Fb. In. Tw.

Puisi-Puisi Toni Lesmana

Tungtung Sajak

langit geuning ukur boéh nu kumalayang
ngebutkeun jutaan météor di awang-awang
lir tebar kembang, lir awur cium

bumi humarurung, nyeuseup rénghap panyésaan
nganganti nu baris ngampihan. gumuruh kasono
merejih sakujur awakna. aya nu rumanggieung

mulung ruruntuk pikiran katut sesemplékan
haté. nyéréd tulang-taléng. tulang beurang
tulang peuting. tulang-taléng kekecapan

diéntép jadi tumpukan sajak,  jadi ranjang
ajangkeuneun tepungna langit jeung bumi
jadi pasaran ajal, jadi paésan paéh

2018

Awak Bapa

urang nepungan saban kuburan. taya nu kaliwat. tapi taya ngaran bapa. teu kasampak dina saban tetengger nu rajeg. urang nepungan saban  réstoran. taya nu kaliwat. tapi taya ngaran bapa. teu kasampak dina saban menu nu disodorkeun. urang nyimpang ka hiji pasar loak. awak bapa geuningan di mamana. ngaranna nyampak dina saban daftar  barang nu dijual murah.

2018

Imah Anarki

sapiring berlin proposal jeung sagelas bagian dari kegembiraan.
lezat bergizi, olo bapa jeung ema bari senam nurutan réngkénék
monyét para politisi dina tivi. urang ongkék. béakkeun! mahal, siah!
bapa jeung ema jungkel jumpalik bari ngacung-ngacung martil,
silih babuk bari kumalayang, nyeplés eusi tivi. urang neunggeul
méja. bapa jeung ema seuri. urang malédogkeun piring
jeung gelasna. bapa jeung ema ngabarakatak. urang nyosoék baju
sakola. bapa jeung ema nyakakak. urang nyoplokkeun sirah. bapa
jeung ema nyeukeukeuk. saban isuk awak urang apan paburencay.
mun geus kitu, panto kamar emang baris muka, ieung, kaangseu
hiek lagu nu matak  leneng. leuwih pengar batan rajah aki.
cause i want to be anarchy, and i want to be an anarchist…”*
emang teu eureun mapatkeun hariring bari mulungan awak urang ´
tuluy dirapetan siga kolaseu-kolaseu nu ngagarantung di kamarna.
“anteurkeun ka sakola!” bapa jeung ema nyikikik nepi kiih
di lalangit. emang tara kungsi mawa urang ka sakola. sakola-
sakola apan geus palastra keur urang mah. emang mindeng mawa
urang ka ruruntuk  hiji stasion. ngajak mencrong tungtung erél.
mencrong seuneu nu ngagedur dina panonna. ngagegedur jadi
gerbong-gerbong seuneu sapanjang erél. ngabelesat ka nagri
impian. gerbong-gerbong nu ngabebela katémbong gagah
jeung éndah. urang tuluy hayang  jadi seuneu. seuneu nu ngabelesat,
ngaduruk naon waé. urang ngimpleng jadi seuneu  bari muntang
kana buuk emang  nu rancung, dipuntangan nepika melengkung
lir sapasang tanduk, tanduk katumbiri.

2018

*tina lagu Anarchy in U.K – grup band Sex pistols

Parancah Punk

oh yeah, i wanna riot! oh yeah, i wanna riot !“*

gumuruh deui angin
gumuruh deui cai
gumuruh deui seuneu
gumuruh deui taneuh
gumuruh deui beurang
gumuruh deui peuting

gumuruh getih
gumuruh daging
gumuruh tulang
gumuruh raga

gumuruhkeun raga-raga
gumuruhkeun imah-imah
gumuruhkeun gedong-gedong
gumuruhkeun kota-kota
gumuruhkeun nagara-nagara
gumuruhkeun benua-benua
gumuruhkeun sagara-sagara

rempag tihang sarupaning tihang

rempag buana
rempag waktu
rempag bumi
rempag langit

oh yeah, i wanna riot! oh yeah, i wanna riot !”

sumujud deui langit
sumujud deui bumi
sumujud deui waktu
sumujud deui buana

sumujud tihang sarupaning tihang

lungguh sagara-sagaralungguh benua-benua
lungguh nagara-nagara
lungguh kota-kota
lungguh gedong-gedong
lungguh imah-imah
lungguh jalan-jalan
lungguh raga-raga

nyuuh raga
nyuuh tulang
nyuuh daging
nyuuh getih

leyur deui beurang
leyur deui peuting
leyur deui taneuh
leyur deui seuneu
leyur deui cai
leyur deui angin

oh yeah, i wanna riot! oh yeah, i wanna riot !”

2018

*tina lagu I Wanna Riot – grup band Rancid

Menulis puisi dan cerpen dalam bahasa Sunda dan Indonesia. Buku terbarunya kumpulan puisi Peta dalam Rumah dan kumpulan cerpen berjudul Hantu Budayut terbit tahun 2020. Bergiat di Studio Titikdua dan Rumah Koclak. Tinggal di Ciamis.

You don't have permission to register