Défamiliarisasi Blues Kéré Lauk: Tradisi jeung Modérnitas Godi

820 820 Arif Abdilah

Ahir taun 1970-an, jagat sastra Sunda kungsi geunjleung. Carpon-carponna anu suréalis tur jungkir balik, dianggap teu ilahar jeung kaumuman carpon-carpon Sunda séjénna. Teu saeutik nu nolak, malah bébéakan ngawada. Kaasup alm. Rustandi Kartakusumah, “kiper” wanda réalis (romantis) dina sastra Sunda.

Taun 1985, medal buku kumpulan carpon Godi Suwarna anu munggaran, Murang-maring. Cék Abah Duduh dina panganteur Murang-Maring, “karya-karya Godi nu ieu mah lain baé ngaburak-barik cahara jeung palanggeran nulis carita pondok, di sagigireun éta deuih boh logika boh jenggléngan sarta ucap réngkak tokoh-tokohna gé dirakrak sakarepna.”

Sanajan aya nu teu narima, tapi satuluyna mah teu burung loba ogé anu ngabagéakeun. Mana komo lain Godi waé pangarang ngora entragan harita anu resep nulis carpon bari méngpar tina tetekon téh. Tapi kaasup ogé Beni Setia, Eddy D. Iskandar, Yoseph Iskandar, jeung Taufik Faturohman.

Tapi sanajan carpon-carponna kawilang nenggang, ari sajak-sajakna mah éstu konvénsional. Cohagna prah jeung umumna sajak-sajak Sunda lianna. Kitu saupama ngabandingkeun kumpulan carpon Murang-maring jeung kumpulan sajak Jagat Alit katut Surat-surat Kaliwat. Kakara dina awal taun 1990-an, sajak-sajak Godi karasa nenggang jeung sajak-sajak saméméhna. Pangpangna lebah gaya, ungkara, jeung imaji.

***

Kumpulan sajak Blués Kéré Lauk (saterusna disingget BKL) téh buku sajak Godi nu katilu. Tapi cenah saméméh BKL, aya hiji kumpulan anu dijudulan Sajak-sajak Narkotika. Hanjakal, naskahna ngahiang duka ka mana. Buku BKL medal taun 1992, ku pamedal Geger Sunten. Citakan kaduana medal taun 2011.

Buku BKL téh ngamuat 56 sajak, anu ditulis ti taun 1989 nepi ka taun 1992. Kabagi kana tilu bagian. Bagian kahiji nyaéta “Tresnaning Tresna”, anu ngamuat 12 sajak. Bagian kadua nyaéta “Rumah Sakit”, anu ngamuat 20 sajak. Sedengkeun bagian katilu nyaéta “Grand Prix”, anu ngamuat 24 sajak. Bangun ngahaja digunduk-gunduk kitu ku nu nulisna. Da katangen unggal gundukan téh kawilang béda lebah jejer jeung suasana sajakna.

Bagian kahiji mah ngamuat sajak-sajak anu jejerna cinta, harepan, jeung kasurtian kana hirup. Sedengkeun bagian kadua jeung bagian katilu mah ngamuat sajak-sajak anu jejerna kapeurih tina hubungan papada manusa, katut (angger nyampak) perkara pati sapuratina. Sajak-sajak dina bagian kahiji karasa kénéh suasana romatis, sarénghapan jeung sajak-sajak dina kumpulan saméméhna. Sedengkeun antara bagian kadua jeung katilu teu pati tétéla lebah bédana téh. Ngan dina bagian katilu mah karasa kadar émosi sajak-sajakna leuwih ékstrim ti batan bagian kadua.

Najan lebah jejer mah ukur séd saeutik ti Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat, tapi ari lebah ungkara, imaji, jeung tipografi mah mutuh matak pangling. Geura urang tengetan salah sahiji sajakna.

TRESNANING TRESNA

Bet gumeter ramo-ramo haté kuring ngagupay-gupay Salira. Geus lawas, teuing ku lawas madu anggang ti amisna. Nya ieu kuring maduna bet piraku ilang sari salawasna. Saban rénghap, pirang-pirang binih kembang ditebar salega sukma, bari disiram kamelang bising garing pepetétan. Geus lawas, teuing ku lawas geuning Salira teu rekah ‘na amparan taman kuring. Duh, tangkal nu ditilar kembang boa daunna muguran tuluy kuring ngarangrangan salawasna.

Sidik pisan, dina BKL mah Godi maké tipografi nirbait. Téks sajak téh ditulis manjang ti katuhu ka kénca. Atuh ungkarana ogé karasa ngaguluyur, deuih. Teu dicandet-candet sakumaha ilaharna dina sajak anu maké tipografi konvénsional. Gaya ucap dina BKL mah karasa pararél; ti mimiti kalimah awal nepi ka kalimah ahir téh tuluy nyambung. Gaya ucap pararél mémang bakal karasa teu merenah saupama ditulis maké tipografi konvénsional, anu mentingkeun tarékah lebah mana kudu “motong” jeung “nunda” padalisan sajak.

Tina gaya ucap anu saperti kieu téh sahenteuna bakal aya dua konsékuénsi. Kahiji, lebah ngahartikeun tur ngama’naanana moal bisa dicutat sapotong-sapotong. Tapi kudu gembleng dibaca ti awal nepi ka ahir. Ari anu kaduana, ku lantaran ngaguluyur tur kudu gembleng dibaca ti awal nepi ka ahir (atawa ceuk istilah Agus S. Sarjono dina panganteur BKL mah “kawas cét anu disemprotkeun”), aya kecenderungan sajak anu maké tipografi nirbait mah bakal mangrupa sajak anu prosais. Minangka contona, urang tengetan tilu sajak di handap.

JALAN CAGAK

Bada urang bareng lunta ngitung tihang kilométer; bada pada-pada bingung naha urang kudu miang; bada urang teu wasa mun kudu mulang; bada nyaruakeun léngkah nu teu daék sawirahma: Urang anjog ka jalan cagak munggaran. Basa girimis lumengis urang pataréma réma bari surti yén katineung baris langgeng dipibanda, bari ngarti pirang-pirang jalan cagak bakal nangtang ringkang urang!

SAJAK SUBAYA

Daun-daun nu ngan tinggal tulang-taléng tingkalayang nilar tangkal ngarangrangan. Nu paturay teu kapireng mileuleuyan da puguh cunduk mangsana lalakon disapih usum. Tangkal teu ngarepkeun sirung sabab akar geus lawas béakeun napas. Teu jauh ti lebah dinya, pepetétan keur sumedeng ngarandakah, saban mangsa gumalindeng tembang mapag hujan anu bakal datang. Pepetétan teu maliré nu témbong tinggal rorongkong. Srangéngé ukur nyéréngéh mireng surak pepetétan mapag waktu. “Dina hiji mangsa, ulah sambat kaniaya!” cék srangéngé, ganti taun beuki ngagedur seuneuna ngarérab sakur impian!

Dina puisi Sunda, gaya tipografi nirbait téh kawilang anyar. Atawa copélna teu pati ilahar. Aya kamungkinan cara nulis sajak anu kawas kitu téh kapangaruhan ogé ku sajak-sajak dina basa Indonesia, utamana sajak-sajak karangan Afrizal Malna. Urang bandingkeun geura jeung sajak “Gadis Kita” anu dimuat dina kumpulan sajak Arsitektur Hujan!

Gadis Kita

O gadisku ke mana gadisku. Kau telah pergi ke kota lipstik gadisku. Kau pergi ke kota parfum gadisku. Aku silau tubuhmu kemilau néon gadisku. Tubuhmu keramaian pasar gadisku. Jangan buat pantai sepanjang bibirmu merah gadisku. Nanti engkau dibawa laut, nanti engkau dibawa sabun. Jangan tempel tanda-tanda jalan pada lalulintas dadamu gadisku. Nanti polisi marah. Nanti kucing menggigit kuning pita rambutmu. Jangan mau tubuhmu adalah plastik warna-warni gadisku. Tubuhmu madu. Tubuhmu candu. Nanti kita semua tak punya tuhan, nanti kita semua dibawa hantu gadisku. Kita semua cinta padamu. Kita semua cinta padamu. Jangan terbang terlalu jauh ke pita-pita rambutmu gadisku, ke renda-renda bajumu, ke nyaring bunyi sepatumu. Nanti ibu kita mati. Nanti ibu kita mati. Nanti ibu kita mati.

1985

Salian ti sarimbag lebah wangun tipografina, sidik pisan ungkara sajakna ogé pada-pada ngaguluyur, deuih. Turta teu bisa dicutat sapotong-sapotong lebah macana. Tapi kudu gembleng téa ti awal nepi ka ahir. Tapi tangtu waé perkara ieu mah karék samet sangkaan. Bawirasa bakal karasa bener henteuna saupama ditalungtik deui kalawan daria.

***

Pangaruh tipografi nirbait téh, salian ti ngalantarankeun sajak-sajak BKL karasa prosais, dina sawatara sajak anu tingkat émosina ékstrim mah jadi karasa eungap dibacana, lir nu teu méré rénghap pisan ka nu maca. Salah sahijina dina sajak “Grand Prix”.

GRAND PRIX

Nincak gas sataker kebek mobil sport ngagerung mangprung rék ngudag jorélat waktu da starna kapandeurian. Ah, tangtu kasusud tapakna, cék haté anjeun harita. Jalan lempeng, jalan nanjak, pungkal-péngkol kénca katuhueun jungkrang. Sakiceup demi sakiceup tihang bulan tihang taun diliwatan. Ti saban-saban simpangan mobil deungeun milu nyemprung di sirkuit pada-pada teu hayang kapandeurian. “I can’t get no satisfaction!” sora kasét gumuruh nyasaak langit, ngendag-ngendag dungus mangsa. Gumuruh manglaksa mobil haseup knalpot ngeput jagat. Anjeun kudu nabrak deungeun tinimbang ditabrak batur. Nu nyakakak, nu jumerit mecut niat hayang gancang nyiap waktu nu can témbong kelemengna. “Boa sapéngkolan deui!” omong anjeun sabot setir guwar-giwar. “Boa di itu péngkolan!” cék nu séjén bari hantem silih sénggol. Dina hiji mangsa: anjog anjeun jeung nu séjén méh bareng ka garis finish: persis di jero kuburan tuluy nampa piala tetengger batu.

Dina sajak di luhur, karasa yén tipografi nirbait téh teu ngan saukur minangka wadah. Tapi méré suasana beurat kana eusi sajakna, anu ngadadarkeun hirup manusa anu badis aréna balap mobil: silih témprang, silih gitik, tinggurudug pagancang-gancang, paheula-heula muru ka mana boa, marebutkeun duka teuing naon. Nya dina sajak-sajak anu sarupa kieu, Godi geus bisa ngaworkeun antara wangun sajak jeung eusi sajakna sorangan.

Saupama Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat mah kentel ku wanda lirisna -anu mangrupa maniféstasi tina kutub jiwa lemesna-, sajak-sajak dina BKL mah sabalikna, kentel ku wanda nalaktak jeung minculak, anu mangrupa maniféstasi tina kutub “liar” jiwa Godi. Nya di dieu aworna antara jagat sajak jeung jagat carponna anu sarua pada-pada baruntak. Galindeng cianjuran anu jadi wawakil figur tina sajak-sajak liris Godi dina Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat, dina BKL mah diganti ku “gorowokna” lagu-lagu Rolling Stone, The Doors, jeung Janis Joplin.

Cohagna, sajak-sajak dina BKL ngagambarkeun jagat Sunda anu geus kapangaruhan ku budaya Barat katut wates géografis anu beuki heureut lantaran kamajuan téknologi audio-visual, saperti anu dipedar ku Ajip Rosidi dina embaran hadiah Rancagé. Malah dina panganteur buku Sajak Sunda (2007), Ajip nyebutkeun yén tacan kungsi aya panyajak saméméhna anu sacara jujur tur bruk-brak ngagambarkeun krisis anu kaalaman ku manusa Sunda dina kahirupan batinna kiwari, cara Godi dina Blues Kéré Lauk.

Baca juga:
Subjektivitas Godi: Antara Hirup jeung Pati
Pati dina Jagat Alit Godi

Béda jeung karéréanana urang Sunda anu rumahuh ku kamajuan jaman, luh-lah ku nerekabna budaya Barat, pikeun Godi mah tradisi jeung modérenitas téh bisa hirup papasangan. Éta dua aspék anu patukangtonggong téh dihijikeun, dijodokeun. Dina sajak-sajakna, pangaruh budaya Barat téh, kayaning jarum morphin, champage, disk jockey jeung sajabana téh ku Godi mah ditonggérakkeun. Malah satawara sajakna aya anu dicokot tina judul lagu Barat. Upamana sajak “The End” di handap.

The End

Ti kolombéran ka kolombéran urang ruménghap. Milang léngkah milang léntah. Saban mangsa nyeuseup hiek bau dunya sanggeus pirang-pirang mayit numpuk na hunyudan runtah. Mireng cacing gumuruh parebut daging. Mireng jét nyasaak langit, hawar-hawar gumalindeng tembang nuklir. Di dieu sakadar leutak nu misurti asih urang pikeun kembang nu keur mangkak na lamunan, ukur leutak nu haat ngusapan tatu dina kalbu séwang-séwang. Kalan-kalan kasawang getih purnama nyurulung ti awang-awang, nyarakclakan awor jeung cimata urang. “Father, I want to kill you!” lagu anjeun bet miceuceub nu ngayuga, tuluy jarum-jarum morphin rimbil di sakujur nadi. Dulur, layung anjeun geus surup méméh panonpoé lingsir. Sedeng kuring boa rék langgeng ngerebek tina embel kana embel!

Sidik pisan, lain judulna wungkul anu dicutat dijieun judul sajak téh. Tapi jeung ungkara lirikna. Nyutat lirik lagu sarupa kieu téh kapanggih ogé dina sajak “Bohemian Rhapsody” jeung “Grand Prix”. Tapi ku rancagéna Godi, lirik lagu Barat téh éstu awor jeung métafora sajak anu karasa anyar, kayaning “miréng jét nyasaak langit” atawa “gumalindeng tembang nuklir”.

***

Enas-enasna, BKL téh teu ngan wungkul minangka tanda asakna Godi dina nyajak. Tapi ogé jadi tanda mimiti asakna Godi dina nyawang kahirupan. Dina BKL, Godi geus teu (pati) museurkeun deui paniténna kana kompléksitas batinna sorangan. Jejer-jejer anu raket patalina jeung pasualan pribadi (aku lirik), hususna dina pasualan hubungan antara manusa jeung Pangéran, geus mimiti dileupaskeun.

Dina BKL, katangen aya usaha mukakeun salega-legana panitén pikeun nyawang kajadian-kajadian kulawu anu keur meumeujeuhna lumangsung, saperti perang, pakucrutna kaayaan nagara, katut mahabuna hukum rimba. Dina BKL, Godi mimiti mukakeun panénjona kalawan gembleng ka juru-juru dunya, bari tuluy nyaliksik diri sarta mertanyakeun deui naon-naon nu geus dijalanan. Ngeunaan hal ieu, alus pisan digambarkeun ku Godi dina sajak “Lalakon Lakon”, anu (sigana mah ngahaja) ditunda minangka lawang pamuka kumpulan sajak BKL.

LALAKON-LAKON

Anteng nulas-nulis ringkang nu kungsi kajuringkangkeun: mangsa bulan dina dada, rungga nu nyugakan sukma, kekembangan nu kapipit jeung nu luput. Nulas-nulis kalayang jangjang kahayang nu ngahaja sina ngawang-ngawang sangkan jucung muru jatining implengan. Anteng nyatet pilakoneun sabada sagala dibalitungkeun bari surti usik réma lain ukur usik urang geuning, da lalakon sok nyimpang tina lamunan. Tétéla, kekecapan kalan-kalan sok hésé dikadalian!

 

Daftar Rujukan:

  1. Durahman, Duduh.  Babalagonjangan, panganteur kana buku Murang-Maring. Bandung: Kiblat Buku Utama, 2004.
  2. Rosidi, Ajip. Sajak Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama, 2007. 
  3. R.S, Etti, dkk. Seperempat Abad Hadiah Sastra Rancagé. Bandung: Pustaka Jaya, 2013. 
  4. Suwarna, Godi.  Jiwalupat: Opat Kumpulan Sajak. Bandung: Geger Sunten, 2007.
  5. ____________. Blues Kéré Lauk. Bandung: Geger Sunten, 2011. 
  6. Wibisana, Wahyu, spk,.  Salumar Sastra. Bandung: Geger Sunten, 1997.
Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah

Leave a Reply

Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah
error: