Usép Romli dina Panineungan

820 820 Abdullah Mustappa

Rada reuwas meunang béja cenah Usép Romli pupus téh. Asa can lila patepung dina WA téh. Harita, basa dirawat di RS Guntur Garut kungsi ngahajakeun ngalongok. Kasampak keur ngagolér, teu pati laluasa bisa cengkat-cengkat acan cenah. Komo deui da teu bisa leupas tina katéter. Kuduna mah abdi téh dioperasi Kang, cenah. Nu karasana téh dina prostat. Tapi, ceuk Usép kénéh harita, moal waka dioperasi ayeuna. Kaharti lebah dinyana mah lantaran nu ngaranna operasi téa, méntalma ogé kudu kuat.

Waktu ka dieunakeun mindeng ningali loba tuliasanana dina média online, kungsi dipuji. Kituna téh lantaran ngarasa bungah Usép produktif pisan. Bari semu heureuy Usép némbalan, meungpeung aya anu percaya Kang, cenah.

Perbawana Usép téh mémang produktif pisan. Siga nu tara aya kacapé. Geus puguheun harita keur dines kénéh di Pikiran Rakyat (PR) jeung tabloid Hikmah mah da mémang kawajibanana. Ieu mah sanggeus pangsiun ti Pikiran Rakyat bari bulak-balik ka Mekah lantaran jadi pembimbing haji jeung umroh ogé, tulisanana mah teu saat-saat.

Ti keur jadi guru kénéh produktifna kana nulis téh. Cicing di Limbangan bari kudu ngajar, tulisanana di Pikiran Rakyat terus murudul. Babakuna anu harita mah disarebutna téh pop news, ngeunaan kahirupan sapopoé jelema-jelema biasa, di antarana bulu taneuh. Ditulisna ku Usép, matak resep nu macana. Nalembrak, horéng kitu geuning kahirupan di pilemburan téh.

Kaharti lamun tina tulisan-tulisan nu wandana kitu, anu teu pati réa ditulis ku nu séjén, ku Kang Parman Djajadiredja anu harita jadi salasaurang redaktur di Pikiran Rakyat, Usép ditawaran pindah gawé. Jadi guru harita sigana mah teu pati cocog pikeun Usép anu resep ider-ideran. Nepi ka jinek wé kaputusanana téh, eureun tina PNS, pindah gawé jadi wartawan.

Mungguh jaman harita, lain hiji dua anu rangkep gawé boh wartawan boh sastrawan téh. Pamianganana tina nulis jeung maca, bekelna geus kawilang meujeuhna. Pikeun Usép éta dua pacabakan téh sigana mah lir ibarat gula jeung peueutna. Tulisan-tulisan Usép dina widang sastra teu saeutik anu latar tukangna kaayaan sosial, babakuna anu patalina jeung kasundaan katut kaislaman. Malah bisa disebutkeun idéntitas Usép Romli HM téh nya di dinya pisan.

Kawilang panjang lalakon Usép dina dunya sastra jeung jurnalistik téh. Dina mangsa-mangsa awalna kungsi milu ririungan dina pakumbuhan Kujang Putra anu dijeujeuhkeun ku Ema Bratakusumah. Pa Ema téh, umumna kitu disarebutna téh, salasahiji inohong Sunda anu gedé katineungna kana kasundaan. Nerbitkeun mingguan Kudjang upamana, bari teu ngarep-ngarep untung.

Ayeuna mah rada beurat lamun nyaritakeun idéalismeu téh. Tapi mungguh harita, malah sasat jadi udagan hirup. Pikeun Usép anu beunang disebutkeun gedé dina campur gaul saperti kitu, natrat katémbong dina karya-karyana. Babakuna dina karya sastrana. Dina karya-karya entragan munggaran upamana, karasa pisan beuratna ka dinya téh.

Sanajan siga sajalan, tapi antara dunya jurnalistik jeung dunya sastra téh mindeng karasa pegedugna. Kungsi Usép sababaraha kali siga anu luh-lah, loba meulian buku tapi waktu keur macana teu laluasa cenah. Komo deui da Usép mah kana kitab kuning ogé dipaju, nu matak sok jadi pananyaan anu patalina jeung kaislaman, kaasup mun patalina jeung pulitik lantaran Usép ogé aktif di NU.

Angger matuh di Majasari Limbangan bari gawé di Bandung, sigana pikeun Usép mah jadi modal rohani anu ngabeungharan wawasanana. Lamun nyaritakeun urang lembur, jirim Usép téh milu aya di dinya. Jeung wawuh kana dunyana deuih. Geus teu réa ayeuna mah anu hirupna ngajégang kitu téh. Ongkoh deui da ayeuna mah kaayaan lembur jeung kotana gé geus teu jauh bédana.

Ditilik dina éta jihat, tulisan-tulisan Usép téh jadi dunya anu oténtik. Boh sastra boh jurnalismeu hakékatna mah teu bisa leupas tina lingkungan sosialna. Ari lingkungan manusa Sunda, sakumaha ilaharna kahirupan manusa umumna, terus robah. Nu ditulis ku Usép mangrupa bagéan anu penting, malah bisa jadi salasahiji anu pangpentingna, mungguh pikeun kabeungharan batin urang Sunda mah. Lain kawatesanana ku basa jeung budayana wungkul, tapi kaasup udagan hirupna deuih. Tina karya-karya Usép téh aya anu diwariskeun ka generasi sapandeurieunana. Tur kawilang penting. Tinggal kumaha makayakeun jeung matéakeunana wé.

Ayeuna, Usép Romli téh geus taya dikieuna. Tapi ari titinggalna mah mudah-mudahan bakal terus kaala buahna ku saréréa. Urang du’akeun mudah-mudahan di alam kalanggenganana Usép bakal nyorang alam anu caang padang tur mutma’innah, dihapunten sagala kalepatanana sarta ditampi iman-islamna. Amin.

Abdullah Mustappa

Abdullah Mustappa

Wartawan PR manten. Sastrawan Sunda.

All stories by:Abdullah Mustappa
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.