Sajak-Sajak Ari Andriansyah
Dunya Liris Ari
Dina sastra Sunda, Ari Andriansyah téh kaasup pangarang entragan béh dieu. Tapi ari dina sual makayakeun sastra Sunda mah katémbong daria. Pangpangna dina nulis sajak. Kaasup produktif. Da éta wé geus bisa medalkeun buku kumpulan sajak sorangan: Léngkah. Bari témbong lebah ajénna rélatif papak. Tur sakelir deuih, sajak-sajak dina Léngkah téh. Ungkara-ungkara sajakna paranjang. Unggal padana ngagebay ka handap tur simétris. Leuwihna ti éta, sajak-sajak Ari Andriansyah karasa ngawirahma. Kawilang cocog saupama digalindengkeun atawa didéklamasikeun téh.
Sajak-sajak Ari anu kapidangkeun ayeuna ogé sawanda kénéh jeung sajak-sajakna nu tiheula. Geura urang tengetan di antarana:
Purwa tarhim ngadawam sakur cahaya
Dina panglokat jembarna gurat balébat
Sumirat nu ngemprang heulay beurang
Mihané kebatna udat gumiwang kiblat
Ramo-ramo gaibna ngalogat gumilang
Kana ayat-ayat nu dideres hujan poyan
Kana pelengkung katumbiri dikir langit
Nu dumalit jadi talkin asih jeung patina
Ku saliwatan gé karasa, dua pada sajak di luhur téh euyeub ku ulin sora. Atuh unggal padalisan gé teu pati géséh itungan guru wilanganana. Euweuh nu panjang teuing, euweuh nu pondok teuing, anu biasana mah sok karasa matak kagok mun dibacakeun. Tapi kituna téh bari nyingkahan ungkara anu sajalantrahna, atawa vérbalitas téa. Aya kénéh tarékah pikeun ngulik métafora. Umpamana ungkara ramo-ramo gaib, ayat-ayat nu dideres hujan poyan, pelengkung katumbiri dikir langit jeung sajabana.
Maca sajak-sajakna anu ayeuna, katémbong yén konsépsi puisi Ari téh masih kénéh muhit kana sajak lirik. Sajak-sajak anu beunghar ku déskripsi imaji pangarangna tina alam sabudeureunana. (Redaktur Sajak Sunda)
Gurat Balébat
Purwa tarhim ngadawam sakur cahaya
Dina panglokat jembarna gurat balébat
Sumirat nu ngemprang heulay beurang
Mihané kebatna udat gumiwang kiblat
Ramo-ramo gaibna ngalogat gumilang
Kana ayat-ayat nu dideres hujan poyan
Kana pelengkung katumbiri dikir langit
Nu dumalit jadi talkin asih jeung patina
Purna takbir nyangling mabra purnama
Wening nu teu kendat nyipuh peuting
Tuluy béntang ranclik kana tumamprak
Sumerahna munfarid jirim jeung jisim
Janari terus sumanding kana genclangna
Ibadah nu salawasna hamo tinemu istirah
Sakur cahaya medalkeun deui isarahna
Guluburna pangjugjugan pangsujudan
Gurit Langit
Lantaran angin geus ngagurit asih langit
Maranéhna ngagurat takdir luhur basisir
Nyurung parahu jeung dangding katiginan
Miharep hirup kajaring di tungtung surup
Lampar layar tresnaning jengkarna jangkar
Ngangkleung satengahing riak pamiangan
Ngaderes padalisan lambak sapada ombak
Nyanggi rasiah sagara nu tilem di dasarna
Lantaran angin geus nganggit asih jaladri
Maranéhna beuki jauh negarkeun lampah
Ngalingling peuting ngalanglang beurang
Ngawelah sadrah dina niskalana wirahma
Jemplang anggang pedotan pangumbaraan
Dikadalikeun jejem kamudi hariring pati
Antara haleuang miang jeung mulang
Aya dangding nu walagri jeung lastari
Sagagang Ringsang
Dina sésa kasabaran pibiniheun saeundan
Dina rahuh gecrukna dongkangan doran
Kelun usum nu surup dina parabun umur
Cunduk deui ditaker késang saban kotakan
Ringkelna nasib nu sirna sarorogan mangsa
Digurat anggang lalakon caplak kasadrahan
Najan tebar salilana dihurup ayeuhna kadar
Yakin sagagang ringsang héman rumampak
Satemenna pabinihan téh petétan kaiklasan
Miharep itungan parok jeung pananggalan
Ditandur kapengkuhan dirambét katiginan
Kasurti gumati antara renung jeung pugur
Saéstuna pibuateun téh gacongeun harepan
Ladang nikreuh kamari dina kasangsri bihari
Geugeusan haté nu ngampih ka leuit kiwari
Sasangga duriat antara beuneur jeung hapa
Catetan Hujan
Léah kalimah nu dianti rangkulan lemah
Kapan ungkara sadrah hujan munggaran
Maseuhan sapanjang hanaang pepetétan
Dina tirakatna palintang jeung galengan
Ronghéap hujan téh pasini mangsi ajali
Walatra nyatetkeun tresna sapakebonan
Saban pelak kecap nu diaseuk kasabaran
Saban panceg turus rambatna kaimanan
Kedal rincik jeung silantang taya bédana
Galagat mangsa nuliskeun hurup huripna
Ngoléabkeun katiga nu kungsi milaraan
Mihéman tapak gecruk sajatining segruk
Beuki surti kana naon nu geus kapibanda
Séah usum disorang rorompang harepan
Dunga jeung rokaat nu lawas ngagarung
Sirungan deui antara tatag jeung dareuda

