Luang tina Miang

820 820 Zaenal Abidin

Nunu Nazarudin Azhar (anu saterusna ditulis NNA) kungsi medalkeun buku kumpulan sajak  Topéng Keretas (Elisa Dwitama, 2008) jeung Ngabungbang (Geger Sunten, 2012). Lalakon ngajak maké Topéng Keretas bari tuluy Ngabungbang sigana can tuntas, lantaran pamaca diajak sangkan Miang (Langgam Pustaka, 2017)1. Buku kumpulan sajak anu dilélér hadiah Sastra Rancagé 2018 ti Yayasan Kebudayaan Rancagé. Pangajén Hadiah Sastra Rancagé tangtu miboga timbangan dina hal ngajén karya nu dibukukeun. Punjulna ieu kumpulan sajak di antarana lebah titik pamiangan anu napak tina alam agraris jeung telebna kaguligah pangarang dina niténan alam kiwari.

NNA pituin urang Tasikmalaya. Lahir di Salawu, kiwari nganjrek di Tamansari, Tasikmalaya. Tulisanana mangrupa carpon, sajak, éséy jeung naskah drama, karangan basa Sundana dimuat dina Kujang, Galura, Pikiran Rakyar, Tribun Jabar, Kabar Priangan, Manglé, jeung Cupumanik. Kiwari jadi redaktur Kabar Priangan anu réa sumebar di Ciamis jeung Tasikmalaya, mangrupa salah sahiji grup Pikiran Rakyat (Azhar, 2017, kc. 77).

Dina Miang, pamaca bakal diajak ngundeur kaludeng atawa ludeung ngalakonan hirup. Kasampak dina jilid ieu buku mangrupa gambar panto pulas héjo anu dipaésan ukiran warna hideung. Panto jadi kasang pikeun tulisan MIANG jeung Nunu Nazarudin Azhar anu ditulis warna bodas nyacas. Desain jilidna beunang NNA tambah neleban jalan pikeun miang nya éta ngaliwatan lawang panto. Kasangna warna héjo ngécéskeun eusi sajak-sajakna anu dalit nyaritakeun alam agraris. Jilid tukangna ogé pulas héjo dibubuhan endorsement ti Dr. Téddi Muhtadin nu unina: Sok sanajan sajak-sajak Nunu ngahulu wotan ka alam agraris, tapi Nunu lain patani/panyajak nu jumud. Tapak bacaan katut wawasanana lega, tur katitén dina karyana. Kadariaan karancagéan, kajembaran, katut kacerdasan Nunu dina ngolah sajak-sajakna ngalantarankeun inyana jadi panyajak Sunda anu nyongcolang.

Upama sapuk kana kamandang di luhur, tina 70 sajak tangtu perlu milah jeung milih sajak-sajak anu punjulna, dumasar tapak bacaan (référensial) jeung sajak anu dialaman langsung (émpiris). Niténan kasang tukang pangarang anu sapopéna idek liher jadi redaktur Kabar Priangan, hartina sajak-sajak anu raket patalina jeung istilah tatanén mangrupa tapak bacaan. Dina sajak Lahan Tatanén anu eusina kalan-kalan hareupaneun/ ukur nu kadongkang doran/ leutak dina dedek kesang/ buahna paré saendan// usum nyambut bijil kecap/ tandur jadi sakalimah/ ngarambét miara ucap/ gacongeun nu ngajak conggah//. Katitén dina ngolah ieu sajak hasil kadariaan, karancagéan, jeung kacerdasan. Tapi pakasabanna ogé nyampak dina ungkarana aya kecap jeung kalimah. NNA anu gawé jadi redaktur tangtu teu leupas tina urusan kecap jeung kalimah.

Sedengkeun sajak NNA anu punjul lebah émpirisna nya éta sajak anu dalit ka pribadi jeung pakasabanna. Sababaraha judul sajakna kapanggih ngaran anak jeung pamajikanana saperti sajak Dongéng keur Jovin, Prajna, atawa Keur Ima Komala Déwi, 1 jeung Keur Ima Komala Déwi, 2. Salian ti éta, sajak anu judulna Tamansari ogé bangun hirup tina émpirisitas pangarang ngarékam tempat matuhna. Rohang anu dimunculkeun bangun ngahudang sangkan bisa leuwih wawuh ka pangarang.

Panto-panto nu ngahubungkeun ka rohang-rohang imaji ogé bakal muncul upama maca jeung neuleuman eusi sajak-sajakna. Miang asalna tina kecap iang nu ngandung harti indit nyaba, indit ngumbara, atawa indit ka pangbuangan. (Danadibarata, 2009)2. Upama asup ka salah sahiji rohang ngaliwatan maca ieu buku. Éta rohang bakal réa pantona. Ngandung Harti raket pisan patalina jeung interpretasi pamaca nu teu saukur hiji. Tapi panto-panto nu katutup bangun nyambungkeun ka rohang-rohang séjénna.

Salian ti éta, rohang-rohang anu katara dina sababaraha judul sajakna nya éta Pamiangan, Tungtung Lembur, Lémbang, Pakarangan, Wates Dayeuh, Jalan, Nu Ngalukis Katumbiri, Kebon Entéh, Tamansari, Lunta, Pasampangan, Ingkah, Hujan di Cikukulu, Nu Katarima ku Haté, Di bangku Stasion, Tutunggul, Sakuringeun, Demi Mangsa, Di Hiji Tempat nu Biasa, Ngalantung, Sungapan, Potrét Diri, Ranggeuman Jempling, Sapasang Panon, Situ Bojong, Solilokui, Janari, Bulan, jeung pangbalikan. Hartina rohang anu posisina aya di luareun imah. Imah lirik lain ngandung harti ukur imah sahinasna atawa hiji wangunan, sabab leuwih dina sajakna imah lirik nya éta kurungan atawa awak manusa sorangan. Lebah dieu rohang Miang mibanda sababaraha panto interpretasi nu moal kapaluruh ku maca sahinasna.

Dina kaca munggaran judul sajakna Pamiangan. Padalisan kahiji di buruan pangbalikan/ nu melak ngunder kaludeung/ pucuk lawung/ kembang luang/ ku sok matak barieukeun/. Pangarang ngahadirkeun kecap buruan atawa palataran hareupeun imah. Ngunder ngandung harti ngalasan atawa ngala anu sasarina dibasakeun keur ngala pupucukan atawa dangdaunan. Tapi lantaran kaludeung anu diala hartina pamiangan téh taya lian ti ngumpulkeun kaludeung. Tapi hasilna bet matak barieukeun atawa teu kapanggih naon anu ditéangna. Salawasna upama urang ngalakonan hiji hal can tangtu bakal panggih jeung udagan. Rohang anu diasupan nya éta rohang kasadaran sangkan tumarima kana kadar jeung papastén.

Rohang kasadaran atawa éling ka alam agraris anu perlu dirumat ogé nyampak dina sajak NNA. Pangaruh tina kaguligah pangarang kana kaayaan alam anu ruksak, jlug-jlegna wangunan anu neleg lahan tatanén bangun jadi kahariwang pangarang. Upama lahan tatanén euweuh dikieuna bakal leungit istilah-istilah tatanén, nya tarékah ngajagana kujalan ngasupkeun istilah tatanén dina sajak-sajakna. Bakal réa kecap anu leungit saumpama lahan pasawahan kasilih ku wangunan. Kapanggihna kecap doran, leutak, nyambut, tandur, ngarambét, jsb. Mangrupa hiji tarékah ngajaga kabengharan kecap dina basa Sunda.

Ngaliwatan sajakna ogé pangarang ngajak miang ka rohang sangkan éling (sadar) ka pangéran. Asup ka rohang kasadaran bakal mulang deui ka Nu kawasa. Sajak anu judulna Pucuk Paré ngécéskeun mahluk anu hayang panggih jeung pangéran ku cara gugupay ka langit. Eusi sajakna nya éta pucuk paré/ (mangrupa) réma-réma duriat/ (nu) ngagupay/ anggangna langit//. Pucuk Paré métapora tina mahluk hirup nu ngagupay anggangna langit, langit nu pinuh ku misteri raket pisan patalina jeung Nu Maha Kawasa. Rohang anu muncul nya éta rohang kasadaran antara mahluk jeung pangéran-Na. Lalampahan mahluk dina hirupna tangtu ukur ngamalir di jalan anu ditakdirkeun lir rincik cai solokan. Ieu diécéskeun dina pada kadua sajakna nya éta rincik cai solokan/ sorana /anteng mairan/ pangbagéa/ di sapanjang lalampahan//.

Baca juga:
Puisi dan Histori bagi Sinta Ridwan
Bahasa Puisi Mutia Sukma

Miang ogé tara leupas tina jalan anu dijadikeun judul sajak anu unina kieu jalma-jalma/ jeung takdirna/ séwang-séwangan/ silih impleng/ kamana léokna jalan/. Jalan jadi judul upama dipatalikeun jeung urang nalika rék miang tangtu bakal liwat ka jalan. Takdir anu teu bisa dipungkir, ditelebkeun dina padalisan kadua nya éta kateuwasaan jalma-jalma nu ukur bisa ngira-ngira atawa ngimpleng, kumaha takdir anu baris karandapan. Panto anu kabuka ngajak ka rohang sangkan bisa tumarima kana takdir.

Rohang-rohang anu muncul dina buku sajak Miang nya éta rohang anu posisina di luar tapi angger aya sajeroeun urang. Lantaran aya panto anu kudu dibuka (disurahan) di ungal rohangna. Rohang anu bakal diasupan di antarana rohang sangkan ludeung atawa gedé wawanén, rohang kasadaran sangkan ngarumat alam, rohang kasadrahan kana takdir (papastén), jeung rohang kasadrahan bari lunta tuluy maggih panto anu saupamana asup bakal panggih jeung Nu Kawasa. Jaga.[]

Judul Buku      : Miang
Penulis             : Nunu Nazarudin Azhar
Pamedal          : Langgam Pustaka
Taun medal   : September, 2017
Kaca                : x+78 hlm. 13.5 x 20 cm
ISBN                 : 978-602-61458-8-8

  1. Azhar, Nunu Nazarudin. (2017). Tasikmalaya: Langgam Pustaka.
  2. Danadibrata, R.A (2009). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.
Zaenal Abidin

Zaenal Abidin

Mahasiswa SPS Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda UPI Bandung

All stories by:Zaenal Abidin
Leave a Reply

Zaenal Abidin

Zaenal Abidin

Mahasiswa SPS Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda UPI Bandung

All stories by:Zaenal Abidin
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.