Surat Panungtung Taun

820 820 Lugina De

Nalika ieu surat kabaca ku énté, muga-muga wé keur dina kaayaan séhat wal afiat. Bubuhan ayeuna kaayaan éstu angger teu matak pikagumbiraeun. Geus ampir sapuluh bulan kituna téh. Sasalad angger meuweuh. Témahna loba jalma anu kahirupanana kabadug, malah tug ka ngajurahrohna pisan. Énté gé meureun sarua ayeuna téh keur ripuh. Wayahna. Da prah geuningan kaayaan kieu téh di mana-mana.

Uing gé ayeuna leuwih loba ngaringkeb di lembur. Saminggu sakali sok laha-loho ka Bandung, ngaréngsékeun pagawéan nyusun buku pangajaran. Bari jeung pakepuk ongkoh nataharkeun buku pedalkeuneun Silantang. Nya lumayan matak rieut hulu, bubuhan buku anu kudu medal téh opat judul. Tuda itung-itung munahan hutang taun kamari. Pet pisan apanan taun 2019 mah Silantang teu medalkeun buku. Tapi, alhamdulillah, ayeuna opatanana geus medal. Atuh buku pangajaran gé geus réngsé satengahna. Ayeuna kari nyénghapna baé.

Teu karasa geuningan taun 2020 téréh lekasan. Asa kakara cikénéh urang patepung di Jatiwangi, basa aya papasrahan hadiah Rancagé. Padahal harita téh bulan Januari tanggal 31. Asana nya harita ogé tepung panungtungan jeung Ajip Rosidi. Ayeuna anjeunna tos mulih ka rohmatulloh. Nyusul Adang S. sareng Usep Romli HM anu ngantunkeun patutur-tutur taun 2020. Mugia baé aranjeunna dipaparin sapa’at di alam kuburna.

Ari ngawangkong jeung Dadan Sutisna, sok karasa enya-enya leungiteunana ku Ajip Rosidi téh. Bubuhan anjeunna ngantunkeun téh ninggalkeun warisan anu kawilang rohaka. Di antarana perpustakaan di Jalan Garut jeung koléksi réwuan bukuna di Pabelan. Acan deuih rupaning dokuméntasi anu kawilang penting. Ari ras ka dinya, tétéla réa tapak lacakna anu kudu mitembeyan dituluykeun. Réa bahan panalungtikan anu kudu gancang dimangpaatkeun saméméh hiji mangsa dihakan rinyuh. Ngan, heueuh, duka saha pijalmaeunana. Aya éta ogé anu sok akon-akon ngarasa jadi akademisi Sunda. Tapi nya kitu, ukur rimbil gelarna wungkul, da ari lebah sina ancrub leledokan mah sok bangun jéjérégéd geuningan.

Kumaha kahirupan sastra Sunda salila sataun, ceuk tetempoan mah nya angger teu jauh jeung taun-taun saméméhna, alias kitu kénéh-kitu kénéh. Bisa jadi ari ditilik tina angka mah saenyana aya fluktuatifna. Tapi da teu karasa gedé pangaruhna. Umpamana lebah buku sastra Sunda anyar anu medal. Taun ayeuna kaitung lumayan, leuwih ti lima judul. Di antarana novél Sasalad beunangna Dadan Sutisna, kumpulan carpon Gantina beunangna Nila Karyani, kumpulan carpon Sagagang Simpé beunangna Deden Abdul Aziz, kumpulan sajak Hujan di Pajaratan beunangna Arif Abdilah, jeung kumpulan carpon Bulan Sésa beunangna Imas Rohilah.

Uyuhan euy, aya kénéh buku Sunda anyar anu medal ogé, sakitu kaayaan batan sakieu téh. Pustaka Jaya anu biasana getol medalkeun buku-buku anyar, ayeuna mah ukur medalkeun sajudul. Geger Sunten euweuh pisan. Kiblat mah komo, da ceuk béja ayeuna téh keur ripuh pisan. Nu matak mun uing ajol-ajolan hayang medalkeun buku opat sakaligus, lain dina raraga pupujieun.

Heueuh euy, kitu da ari ngobrolkeun sastra Sunda mah, tara jauh ti kecap “uyuhan”. Uyuhan aya kénéh buku anu medal, uyuhan aya kénéh anu meulina, uyuhan aya kénéh anu haat nulis ku basa Sunda, jeung uyuhan aya kénéh média anu ngamuatna. Ngan da ari kecap “uyuhan” téh apanan lain hartina alus. Tangtuna angger kudu dibarung ku ketak nyata pikeun matéakeun katut ngahirupkeun sastra Sunda ka hareupna. Da ari ukur samet waos wungkul mah nepi ka Upin-Ipin lulus kuliah gé angger moal aya robahna. Malah bisa jadi kalah leuwih ngagejrét.

Meureun énté tumanya: tarékah naon anu pangheulana kudu dibaladah téh? Hiji wé heula: widang médiana. Kawantu niténan média citak basa Sunda ayeuna, hiji gé sasatna taya nu teu nganti-nganti dawuh. Boh Manglé, Galura, atawa Sunda Midang. Biheung mana anu umurna bakal manjang. Ari sastra Sunda apanan sidik hirupna téh pangpangna mah di dinya. Lamun nepi ka kubrana pisan, nya meureun kana badis lauk saateun cai.

Heueuh, ku nerekabna pangaruh dijital, lain wungkul média basa Sunda anu kagiles téh, tapi ogé kaasup média basa Indonesia. Ngan da ari média-média galedé mah geus wareweg tatapakanana dina dunya dijital (najan teu hartina maranéhna bakal angger méré lolongkrang pikeun hirup tumuwuhna karya sastra, sakumaha anu katémbong dina koran citak salila ieu.) Ari média Sunda? Tah, ieu anu matak pikahariwangeun téh. Da sidik can aya anu ganti alam. Angger baé hirupna téh dina dunya citak. Nya lamun nepi ka paéhna pisan, lain ukur sastra Sundana wungkul anu bakal milu dikubur téh. Tapi sagemblengna basa Sunda wangun tinulis.

Saenyana ieu pasualan téh ku urang-urang ogé geus lila kapikiranana. Da apanan jeung énté gé sok diwangkongkeun. Nu matak basa sabada Pésta Sastra Sunda taun 2017 Dadan Sutisna nyieun wéb sastrasunda.digital.com, uing gedé harepan, susuganan bisa manjangkeun umur basa Sunda, utamana karya sastrana. Ngan tétéla geuningan kalah ngahiang di tengah jalan. Kawasna euweuh deui nu daék mikiran, lian ti manéhna sorangan. Lebar baé nu aya.

Naha média basa Sunda wangun citak kudu kabéh ganti alam kana dijital? Ah, teu kitu ogé. Kawasna majalah basa Sunda kudu angger aya hiji-hijieun mah. Ngan da apanan lalakon ngajual koran atawa majalah citak téh jaman ayeuna mah lain pagawéan énténg-énténg. Jadi tangtuna hal éta kudu dihancengna ku pamaréntah, anu sidik ngaleuya anggaranana. Terus majalahna dibagikeun ka sakola-sakola, sina dibaraca ku guru jeung barudak.

Ari akun FB énté aktip kénéh henteu? Sawatara bulan kamari, dina akun FB-na Cecep Burdansyah kungsi tok blak ngritik pangarang-pangarang anyar, anu cenah sok ngaheulakeun gugumeulisan gugumasépan ti batan ngundakkeun kualitas karya jeung horison bacaan. Lebah dinyana, uing gé panuju. Lain panuju kana sagemblengna eusi tulisan, da sual éta mah aya kénéh anu kudu dipadungdengkeun deui. Panuju téh kana ketakna nyieun tulisan panggitik sarupa kitu. Mémang nepi ka ayeuna kawilang arang tulisan anu medar kumaha kuduna ari méntal katut sikep pangarang dina sual kapangarangan. Kawas nu teu sapira, tapi saenyana penting kacida.

Ngan asana teu cukup nepi ka dinya. Da apanan saupama aya tutuwuhan anu jadina mérékététét, urang kudu nalungtik naon alatanana. Bisa jadi alatan iklimna goréng, lahanna heureut teuing, taneuhna teu lendo, gemukna kurang, atawa kagaringan. Tah meureun naon anu bieu ditataan téh kudu dioméan ogé, deuih. Hartina lain pangarangna wungkul anu kudu dicawad téh, tapi tempat hirup katut sagala unak-anik pangrojongna ogé kudu dibebenah. Heueuh, dina ahirna mah bakal nyambung jeung pasualan anu tadi didadarkeun di luhur.

Perkara goréngna ajén karangan, karasa pisan ku sorangan salila sataun ngarédakturan buruan.co. Carpon anu sok dimaruat jolna téh nya ti pangarang éta-éta kénéh, anu mémang geus kaitung asak lebah kurung-karang. Komo sajak mah, bisa disebutkeun euweuh wéh. Katurug-turug deuih anu narulis sajak bari enya-enya jejem katémbongna saeutik pisan. Nu matak basa Ayih (Arif Abdilah) mikeun naskah kumpulan sajak, geuwat baé disanggupan sangkan bisa medal taun ayeuna.

Aéh enya, salian ti buruan.co, taun 2020 téh wéb portal basa Indonesia, ayobandung.com, mimiti ngabaladah ngamuat carpon Sunda. Geus kabaca meureun nya ku énté gé? Sugan wé bisa manjang, maturan Tribun Jabar jeung Pikiran Rakyat anu geus leuwih tiheula ngamuat karya sastra Sunda.

Perkara média dijital téa, geus lila uing nimbang-nimbang hayang nyieun wéb basa Sunda anu anyar tur mandiri. Sabada dilawungkeun ka Ceu Éndah katut Ari Andriansyah, duanana haget nakeranan daék diajak gawé bareng. Malah antukna Ayih gé milu ditarik jadi anggota tim. Alhamdulillah, ayeuna wébna geus jadi, kari dibebenah sautak-saeutik. Ngan moal waka diucah-acéh di dieu. Keun wé engké ari enya-enya geus ngawujud. Ngan témahna uing kudu mundur ti buruan.co, ngarah bisa jongjon, teu nokang ka ditu-ka dieu. Teu nanaon, da aya kénéh barudak anu ngurus tur mikiran.

Salian ti wéb basa Sunda, éta nu tiluan téh ku uing antukna dilibetkeun ogé dina pamedalan Silantang. Bubuhan ayeuna ku cicingna uing di lembur téh rada eungap ngurusna. Sugan baé ari diréréyangna ku opatan mah bakal karasa leuwih hampang medalkeun buku téh, sarta bisa leuwih maju.

Naon harepan uing pikeun mapag taun anyar anu sakeudeung deui bakal datang? Ah, teu réa paneda. Hayang dibéré séhat baé salawasna ku Nu Maha Kawasa. Éta nu pangpentingna. Ngarah bisa genah tumaninah nyanghareupan rupaning pagawéan katut garapan, utamana anu patali jeung basa katut sastra Sunda. Heueuh, naon deui atuh, da éstuning hirup uing mah di dinya. Ngarumasakeun ongkoh, ku basa Sunda téh sasatna dihirupan, tug ka bisa mayeng meunang gajih unggal bulan. Nya mun uing nyieun peperenian sarupa kitu, nya atuh itung-itung mulang tarima wé ka basa Sunda. Ongkoh deuih sok inget kana krédo pajabat dinas ari keur pidato, “Mun teu ku urang, rék ku saha deui?” Tah, ari inget ka dinya, sok jadi éra sorangan.

Aéh, geus panjang geuningan. Heup heula baé sakieu. Hampura bisi sabulang béntor.

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.