Subjéktivitas Godi: Antara Hirup jeung Pati

820 821 Arif Abdilah

Kuring wayang nangtang dalang
Beurang peuting susumbar nangtang padungdung
Bari lali ieu réngkak ieu ketak manahoréng
Saban mangsa napak na bagedor takdir
                         – Godi Suwarna, “Surat Keur Opik di Pagerageung”

Basa keur diajar maca sastra Sunda, kungsi ngaderes carpon “Uwak-awik” beunangna Godi Suwarna dina buku Sawidak Carita Pondok. Carpon anu matak kerung panon dibarung ku ngaranjug jajantung. Malah pangnenggangna dibandingkeun jeung 59 carpon séjénna. Teu rék kitu kumaha, bubuhan nu dilalakonkeunana téh ngeunaan babaruntakanana para wayang ka dalang, lantaran geus bosen hantem-hanteman diadu-adu luhureun bagedor panggung, bari jeung wayangna sorangan teu kungsi ménta dikitu-kitu. Lebah pamungkasna, sanggeus wayang ngamuk nguwak-ngawik ka saban jalma, dalang laju mesat gobang. Kabéh wayang anu baruntak téh béak dicacag dicacar bolang. Teu mangga pulia pisan!

Sidik ari caritana mah wungkul imajinasi. Pamohalan kajadian dina kahirupan nyata. Tapi tangtu teu sagawayah Godi ngumbar fantasi perkara éta. Moal boa saenyana eunteung tina kumaha baruntakna jiwa Godi ka Pangéran. Saluyu jeung padalisan sajak di luhur, Kuring wayang nangtang dalang/ Beurang peuting susumbar nangtang padungdung. Jeung sidik deuih, di dinya horéng aya kasadaran ‘aing minangka wayang’ nu kudu sagemblengna jadi wayang. Atawa lamun dihartikeun saujratna: kasadaran ‘aing minangka jalma’ anu kudu sagemblengna jadi jalma. Kasadaran anu ceuk paham éksisténsialismeu mah kudu nyampak di unggal manusa. Sangkan bisa tanggung jawab kana kahirupanana sorangan.

Éksisténsialismeu téh hiji paham filsafat anu mosisikeun éksisténsi manusa saluhureun ésénsina sorangan. Bubuhan da manusa mah cenah aya heula (ésénsi). Karék ka dituna nangtukeun ketakna (éksisténsi). Ceuk Sartre mah éksisténsi manusa téh raket patalina jeung subjéktivitas manusa. Dina hiji sisi, subjéktivitas manusa téh bisa dihartikeun ogé minangka kabébasan subjék-subjék individu pikeun nyieun talajak anu kumaha baé. Tapi di sisi séjén, manusa moal bisa ngaleuwihan subjéktivitasna sorangan minangka manusa. Dina harti angger kabébasanana minangka manusa téh kawatesanan ku kamampuhna sorangan1.

***

Surat-surat Kaliwat (saterusna disingget SK), minangka kumpulan buku sajak Godi nu kadua. Medalna taun 1983 ku Medal Agung. Tapi cék béja mah méméh SK lahir téh aya hiji buku nu judulna Urat-urat Kawat. Ngan hanjakal naskahna ilang tanpa karana méméh brol jadi buku2. Buku SK ngamuat 34 sajak, anu kabéhanana ditulis dina taun 1983. Dina sajak SK, kabéh sajakna winangun surat —maksud téh dijudulan ku kecap “surat”, anu ditujulkeun ka individu-individu nu dipikawanoh ku Godi, anu réréana mah sarua pada-pada seniman. Salian ti keur para seniman, sajak-sajakna ogé aya anu ditujulkan ka tokoh-tokoh nu hirup dina carita tradisi Sunda. Upamana Citrarésmi, Ékalaya, Kumbakarna, Resi Bisma, jeung Mundinglaya. Aya ogé anu jolna ti ngaran-ngaran patempatan, anu kawasna kungsi kasaba ku Godi.

Nilik kana éstétikana, kumpulan sajak SK téh teu pati géséh jeung buku kumpulan sajak JA. Dina harti sarua teu minculak, basajan, gampang kaharti, tur konvénsional kénéh3. Kitu deui, pasualan répétisi jeung purwakanti dina sajak SK, masih kénéh kapangaruhan ku wangun tembang jeung kawih. Upamana dina sajak, “Surat Keur Tisna Sanjaya”.

SURAT KEUR TISNA SANJAYA

Horéng anjeun Gatotgaca nu keur gandrung
Ngalanglayung basa aya panah Ratih
Parat niruk hulu kalbu

Basa anjeun kumalayang
Keur ngalanglang layung kuning
Sukma horéng humarurung
Micangcam kembang katineung

Nya anjeun lalaki langit
Nyangsang di jomantara
Nungguan bulan rumekah
Diayun-ambing galindeng asmara

Ayun ambing indung peuting, ayun ambing
Ngayun ambing lalanang jagat nu gandung
Ayun ambing bulan kuring, ayun ambing
Diayun ambing nu mitineung imut kembang

Hibar bulan! Hibar peuting! Hibar jagat!
Tapi rasa geuning bet dikepung peteng
Raga nu cenah digjaya, dulur
Rangsak teu sakara-kara!

(1983)

Gaya ucap répétisi dina ungkara “ayun ambing indung peuting, ayun ambing”, kawasna mangrupa pangaruh tina gaya ngarajék dina tembang Sunda. Sanajan lebah éstétika mah ampir saules, tapi aya anu béda dina sual makéna kecap. Dina SK mah Godi téh geus langka maké kecap-kecap kayaning kalangkang, ringkang, rénghap, ajal, simpé, jeung haté, anu nuduhkeun kasimpé katut kamarudahna sorangan4 . Ungkara-ungkara dina SK mah karasana leuwih terbuka. Aku lirik dina sajak-sajakna geus mimiti nyawang kana kahirupan di luareunana.

Cindekna, dina SK mah aku lirik téh lir mimiti sadrah narima kana sugrining peristiwa anu ngalibetkeun dirina jeung jalma-jalma di sabudeureunana. Éta hal téh katangen ogé tina sajak-sajakna anu maké judul kecap “surat”. Enya, apan ari surat téh mangrupa salah sahiji média pikeun dialog jeung nu séjén. Nya lebah dieu, Godi téh bangun nu geus sadar tur sadrah kana kaayaan diri sorangan. Kasadaran anu saterusna ngajurung Godi pikeun jadi bagian ti hirup kumbuh balaréa.

***

Saupama nilik kana judul-judul sajak SK, gurat badagna mah bisa dibagi jadi dua bagian. Kahiji, anu ditujulkeun ka individu-individu anu dipikawanoh sacara pribadi ku Godi. Nu kadua, sajak-sajak nu ditujulkeun ka Godi, ti sawatara ngaran-ngaran patempatan anu kawasna kungsi kasaba. Éta hal téh katangen tina kecap anteuran dina judul-judul sajakna, nyaéta “keur” jeung “ti”. Sarta lamun nilik kana eusina, duanana ogé némbongkeun kelir anu béda. Sajak-sajak surat anu ditujulkeun ka jalma-jalma sabudeureunana, eusina perkara hirup jeung kahirupanana. Sedengkeun sajak-sajak surat anu ditujulkeun ka dirina, anu dicaritakeunana téh perkara pati.

Sajak panjang “Surat Keur Aki Caraka” di handap bisa dipaké pikeun némbongkeun pulas anu kahiji:

SURAT KEUR AKI CARAKA

I
Lantaran langit geus hangit
Kuring nulis surat sajak, Aki
Meungpeung langit tacan runtuh
Kuring rék nataran rasa

II
Ieu haté, haté kuring banget melang
Basa urang rék anjog ka tungtung abad
Saban lilir gunjang-ganjing jagat urang
Unggal beunta dikepung sihung kabingung

Surat kabar bacacaran
Manglaksa aksara ngaranjah mata
Béja teu ganti carita:
Ti getih ka getih, bedah
Caah amarah rongkah
Ngalabrak lemah
Parejah dada sasama!

III
Tuduhkeun talaga liuh, Aki
Paranti Nyi Putri mandi
Ku hayang kuring silanglang
Nyingkah tina kahariwang

Di mana handeuleum sieum, Aki
Kuring hayang nunda raga
Ieu sukma rék lunta saheulanan
Nilar tetelar kaketir

Di kebon entéh nu mana, Aki
Ieu kuring rék patepung jeung Sripanggung
Kagembang kuring ku hayang
Duaan bareng ngalayung!

IV
Girimis di lembur kuring, Aki
Meureun cisoca pohaci
Nu ngalanglang leuwi tonjong
Di walungan nu awor reujeung warangan

Di ditu, di tengah sawah, Aki
Teu katémbong bukaupih
Paré rangsak disasaak cakar wereng
Paila ngincer genggerong
Balilihan lemah léndoh

Sabot kuring maca carita Néangan
Miripis citangis langit
Lumengis batin awaking

V
Dor-dar gelap salah wayah
Kacipta raga burantak, Aki
Buana ngasumba ligar
Gumuruh samadhabpapat
Ngabebela létah agni, Aki
Ngalétakan jomantara

Aya mongkléng tengah poé éréng-éréng
Hujan batu, hujan lelebu walirang
Nu jumerit parat niruk sanubari
Aki, srangéngé nyumput di mendi?

VI
Durjana ngagadabah lemah éndah
Duratmaka ngagalaksak bandawasa
Gunung bati humarurung, gering
Ngagulidag cileuncang ngaranjah hilir

Nu kiruh ti girang kénéh
Lecekna ka hilir-hilir

VII
Haréwosan ieu kuring, Aki
Jampé ludeung nyorang mangsa
Hayang teuneung nyorangan nyorang bayeungyang

Karasa pisan, anu disawang ku Godi dina éta sajak téh lain perkara dirina wungkul. Tapi ogé jeung kasangsaraan anu kaalaman ku balaréa. Godi geus mimiti muka dirina pikeun nalingakeun jeung niténan kajadian-kajadian nu tumiba di lemah caina. Kajadian-kajadian anu teu pikangeunaheun, malah matak marudah kana haté. Di lemah caina sorangan, Godi kudu nyaksian “walungan nu awor reujeung warangan”, “paré nu rangsak disasaak cakar wereng”, “paila ngincer genggerong” jeung sajabana. Dina sawangan Godi, dunya anu dicicingan ku manéhna téh keur nandangan tunggara anu pohara rongkahna. Da cenah, “Dor-dar gelap salah wayah”, “Ngabebela létah agni”.

Palebah dieu katangen kasadaran Godi kana tanggung jawab kamanusaanana. Godi geus teu ngeukeuweuk kamarudah perkara hirupna sorangan. Éta kasadaran téh atra dina pamungkas sajakna, anu némbongkeun subjéktivitas Godi.

Haréwosan ieu kuring, Aki
Jampé ludeung nyorang mangsa
Hayang teuneung nyorangan nyorang bayeungyang

Kasadaran kana hirup jeung huripna katémbong ogé dina sajak anu judulna “Surat Keur Umar”.

SURAT KEUR UMAR

Boa dunya ukur kanpas
Dipasieup warna-warni garis takdir

Bruy beureum bray bodas
Sisi kanpas dilukis nu keur padungdung
Bru biru bréh konéng
Sisi séjén digambar nu kalaparan
Aya kembang aya kumbang
Aya peurih aya getih
Aya gurat suka
Aya gurat duka
Tingarudat

Kang,
Lamun jagat lukisan suréalistis
Ka saha rék dipamérkeun?

(1983)

Dina ieu sajak, Godi geus leuwih sadar kana dirina minangka manusa. Éta hal katangen dina usaha Godi nyaliksik kanyataan hirup di alam dunya. Kanyataan-kanyataan dunya nu pinuh ku kalaparan, pinuh ku getih. Kanyataan dunya nu katalangsara dilukiskeun dina kekecapanana. Malah dina pamungkas pada, Godi sadrah bari nyawang bakal kumaha kaayaan alam dunya satuluyna, saperti dina ungkara “lamun jagat lukisan suréalistis/ ka saha rék dipamérkeunana”. Dina sawangan Godi, kanyataan dunya nu réalis ogé geus sakitu katalangsarana. Angot ieu suréalis, boa pisakumahaeun teuing ka hareupna.

Kasadaran mosisikeun manéh minangka manusa anu kudu tanggung jawab ka dirina, katémbong ogé dina sajak surat anu ditujulkeun ka Tatang Sumarsono.

SURAT KEUR TATANG SUMARONO

Teu weléh diburu waktu: Urang
Taya bosen ngukuntit sugan
Ah, boa di itu péngkolan, Tang
Aya ajal meureun keur nungguan urang

Lain késang, boa getih, Tang
Ngagarajag mangsa digarang srangéngé
Tapi urang kudu tanggoh tuluy nikreuh
Najan ukur ngukuntit kalangkang gagak

Terusna kumaha teuing
Ketak urang di jagat nu keur pasiksak

Sanajan hirup téh ukur kanyataan anu matak peurih, cenah “Tapi urang kudu tonggoh tuluy nikreuh/ najan ukur ngukuntit kalangkang heulang// terusna kumaha teuing/ ketak urang di jagat nu keur pasiksak”.

Ayana rupa-rupa kajadian nu kaalaman jeung katénjo, antukna muka kasadaran Godi pikeun leuwih terbuka, pangpangna lebah neuleuman deui dirina minangka bagian tina hirup kumbuh balaréa. Tapi sakapeung naon anu kaalaman jeung katénjo téh kalah matak ngaraheutkeun haténa. Tuluy ka dituna Godi milih kabébasanana minangka subjék individu pikeun baruntak ka Nu Nyiptakeun alam dunya, saperti dina sajak nu ditujulkeun ka Opik di Pagerageung.

SURAT KEUR OPIK DI PAGERAGEUNG

Kuring wayang nangtang dalang
Beurang peuting susumbar nangtang padungdung
Bari lali ieu réngkak ieu ketak manahoréng
Saban mangsa napak na bagedor takdir

Kuring wayang nu hayang maténi dalang
Unggal detik ngimpi ngusak-ngasik kotak
Padahal mah ieu raga ieu sukma, geuning
Geus diuger di jero gelebeg jagat

Duh, juringkang kuring, ringkang nu linglung

Kuring nu kiwari ditalikung ku Ki Dalang
Beurang peuting awak béak disasaak
Najan ati disiksik sasewik-sewik
Sadaya-daya da geuningan ieu raga taya daya!

Najan enya Godi di dinya “nangtang dalang”, tapi saluyu jeung kamandang Sartré téa, manusa mah moal bisa ngaleuwihan subjéktivitasna sorangan. Kitu deui Godi. Sanajan bébés nangtukeun kétakna, tapi Godi teu bisa ngaleuwihan kabébasanana, nyaéta pikeun ngalawan atawa maténi dalang (baca: Gusti). Kecap “kuring” anu dipaké di éta sajak nandakeun yén Godi teu bisa ngabébaskeun manéh tina subjéktivitasna. Padahal sagédéngeun kecap “kuring”, aya kecap “aing” anu karasana leuwih éksistén. Salian ti éta, pada pamungkas leuwih atra digambarkeun kateudayaan Godi: teu bisa ngaleuwihan takdirna sorangan minangka manusa. “Sadaya-daya da geuningan ieu raga taya daya!”

Baca juga:
Pati dina Jagat Alit Godi
Luang tina Miang

Tapi aya deui pilihan séjén anu bisa dicokot ku Godi, nyaéta jalan pati. Batan kudu saendeng-endeng nandangan kapeurih, batan lana kudu nandangan katalangsara, tétéla ajal téh jadi hiji jalan pikeun ngabérésan sagalana. Éta hal katémbong dina sajak-sajak nu ditujulkeun ka manéhna. Sajak-sajak anu jolna ti tempat-tempat anu kungsi kasaba. Upamana dina sajak “Surat ti Indramayu”:

SURAT TI INDRAMAYU

Humaregung geuning kuring nu keur gering
Nyangsaya antara tibra jeung beunta
Patémbongan, geuning, kalangkang raga
Ka tukang-tukang

Di dieu sabot ruménghap
Satitik-satitik ieu getih, geuning
Disadap tina jajantung

Reungit nu sahéng ti puseur mongkléng
Mangnepikeun haréwos malakal maot

Teu walakaya: nganti janari
Milang detik ku kamelang
Kalangkang, duh, boa isukan paturay
Ninggalkeun kurungan raga

Kanyataan alam dunya dina sawangan Godi mah geus teu matak tingtrim deui. Tapi Godi teu bisa walakaya, teu bisa nyingkahan sagala rupa panéka. Kamarudah lantaran rereged hirup, katut kajadian-kajadian nu karandapan ku dirina atawa nu tumiba ka balaréa, éstu matak capé haté. Tug ka sakapeung mah aya pikiran leuwih hadé geuwat-geuwat titirah pikeun nyirnakeun rurubed dunya. Anu moal boa jalan pati téa. Éta hal katangen ogé dina sajak “Surat ti Paténggang”.

SURAT TI PATÉNGGANG

I
Rék anjog ka lebah mana
Ieu raga nu hayang geura nyangsaya
Basa léngkah dikepung halimun gunung
Kumarayap kasarung di leuweung peuting

II
Reg ngarandeg léngkah kandeg
Di dieu, di sisi talaga wening
Cunduk raga ku cundukna
Sukma ngambang kumacacang

Antara nu sukan-sukan
Antara nu keur ngariung durukan
Ieu rasa teu wasa genah bumetah
Simpé haté ngukuntit ti barang indit

Taya deui jalan, hirup wuwuh geus dikepung halimun gunung, kasarung di leuweung peuting, nya ka mana deui lunta, iwal ti nyangsangkeun raga. Kasusah, kabingung, kapeurih, kasangsaraan anu tumiba ku Godi jeung papada manusa, taya deui kabébasan anu kudu dipilih salian ti kabébasan pikeun nyokot jalan pati. Jalan pilihan sangkan bisa tingtring, ngahenang-ngahening di alam paweningan.[]

  1. Sartre, Jean Paul. 2002. Eksistensialisme dan Humanisme. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.
  2. il. Setiawan, Hawé. 2017. “Mati di Jagat Godi”. Dina Tanah dan Air Sunda. Depok: Penerbit Api Kecil.
  3. baca ogé “Pati dina Jagat Godi”, dina Buruan.co.
Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.