Tina Jandéla Imah, Nyawang Buana Panca Tengah

820 820 Arif Abdilah

Dina sastra Sunda, kawasna karék Godi Suwarna anu bisa ngahirupkeun imah sapuratina jadi jenggléngan sajak. Éta hal némbrak dina kumpulan sajak Godi anu kaopat, Sajak Dongéng Si Ujang (SDSU, 1998). Ieu kumpulan sajak téh ngamuat 28 judul sajak. Ari anu dicaritakeunana nyaéta sabudeureun kajadian-kajadian nu lumangsung di imah, ngaliwatan tilikan si Ujang, tokoh utama dina ieu kumpulan sajak. Kajadian-kajadian anu saenyana mah mangrupa eunteung tina situasi amburadulna masarakat modéren. Kayaning kulawarga anu burakrakan, dékadénsi moral, tug ka pasualan korupsi.

Dina ieu kumpulan sajak, imah téh jadi jandéla pamiangan pikeun nyawang saniskara kajadian anu keur mahabu dina hirup kumbuh masarakat. Nya ti dinya kritik sosial téh dicaritakeunana, maké panénjo katut imajinasi si Ujang, budak umur 4 atawa 5 taun. Atuh lebah dituliskeunana jadi winangun sajak, mutuh matak kagugu ku polosna. Tapi di sisi séjén, singhoréng karasa matak ngangres ogé. Nya ku si Ujang, kaahéngan jeung kasahéngan dunya téh dicaritakeunana. Ku si Ujang ogé kaayaan imah sapuratina didongéngkeun ka balaréa. Ujang ngadongéngkeun kulawargana sorangan katut kumaha interaksi antar individu di jerona.

Minangka wawakil kana gaya jeung gagasan Godi anu saperti kitu, bisa katangén tina “Sajak Dongéng Si Ujang”, anu ogé jadi judul ieu kumpulan sajak.

Jaman ayeuna, aya hiji laut. Di laut nu ieu mah aya Gajah tunggang sapédah. Gajahna bageur pisan. Gajahna ngajakan ameng ka Ombak nu nuju nangis da disantokan waé ku lauk laut. Teras ombak téh bingaheun pisan. Teras ombakna surak ajrag-ajragan. Teras ombak téh diboncéng ku Gajah kukurilingan dugi ka lalieureun. Teras sapédahna tigubrag da nabrak parahu nu nuju colohok. Karunya, nya? Parahuna bancunur sami Ubur-Ubur. Parahuna nyeurieun pisan. Tapi Gajah sareng Ombak mah kalah garumujeng. Soantenna jejeleguran tarik pisan. Lauk laut rareuwaseun pisan. Teras lalumpatan ka basisir. Teras lalebet ka réstoran sipud. Teras nyarumput dina katél nu nuju ngagolak. Ayeuna mah Lauk Laut tos teu rareuwaseun deui. Da tos raraoseun pisan dikocrotan saos tirem. Ari Ombak hoyongeun eueut da capéeun atos sasapédahan. Ari Ombak eueut naon, nya? Ah, eueut cai laut wé naha da Ombak gé sedepeun ieuh. Énak? Gajah naros. Sedaaap! Saur Ombak bari teras teurab. Gajah ogé hoyongeun eueut da capéeun atos ngaboséh sapédah. Teras Gajah ogé eueut cai laut. Da Gajah mah gendut, laut ogé dugi ka saat dieueut ku Gajah. Ombak ogé séép da kaeueut ku Gajah. Teras Ombak téh nangis di lebet patuangan Gajah nu paroék sareng barau. Teras Gajahna ogé nangis da nyerieun patuangan. Teras patuangan Gajah téh bitu. Teras eusi patuangan Gajah muncrat kaluar. Aya dudukuy. Aya turis. Aya kolor. Aya kapal selam. Aya Amérika. Dina patuangan Gajah mah sagala ogé aya.

 (1996)

Ku saliwatan ogé karampa, dina “Sajak Dongéng Si Ujang” di luhur, Godi minangka aku lirik téh geus ngajirim jadi budak leutik. Lebah dieu, Godi geus jadi nu liyan. Godi geus lain individu Godi anu gulangkep jeung alam pikiranana katut pangalaman émpirisna, sakumaha anu remen kapanggih dina sajak-sajak saméméhna.

Gumelarna SDSU mémang teu leupas tina salah sahiji babak kahirupan Godi. Sabada ngadahup ka Rachmayati Nilakusumah, taun 1992 Godi dipercaya boga budak (deui), nyaéta Galia. Najan nalika medalna buku JA jeung SK Godi téh geus rumahtangga, tapi fénoména kulawarga can meunang perhatian dina sajak-sajakna. Godi mangsa harita leuwih réa nyukcruk jawaban-jawaban satukangeun hirupna pribadi jeung kahirupan anu keur dijalananana, tinimbang nyaritakeun onjoyna peran anu anyar minangka bapa. Sabalikna tina JA jeung SK, SDSU mah atra némbogkeun status Godi anu anyar minangka salaki sakaligus bapa.

Nya kasadaran éta anu satuluyna jadi gagasan Godi pikeun nyiptakeun ungkara nu nenggang dina SDSU. Parobahan kahirupan Godi jeung gagasan anyarna mangaruhan ogé kana gaya ungkara lirismeu Godi. Sabalikna ti sajak JA, SK, jeung BKL, dina SDSU mah éstu teu nyampak sama sakali gaya ungkara liris Godi anu ngagalindeng téh. Dina SDSU, gaya ungkara nu muncul téh nyaéta basa lancaran atawa basa prosa. Kitu deui hal-hal nu dicaritakeunana, geus leupas tina subyéktifitas émpiris pangarangna sorangan. Kituna téh teu ngan ukur nyampak dina sajak “Sajak Dongéng Si Ujang”. Tapi kum kabéh sajak-sajakna nu aya dina SDSU. Upamana dina “Sajak Si Ujang Eueut Kopi”.

Tos wengi pisan. Nanging teu tiasa bobo. Padahal cakcak tos bobo. Soang tos bobo. Kuya tos bobo. Maung tos bobo. Sadayana tos barobo. Béker kétah nu teu acan bobo téh. Jarumna teras-terasan ngagugahkeun angka-angka. Angka-angkana maroyég pasedek-sedek. Angka-angkana laluncatan kana méja. Angka-angkana ngawartosan potret Papap, supados tong ngasép waé margi kumis tos huisan. Angka-angkana teras nunjukan kalender nu marurag, muruluk kana écolak. Rupi-rupi geuning gambar kalénder téh. Aya gambar bumi. Aya gambar mobil. Aya gambar istri nanging sanés gambar Mamah. Sadaya kagungan Papap. Da sanaos nuju bobo Papap mah teu bosen-bosen ngempel ngempelkeun kalénder. ltuh, lauk gé teu acan barobo deuih. Barolotot kénéh baé di lebet akuarium. Aremam teu lirén-lirén. Lauk ageung ngudag-ngudag lauk alit. Lauk nu langkung aralit nyarumput di lebet guha nu poék teu kanéonan. Gembul pisan Si Papap gé. Boa-boa Si Papap, wargi lauk. “Keun baé! Keun baé!” saur Toké ngareureuwas. Can bobo geuning Toké ogé. Socana moncorong. Waosna ranggéténg. Bahamna pinuh ku getih. Dina patuangan Toké katingali aya cakcak, aya soang, aya kuya, aya maung. Tos jalegreg. Di lebet patuangan Toke nu burayut, katingali aya Uu, aya Aki, aya Enin, nuju nyanyi sasarengan Nélengnengkung! Néléngnéngkung! Geura gedé geura jangkung! Geus jangkung ulah ka Bandung! “Nu nyanyi teu lirén-lirén. Rupina mah Si Toké lapareun kénéh, da geuning teu acan bobo sanaos diayun ambing Sanaos atos burayut, Si Toké téh kutap-kétap kénéh baé. Béker ngésér sieuneun dicaluk Toké. nanging Tokéna mah haré haré, margi teu sedepeun béker. Peureum sakedap da sieun. Waktos beunta, Si Toké téh tos teu aya. Ih, potret Papap gé teu aya deuih. Moal kitu potret Papap diemam Toké burayut?

(1996)

Bawirasa dipilihna gaya ungkara nu prosais téh lantaran parobahan aku lirik Godi anu maké tilikan si Ujang téa. Sajak-sajakna anu ngaharib-harib kana wangun dongéng ogé milu mangaruhan kana kekecapan jeung ungkara anu leuwih prosais tur magis. Pamohalan ongkoh, teu asup akal. Kawantu anu jadi juru dongéng téh Si Ujang, budak leutik anu umurna kakara opat taun. Atuh imaji-imaji anu dihasilkeunana ogé leuwih liar, anu sakapeung mah séd saeutik ti ngocomang. Upamana dina “Sajak Gambar Si Ujang”.

Ayeuna urang ngagambar debus. Di dieu urang ngagambar bedug nu didamelna tina kulit toké. Engké, upami bedugna ditabeuh, soantenna téh tarik pisan. Tokééé! Tokééé! Tokééé! kitu saurna. Upami bedugna tos disada toké-tokéan, jalmi-jalmi ngaranggé kedok rupi-rupi. Aya nu sapertos londok. Aya nu sapertos oray. Ari seuseueurna mah nu sapertos monyét da sariga Aa. Sadayana teras jarogéd. Pépéréngkélan. Ari nu sapertos kuya mah teu jogéd. Ngadungkuk wé sapertos Mamah. Waktos nuju jarogéd, teras aya buta nyandak gegendir. Éta geuning Buta Kala anu manis-manis sombong téa. Teras jalmi-jalmi téh digendiran ku Buta dugikeun ka pareyé sapertos tai kotok. Nanging jalmi-jalmi téh garugah deui. Janten oray deui. Janten londok deui. Janten monyét deui. Janten kuya deui. Teras digendiran deui. Teras jaranten tai kotok deui. Teras garugah deui. Teras wé kitu dugikeun ka Butana ogé boseneun. Terasna mah Butana ogé ngiring jogéd wé bari hahah-héhéh. Atos jarogéd téh jalmi-jalmi lalapareun. Teras ngaaremam Buta. Ditambul wé dugikeun ka séép sareng cucukna. Tapi jalmi-jalmi téh lalapareun kénéh. Teras sagala diemam. Aya nu ngaemam cileuh. Aya nu ngaemam céngcéléngan. Aya nu ngaemam korsi. Aya nu ngaemam korong. Aya nu ngaemam leuweung. Sakitu tos sagala diemam ogé jalmi-jalmi téh kalaparan kénéh baé. Teras wé gambarna ogé diaremam. Tuh, keretasna ogé dugikeun ka séép kieu!

(1996)

Dina éta sajak, ungkara-ungkara anu sipatna pamohalan jeung ngocomang téh remen kapanggih. Mémang gaya ungkara lancaran dina puisi Sunda mah lain perkara nu anéh jeung anyar. Lamun seug nilik kana karya sastra Sunda saméméhna, aya anu disebut carita pantun. Najan carita pantun kaasup kana genre puisi, tapi ungkara anu dipakéna gaya ungkara lancaran. Urang bandingkeun geura jeung sawatara conto carita pantun:

Kocap di nagara gunung gurumbuh babakan balé salaka
Lamun papatihna sababaraha siki
Lamun pawang sababaraha urang
Ponggawana sababaraha urang
Ari anu jadi raha nyangking demang babudenda
Nyakrawati pancaniti
Nyaéta prebu dalem aria mundingkawati
Papatihna dua:
Jenengan anu kahiji patih kidang pananjung
Nu kadua patih radén gelap panyawang
Kokolot dayeuh panakawan batara ua léngsér

(tina Carita Pantun Mundinglaya Di Kusumah)

Pola tipografi nirbait dina SDSU téh lain hal nu anyar dina puisi mah —najan dina sastra Sunda mah kasebut anyar. Dina BKL Godi gé geus ngagunakeun tipografi nirbait. Ngan lebah ungkarana anu teu sarua jeung SDSU téh. Jauh saméméhna, dina sastra Indonesia, tipografi nirbait téh geus diwanohkeun utamana ku Afrizal Malna.

Tipografi sajak Godi téh kawasna kapangaruhan ogé ku pola tipografi Afrizal. Tapi saupama enya kitu, dina SDSU mah Godi téh boga gaya nu mandiri. Lebah tipografina maké wangun nirbait. Tapi ari lebah ungkarana maké wangun lancaran. Kasawangna, di hiji sisi angger napak dina tradisi Sunda buhun. Tapi di sisi séjén, tétéla eusina mah meleg-meleg nyaritakeun jaman modérn.

Pikeun sakuringeun, moal boa kumpulan sajak SDSU téh saenyana minangka akumulasi tina gagasan-gagasan jeung kaguligah Godi salila nyorang jagat sastra. Atawa sebut baé minangka bituna kaguligah Godi dina nyawang pasualan-pasualan anu remen kajadian atawa kasaksian ku inyana. Bubuhan dina SDSU mah urang geus moal manggihan ungkara-ungkara ngagalindeng anu liris. SDSU téh jadi pupunclut tina nalaktakna Godi dina nulis karya sastra Sunda.

Baca juga:
Defamiliarisasi Blues Kere Lauk: Tradisi jeung Modernitas Godi
Subjéktivitas Godi: Antara Hirup jeung Pati

Asakna Godi ogé katara tina kritik-kritik sosial-politikna. Kritik Godi dina SDSU mah katara leuwih témbrés, karasa, tur gembleng. Fénoména kulawarga dina sajakna teu ngan wungkul dipaké pikeun obyék kritik. Tapi ogé dipaké pikeun média kritik kana fénoména saluareun lingkungan kulawarga, saperti pamaréntah. Sok sanajan kitu, duanana ogé masih kénéh aya dina kondisi kakiwarian (aktual). Nya aspék ieu pisan anu jadi benang mérah antara BKL jeung SDSU téh. Duanana nyawang kondisi manusa kiwari, anu geus teu kapangaruhan ku wates-wates géografis. Lantaran “kabel-kabel” informasi geus pajuranteng ngahubung-hubungkeun jagat.

Kapunjulan Godi dina SDSU téh lain baé urusan tipografi jeung gaya ungkarana wungkul, tapi ogé lebah milih gagasan kulawarga minangka matéri dina sajak-sajakna. Sasatna mah kulawarga téh dipilih pikeun ngagambarkeun dunya nu lega. Anu aku lirik-na di répréséntasikeun ngaliwatan jirim si Ujang. Tina lingkungan kulawarga, ngaliwatan jirim budak, urang bisa nyawang rupa-rupa kajadian di alam dunya. Upamana baé perkara korupsi, anu kaunggel dina “Sajak Si Ujang Ogé”.

Di alun-alun aya air mancur. Caina teras wé mancer padahal nuju halodo. Sumur di bumi-bumi ogé tos gararing. Malihan Nini Imi mah tos teu tiasaeun nangis da socana panginten kaholodoan. Ayeuna mah tukang és tara daragang, da ésna ogé teu aya sareng sarieuneun Tibum deuih. Tapi da air mancur mah teras wé ngocor. Padahal solokan di alun-alun ogé saraat. Runtahna wé mani pagulung-gulung. Nini Imi sok mulungan botol di dinya, sakitu laleurna mani haréjo jabi arageung sami-sami Tentara. Sok seueuran nu arameng di alun-alun téh. Seueur barudak sakola. Seueur tukang és tapi teu nyarandak tanggungan. Seueur Tentara. Seueur laleur deuih. Nini Imi gé sok ameng di dinya. Sadayana raresepeun pisan ningali air mancur. Air mancur téh sok aya katumbirian. Tapi teu aya putri nu aribak di dinya, da panginten teu kéngingeun ku Tibum. Saé pisan air mancur téh. Komo upami wengi mah, da nganggé lampu. Caina tinggurilap. Aya nu sapertos cisoca. Aya nu sapertos és. Aya nu sapertos sirop. Aya nu sapertos getih. Aya nu sapertos késang. Nini Imi sok bingaheun pisan mun mendakan cisocana buburicakan di dinya. Tukang és sok susurakan da ningali seueur és na air mancur. Bagiii! Bagiii! Saur barudak sakola barang aya nu sapertos sirop. Tibum mah sok sarieuneun barang aya nu sapertos getih sareng késang téh. Duka ku naon. Ku margi halodo téa, seueur pisan nu haroyongeun eueut air mancur. Tapi teu kénging ku Tibum. Ari Tentara mah kénging da réréncangan Tibum. Saur Tétéh mah air mancur téh kagungan Bapa Bupati. Bapa Bupati mah seueur caina, nya? Panginten di bumina gé sumurna teu saat-saat?

(1996)

“Air mancur” dina éta sajak mangrupa simbol tina harta atawa sumber-sumber ékonomi. Nini Imi jeung tukang és minangka simbol tina rahayat. Ari tibum, téntara, jeung Bapa Bupati minangka simbol kakawasaan pamaréntah Ordeu Baru anu korup. Geus jadi rusiah umum, salian ti mahabu korupsi, kondisi ékonomi rahayat gé harita mah kacida waluratna (halodo). Patukang tonggong jeung “air mancur” anu ngagelenggeng, medah-meduh ku cai. Kawantu éta “air mancur” nu aya di alun-alun téh ladang meres tina késang rahayat. Nepi ka “air mancur” téh remen “tinggurilap” ku “getih” jeung “késang”. Ironisna, di mana rahayat butuheun pisan ku “air mancur”, bet teu bisa milu “eueut”, lantaran dicaram ku “Tibum”. Tapi ari “Tentara” mah bisa milu “eueut”, da cenah “réréncangan Tibum”. Dina pungkasanana, si Ujang ngabéjaan balaréa ngaliwatan tokoh Tétéh, yén nu boga “air mancur” téh Bapa Bupati. Ironis mémang, ari sumber ékonomi ti rahayat, tapi dipimilik ku pajabat. Malah “air mancur” nu dipimilik ku pajabat téh lain baé nu aya di alun-alaun, tapi ogé aya di bumina.

Kapunjulan Godi dina SDSU téh lebah gaya nulis jeung gagasan dina matéri sajakna. Anu ditulis ku Godi dina sajak-sajakna lain parabot-parabot nu jauh ti pangarangna sorangan. Éstu parabot nu deukeut, nyampak di imah. Tapi naon anu ditémbongkeun tina eusina, horéng ngajaul ka jauhna, ka dunya panca tengah, tempat rupa-rupa kajadian karandapan ku unggal manusa.

Minangka panutupna, urang deres “Sajak Si Ujang Jalan-jalan”.

Di jalan seueur mobil. Badé arangkat kamana ari mobil? Mobil badé arameng. Da ayeuna téh dinten Minggu. Mobilna harérang. Nu tarunggangna diaracuk saé. Sareng garumujeng baé deuih. Tapi teu sadaya badé arameng. Da aya mobil jenasah. Sirineu mobil jenasah jejeritan tarik pisan. Nu tarunggang mobil jenasah mah teu garumujeng. Nu tarunggangna narangis baé. Héy, naha atuh nganggé maot dinten Minggu? Janten wéh teu ngiring ameng! Kitu saur mobil nu badé ameng. Mobil jenasah mah teras wé nangis bari tidid-tididan, da jalanna hareurin pisan. Di caket parapatan, jalanna macét. Mobil pasedek-sedek. Teu tiasa maju. Macetna lami pisan. Sadayana kareseleun. Nu maot ogé keseleun panginten. Jabi panonpoé molotot baé deuih. Tukang dagang mah baringaheun upami jalan macet téh. Ramé narawiskeun daganganana. Aya nu dagang elap. Aya nu dagang bandéra. Aya nu dagang balon. Aya nu ngamén deuih. Sareng nu baramaén mani riab. Ku margi macétna lami pisan, nu tarunggang mobil téh lalungsur. Teras caralik sisi jalan bari barang emam. Nu dina mobil jenasah gé lalungsur. Nu maot na digarotong ka sisi jalan. Nu badé arameng sareng nu jarajap nu maot caralik handapeun tangkal. Nu dagang elap pajeng pisan, digaraleuhan ku nu jarajap nu maot, diangge ngelapan soca da narangis baé. Koraaan! Koraaan! Koruptor bunuh diri! Koruptor bunuh diri! Tukang koran gogorowokan. Bandéra pajeng. Balon pajeng. Parapatan janten sahéng ku nu jarajan, sareng ku nu narangis. Teras nu ngamen nyanyi lagu Sorak-Sorak Bergembira. Sadayana ngiring nyanyi. Bandéra dikebut-kebut. Balon diarapungkeun. Ramé téh![]

Pustaka Rujukan:

  1. Sadewa, Ujianto. 2016. religiositas-estetika-instalasi-dan-parodi-dalam-puisi-puisi-afrizal-malna-bagian-2. dimuat dina http://www.buruan.co.
  2. Suwarna, Godi.  Jiwalupat. Bandung: Geger Sunten, 2007.
  3. Rosidi, Ajip.  Mundinglaya Di Kusuma. Dipantunkeun ku Ki Atjeng Tamadipura. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan, 1986.
Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah
error: