit, katangén yén pati dina sajak-sajak Jagat Alit téh karasa personil jeung intim. Dina harti, pati nu digambarkeun téh lain keur sasaha, tapi keur dirina sorangan —aku lirik. Perkara éta katitén ogé dina sajak “Titik Puseur,” Peso pangot/ Peso pangot luncat mulang niruk genggerong sorangan.

Pamungkas, sanajan pati téh minangka tragédi hirup-huripna manusa, tapi lain hartina pati téh jadi perkara nu kudu dipikasieun. Malah moal boa jadi hal nu dipikacinta tur kudu dianti-anti kalawan gumbira. Atuh sanajan hirup téh keur nanaonan, tapi nya teu nanaon urang lakonan baé.[]

[1] Albert Camus, “Yang Basurd dan Bunuh Diri,” dina bukuna Mite Sisifus: Pergulatan dengan Absurditas. Dimedalkeun ku Gramedia Pustaka Utama, taun 1999.

[2] Albert Camus, Orang Asing, Pustaka Obor taun 2013.

[3] Jurnal Dangiang No. I Taun 1999.

[4] Godi Suwarna, Blués Kéré Lauk, Geger Sunten 1992.

[5] Jurnal Dangiang No. I Taun 1999.

[6] Dina panganteur bukuna, Jiwalupat (2007), anu diterbitkeun ku Geger Sunten.

[7] pikeun babandingan kaumuman téma-téma panyajak Sunda, alusna maca ogé panganteur Ajip Rosidi kana buku Sajak Sunda (2007), terbitan Kiblat Buku Utama.

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

You don't have permission to register