Tariking Angin: Tungtung Lalampahan Sajak Godi

820 821 Arif Abdilah

Maca sajak-sajak Godi ti mimiti Jagat Alit tepi ka Tariking Angin (TA) téh lir lalampahan kana karéta anu ngabiur ti buana larang laju muru lulurung-lulurung mongkléng di buana pancatengah. Terus tujul ka mumunggang layung di buana nyungcung. Nya dina Mumunggang Layung pungkasna lalampahan téh.

Mémang dina sajak-sajakna Godi teu nyabit-nyabit soal tilu kosmologi Sunda, atawa dina istilah Jakob Sumardjo (2014, kaca 177) mah pola tri tangtu (pola tilu), nyaéta buana larang (handap/taneuh), buana pancatengah (tengah/manusa), jeung buana nyungcung (luhur/langit). Tapi ari nilik kana lalampahan sajak-sajak Godi ti Jagat Alit tepi ka Tariking Angin, lir gambaran leutik ngeunaan kosmologi Sunda. Éta gambaran téh katangen tina kumpulan buku Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat.

Dina Jagat Alit, sajak-sajak Godi leuwih neueul kana perkara pati, anu lamun dina tri tangtu mah meureun kaasupna kana dunya buana larang. Kitu deui dina Surat-Surat Kaliwat, perkara maot téh masih jadi jejer sabagian gedé sajak-sajakna. Ari gambaran nu kadua nyampak dina buku kumpulan sajak Blues Kéré Lauk jeung Sajak Dongéng Si Ujang. Dina dua éta bukuna, Godi baruntak kana pakem sajak anu ilahar. Lain waé lebah wangunna anu maké tipografi nirbait, tapi ogé eusina anu kentel ku pasualan pait peuheurna hirup papada manusa, sarta harénghéngna dunya katut pajamananana. Dunya anu aya dina wengkuan buana pancatengah téa.

Dua buana geus disorang ku sajak-sajakna. Nya dina Tariking Angin anjogna Godi kana buana nyungcung.

Nepi ka ayeuna, kawasna Blués Kéré Lauk téh bisa disebut puncakna sajak Godi Suwarna. Asana bakal hésé urang manggihan sajak-sajak Godi anu fénoménal kawas Blués Kéré Lauk. Bisa jadi lantaran faktor psikologis ogé. Kumpulan sajak Blués Kéré Lauk ditulisna ku Godi dina mangsa-mangsa keur “motah” kénéh. Rupaning peristiwa hirup katut konflik batin anu karandapan ku Godi kaciri mangaruhan pisan kana prosés kréatif Blués Kéré Lauk.

Anggapan kitu téh beuki ngandelan sanggeusna medal kumpulan sajak Tariking Angin taun 2013. Sajak-sajak Godi dina Tariking Angin tétéla balik deui kana jejer-jejer anu sipatna individual. Kawasna lantaran kumpulan sajak Tariking Angin ditulisna ku Godi dina umur (rék ngaliwatan) satengah abad, anu tina jihat psikologis mah geus kaasup kolot. Nya teu matak hémeng saupama jejer anu namper dina sajak-sajakna katémbong leuwih asak.

Naon anu bieu didadarkan, kawilang kurup jeung panganteur anu ditulis ku Godi dina buku kumpulan sajak Jiwalupat:

“Mimiti hasilna rada genah nyajak téh dina Blués Kéré Lauk jeung Sajak Dongéng Si Ujang. Beuki dieu asa beuki tumaninah. Naon nu jadi kereteg, teras ngaruka-réka ungkara, bisa langkung karaos kana mamaras. Kitu sotéh ceuk panyajakna wé kétah. Tapi da karaos, ka dieunakeun mah tos teu patos pakepuk teuing ku perkawis téhnis. Mung nyajakna janten teu patos produktip kawas jaman begér kunyuk. Haté beuki déét balas ditawu. Kudu aya lini 9 skala richter heula, nembé ngagulidag deui kawas tsunami.”

***

Kumpulan sajak Tariking Angin téh dimedalkeunana ku pamedal Geger Sunten. Eusina kabagi kana dua bagian, nyaéta Jangjang Angin jeung Mumunggang Layung. Sajak-sajak dina Jangjang Angin ditulisna ti taun 1997 nepi ka taun 2002. Ari sajak-sajak dina Mumunggang Layung ditulisna ti taun 2005 nepi ka taun 2011. Hartina aya dua taun anu copong, nyaéta taun 2003 jeung 2004. Naha dina dua taun éta téh Godi pet pisan teu nulis sajak? Bisa jadi.

Buku kumpulan sajak Tariking Angin téh minangka buku sajak Godi anu kalima. Mun dibandingkeun jeung kumpulan sajak saméméhna, sajak-sajak anu dikumpulkeun dina ieu buku bisa disebut pangréana jeung panglilana ditulis. Tariking Angin ditulis dina waktu 14 taun, sarta ngamuat 131 sajak. Wincikanana: 57 sajak dimuat dina Jangjang Peuting, jeung 74 sajak dimuat dina Mumunggang Layung.

Nilik kana jejerna, sajak-sajak anu dimuat dina bagian Jangjang Peuting masih kénéh sarénghap jeung Blués Kéré Lauk, nyaéta perkara harénghéngna alam dunya. Kitu deui lebah gaya ungkarana, loba anu sarua maké gaya naratif (lancaran). Nu kaciri rada nenggang dina lebah tipografina. Sajak-sajak dina Tariking Angin mah kabéh maké tipografi konvénsional, lain nirbait kawas dina Blués Kéré Lauk.

Urang cutat salah sahiji sajakna: 

SYDNEY, HARBOUR

Saab ngempur tina mangpirang wangkongan
Langitna katumbirian. Gambar écéng dina oblong
Nyingraykeun lalangsé kalimah ahéng nu kamari ngahalimun
Aléwoh deui; uing, laut jeung parahu, balayar ngarambah
Sagara anggur sabada jam nalikung saban kurungan
Ngangkleung lebah umpalan kalimah, nganyam haté
Nyamber genclang ‘na gurilap dilak ombak, ngincer sajak
Nu ngalangkang sapanjang kelét basisir. Horéng béntang
Katiruk ti sédong mongkléng, tina karang nu nyidem rusiah laut
Ngémploh deui létah uing sanggeus angin nu gumuruh
Murudulkeun kalimah nu keur ngararas tina saban padalisan
Beuki ngarandakah baé barang ningal imut paul dina soca
Nu langkung paul ti laut. Uing rabeng janten balon
Kumalayang jeung manglaksa jangjang camar
Ngocoblak ‘na birit kapal nataan warna impénan
Dina sela-sela kiceup, aya jambatan gumenclang
Ngagantung ‘na réma layung. Palih dinya, tingkalayang
Widadari ngakut méga, bebenah rék mapag peuting
Sangkan wening bulan uing nu rék ngangkleung
Kana jempling. Tong teuing ngaleguk arak da puguh
Réma mantenna ngariabkeun rambut uing kana sunsét
Ngahibaran lambaran catetan sajak nu ngabarak
Palebah buriak lambak, dina layar nu marakbak
Uing bedah jadi madu, ngagolontor kana mangpirang
Genggerong; ngabudalkeun lagu cinta dina palka
Ngaweuhan ti puseur kalbu, ngaweuhan ka sukulangit

(97)

Saperti anu didadarkeun saméméhna, sajak-sajak Jangjang Peuting téh sarénghap kénéh jeung sajak-sajak Blués Kéré Lauk. Gaya ungkarana sarua maké gaya ungkara naratif. Unggal ungkara kalimah sambung sinambung (paralél), ti padalisan kahiji nepi ka padalisan panungtung. Contona nya sajak “Sidney, Harbour” di luhur. Da lamun téa mah éta sajak ditulisna maké tipografi nirbait, bakal bleg sawanda pisan jeung sajak-sajak Blués Kéré Lauk. Upamana jadi kawas kieu:

SYDNEY, HARBOUR

Saab ngempur tina mangpirang wangkongan. Langitna katumbirian. Gambar écéng dina oblong nyingraykeun lalangsé kalimah ahéng nu kamari ngahalimun. Aléwoh deui; uing, laut jeung parahu, balayar ngarambah sagara anggur sabada jam nalikung saban kurungan. Ngangkleung lebah umpalan kalimah, nganyam haté, nyamber genclang ‘na gurilap dilak ombak, ngincer sajak nu ngalangkang sapanjang kelét basisir. Horéng béntang katiruk ti sédong mongkléng, tina karang nu nyidem rusiah laut. Ngémploh deui létah uing sanggeus angin nu gumuruh murudulkeun kalimah nu keur ngararas tina saban padalisan. Beuki ngarandakah baé barang ningal imut paul dina soca nu langkung paul ti laut. Uing rabeng janten balon kumalayang jeung manglaksa jangjang camar, ngocoblak ‘na birit kapal nataan warna impénan. Dina sela-sela kiceup, aya jambatan gumenclang ngagantung ‘na réma layung. Palih dinya, tingkalayang widadari ngakut méga, bebenah rék mapag peuting sangkan wening bulan uing nu rék ngangkleung kana jempling. Tong teuing ngaleguk arak da puguh réma mantenna ngariabkeun rambut uing kana sunsét. Ngahibaran lambaran catetan sajak nu ngabarak palebah buriak lambak, dina layar nu marakbak. Uing bedah jadi madu, ngagolontor kana mangpirang genggerong; ngabudalkeun lagu cinta dina palka ngaweuhan ti puseur kalbu, ngaweuhan ka sukulangit

( 97)

Gaya ungkara anu maké basa naratif téh kapanggih ogé dina sajak-sajak séjénna. Upamana dina “Sajak Kartuposan”, “Jemplang Banjarkarang”, “Runnin’ Blues” jeung sajabana.

Salian ti sajak-sajak anu sawanda jeung Blués Kéré Lauk, sawatara sajak séjénna dina Jangjang Peuting aya ogé anu sawanda jeung Sajak Dongéng Si Ujang, nyaéta maké gaya ungkara ngadongéng. Ngan ieu gé sarua, ditulisna maké tipografi konvénsional, lain nirbait. Urang ilikan salah sahiji contona:

SURAT SALIWAT

Hadi, kumaha damang?
Meunang beja Dédén ayeuna ka Dini
Ulah teuing dipikiran, Di. Keun waé
Da béas mah mahal ieuh di Ustrali ogénan
Uing ogé aya hibar. Purnama teu weléh mangkak
Dina saku konglomérat. Nu malarat ukur hayam
Da bongan teu beuki sajak.

Hadi, kumaha di Bandung?
Cénah keur seueur Kumpeni nu balayar ngakut dolar?
Mun enya téh karunya para pahlawan nu toh pati bébéla
Di pasar murah. Di dieu gé meuweuh Sidang Kabinét mah
Uing reueus barang nongton huntu emas nu Pa Kuwu
Disumbangkeun ka nagara. Da sanaos tos lémong ogé
Cénah rék dipilih deui

:Kumaha wartos Mang Soros?
Masih kénéh dagang monyét?

Di lembur, raraméan rahayat ngantri galéndo
Da minyakna ngabéngbéos sanggeus iklan telepisi
Saraat tina botolna. Aya hibar, rahayat panén monétér
Di sawah nu lumbang-limbung sanggeus dipéhaka pabrik
Ayeuna téh keur muriang satangkarak banjarkarang

Tapi kapan lumayan wé pesangonna.
Keur ngaborong béas ketan. Hég tukeurkeun
Kana kapal, meungpeung angkot keur marogok
Pédah harga bawang beureum leuwih mahal ti batan ban
Padahal duanana gé, Di, bisa kénéh ngagorolong
Asal wani ngomong tarik dina tipi.

Hujan deuih nu undak téh
Ayeuna mah kebon gé melak cipanon
Lumayan wé keur maraban kuda liar
Susuganan jadi susu

:Ari Cécép iraha rék dipéhaka?

Hadi, karunya ka Acép Zamzam. Di lembur,
Acép teu bisa ngalukis. Nu kagambar dina kanpas
Ukur waos Wakil Rayat. Ayeuna mah, Di, gawéna téh
Bati jogéd ‘na komputer bari maca buku krisis nu ngabarak
‘Na internét. Nanging Mélva bujurna teu weléh ageung
Da babéhna janten anggota Dé-pé-ér.

Di, rada lieur ieu uing
Ngabandungan polah sajak nu baruntak ka tangkulak
Kalimah marungkus batu lantaran harga keretas
Leuwih murah batan uyah. Aya sajak teu sieuneun
Dipéhaka. Dasar sajak bangkawarah. Uing geus éra
Ku Mélva. Nu bujurna beuki ageung. Di Pantura
Sajak uing ngadon ngadurukan toko!

Hadi, kumaha mun sajak uing
Dihaturkeun kanggé bujur Mélva baé? Cobi ku dia émutan
Pangapunten, uing mah keur lieur pisan!

(98)

Gaya ngadongéng anu sawanda jeung Sajak Dongéng Si Ujang, kapanggih ogé  dina sawatara sajak séjénna. Upamana “Malaria Tropika I”, “Malaria Tropika II”, “Malaria Tropika III”, “Malaria Tropika IV”, jeung “Malaria Tropika V”.

***

Sakumaha anu geus didadarkeun saméméhna, kumpulan sajak Blués Kéré Lauk téh bisa disebut puncakna puisi Godi Suwarna. Ku medalna Tariking Angin, anggapan kitu téh beuki tétéla. Bubuhan kumpulan sajak Tariking Angin mah balik deui kana téma-téma anu sipatna individual. Salian ti éta, wanda sajak Tariking Angin ogé, pangpangna dina bagian Mumunggang Layung, balik deui kana gaya ungkara basajan kawas sajak-sajak dina Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat. Perkara hal ieu, aya hadéna urang nengetan panganteur dina jilid tukang kumpulan sajak Surat-surat Kaliwat:

“Dina sajak-sajakna, Godi bangun nu resep ‘ngalengis’ saperti umumna rumpaka tembang Sunda. Ungkara sajak-sajakna kaasup basajan, babari karasa jeung kaharti. Bangun teu pati maliré sual-sual citra jeung simbul. Jigana cukup ku purwakanti baé.”

Dina Tariking Angin, Godi mémang geus teu ‘ngalengis’ deui. Perkara citra jeung simbul ogé Tariking Angin mah bisa disebutkeun leuwih euyeub ti batan Jagat Alit katut Surat-surat Kaliwat. Ngan teu dipiceun sasieur, ungkara sajak dina Tariking Angin téh kawilang basajan. Dina harti teu pati hésé nyurahanana, teu kawas ungkara sajak-sajak Blués Kéré Lauk, alias “babari karasa jeung kaharti”. Geura urang tengetan salah sahiji sajakna:

SAPANJANG JALAN SAJAK

cijapati kapiati, ngancik ‘na acining wanci
sanggeus nilar kelun kota nu dihuru panonpoé
cunduk ka liliuh langit, ka léngkob lemah ngémplohna
saampar gambar kakelar digelar satatungtung tingal
di sapanjang jalan angin ngahiliwir nepis wiring

lapat-lapat marangkak lembur di lebak
bet kasawang keur anteng namperkeun jempling
sabada gumuruh dayeuh dibendung tambakan gunung
ukur suling nu kapireng mirig kalbu humariring
di sapanjang jalan méga kumalayang muru layung

nanging anjeun geuning suwung di lulurung
teu katémbong kumolébat mapag kangen di tanjakan
ngan gupay pucuk halimun ti kampung tungtung pudunan
nu kasampak ngajak reureuh satengahing lalampahan
di sapanjang jalan soré nyungsi sisimpéning peuting

meureun anjeun geus ngampih ka lembur singkur
terus ngempur kahieuman handeuleum leuweung katineung
barang ringkang kalah nyorang gelebug aweuhan mangsa
ukur bisa sumoréang ka lamping nu geus kalarung
di sapanjang jalan layung muru gebur bulan bungur

(cijapati, 07)

Saupama dipasing-pasing, sacara gurat badag kumpulan sajak Godi téh bisa kabagi kana tilu périodeu. Périodeu kahiji nyaéta Jagat Alit jeung Surat-surat Kaliwat, anu témana masih kénéh museur kana pasualan subyéktif-individual, saperti pati, kapangéranan, kasimpé jeung sajabana. Périodeu kadua nyaéta Blués Kéré Lauk jeung Sajak Dongéng Si Ujang, anu témana museur kana sabudeureun pasualan sosial. Dina Blués Kéré Lauk jeung Sajak Dongéng Si Ujang, Godi réa nyaritakeun kapeurih jeung kanyeri tina konflik éksisténsi papada manusa.

Ari périodeu katilu nyaéta Tariking Angin, anu témana balik deui kana pasualan individual. Tapi pasualan individual dina Tariking Angin mah, utamana dina bagian Mumunggang Layung, karasana leuwih romantik. Godi geus teu nyaritakeun deui perkara pati atawa kapangéranan. Sajak-sajak Mumunggang Layung mah kawilang kentel ku sublimasi perenungan katut panineungan ka waktu kalarung. Saluyu jeung ngaran sub judul bukuna, Godi téh lir nu geus nepi ka mumunggang gunung, laju di dinya nyawang layung katut tapak-tapak lalampahan anu geus kasorang saméméhna. Naon-naon anu dituliskeun lir sora batin nu keur anteng ngahenang-hening sorangan.

Naha sawangan bieu téh mangrupa tapsiran, yén gaya nulis sajak Godi moal ngalaman parobahan deui –dina harti heup nepi ka dieu, moal ka mana-mana deui? Bisa jadi!

Minangka panutup ieu tulisan, urang cutat “Sajak ti Jalan ka Mana”:

SAJAK TI JALAN KA MANA

ngémploh pucuk-pucuk entéh
mulas léngkob jeung lamping nu keur dumeling
sapanjang jalan rumangsang néang hibar langit beurang
hawar-hawar, kahariwang dilaungkeun kawih leuweung
sabot mipir jegir pasir jeung kaketir nangtang ringkang
lalaunan angin rintih ngusapan léngkah guligah

luak-léok ngitung tikungan
kalah kérok balas nalék pulas haté halimunan
balitungan antara was-was mun nyorang lelewang jungkrang
jeung panggupay ti palebah mumunggang gunung panungtung
padungdengan sabot méga katémbong beuki meuleukmeuk
samar-samar nyidem hujan jeung guludug

beuki jauh nyusud waktu
bet kasarung satengahing kahayang nu pasulabreng
antara ngajuringkang ka landeuhkeun, ka sisi talaga wening
atawa rék terus nyusul jangjang julang kumalayang nilar sayang
humandeuar ti tetelar ka tetelar nu horéng teu matak kelar
kalah awor jeung geuneuk kelir karémpan

ngalulungsar di totowang
mépéndé rurungsing jantung nu gumuruh silantangan
sanggeus ngasruk alimusa ‘na rerembet tegal mangsa
beuki surti yén pucuk gunung pamungkas ngancik dina sanubari
ngan kari ngaragap diri nu mindeng ngaberung mangprung
bari naker ieu ketak saméméh béakeun hégak

(pangaléngan, 07)[]

 

Pustaka Rujukan:
Sumardjo, Jakob. 2014. Éstétika Paradoks. Bandung: Kelir.
Suwarna, Godi. 2008. Jiwalupat. Bandung: Geger Sunten.
Suwarna, Godi. 1983. Surat-surat Kaliwat. Bandung: Medal Agung.
Suwarna, Godi. 2013. Tariking Angin. Bandung: Geger Sunten.

 

Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah
Leave a Reply

Arif Abdilah

Arif Abdilah

Penulis, alumnus Bahasa Sunda UPI, bergiat di ASAS dan Turus.

All stories by:Arif Abdilah
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.