Sajak-Sajak Dédén Abdul Aziz
LUNTA KA KOTA HUJAN
Dina mangpirang catetan
Hujan lir jarum
Mitesan jariji jalan
Nyeuseup taman-taman kota
Hujan ngajak nyimpang nepungan
Genclang soca salira
Nu salawasna ngareumis
Dina sela-sela haté
LAMPAH
Pada-pada reureuh
Étalaseu langit
Jalan jeung lampu-lampu kayas
“Kabéh keur anjeun, Nona Hépi
Keur maturan waktu-waktu simpé!”
Dina lilikuran waktu nu kasorang
Urang tepung na sela-sela waktu
Jalan panjang
Nu tarahal
Nikreuh deui
Stasion pamungkas
Peuting jeung sora-sora peura
“Hayu cuang mulang, Mister Brown
Cuang ngareureuhkeun simpé!”
Lebah dada jeung tanaga nu beuki suda
Urang papisah dina sisi-sisi umur
Jalan panjang
Nu tarahal
KARANG POTONG
Nu lungkawing mah haté, Nung
Lain cadas nu salawasna nandonan galura lambak
Ngayun-ambing sarah ti kikisik kana keusik
Ditamping sagara
Urang ngalukis puisi na lalamping Karang Potong
Keur téangeun jaga, ceuk anjeun harita
Nu leuwih lungkawing mah panineungan, Nung
Lain haté nu salawasna pasrah nahan galura rasa
Ngagulanggapér kahayang ti mangsa ka mangsa
Ditundung karumasa
Puisi urang masih ngagurat di sela-sela Karang Potong
Keur ditéang ayeuna, ceuk kuring sorangan
WANCI RATRI
Peuting nu wening, Nung
Wanci nalika Wisrawa ngadadarkeun Sastra Jendra
Wanci nalika raga pahareup-hareup jeung sajatining raga
Wanci nalika sukma dalit miragasukma
Wanci nalika pukah sagala nu pangrusiahna
Peuting nu wingit, Nung
Wanci nalika salira nembrak pisan
Sabeuleugeunjeurna

