Sudin jeung Bulan

820 820 Hadi AKS

Lamun cunduk bulan purnama-ceuk kapercayaan urang lembur-nu gélo sok kanceuh. Naon patalina bulan jeung nu gélo, hésé nerangkeunana. Naha enya aya pakaitna atawa saukur kapercayaan wungkul, biheung. Nu puguh Sudin sok kanceuh ari geus cunduk caang bulan wewelasan.

Peuting harita bulan ngempray, nincak opat belasna. Sudin ngerem manéh. Hahariringan. Ceuceuleuweungan. Diselang ku ngocomang ngomong sorangan. Barudak di gigireun imahna ngarogrog, ngarintip tina mata bilik. Tingharewos bari silih toél jeung pada baturna, cikikik sareuri.

“Di Sumatera hirup senang, bisa untung gawé énténg. Loba gajah loba beruk, leuweungna gerotan kénéh. Nu mantak kami hayang ka ditu deui mun bisa mah. Ah, moal kading, bisi…, “Sudin ngadak-ngadak jempé. Luak-lieuk.

“Bisi naeun?” ceuk nu nogél dina bilik. Key saleuseurian.

“Saha éta, hah?” ceuk Sudin bari ngoréjat, tuluy ngudag ka luar. Buriak wé barudak nu ngarintip téh kalabur. Ngabecir bari tingcikikik.

“Moal, kami mah moal ka Sumatera deui!” Sudin ngagorowok bari curukna acir-aciran.

“Dagang lauk deui burung!” Barudak némbalan ti kajauhan.

Sudin nyéréngéh deui teu pupuguh.

“Moal, sok loba nu ngahutang!” Pokna bari abus deui ka imahna. Gerendeng deui hahariringan. Lalaguan Lampung ceuk manéhna mah ngan baé teu puguh alang-ujurna, satimu-timu.

Manjau di bingi aduhai, asik nian….“ Kitu baé bulak-balik. Barakatak seuri. “Kaka di dieu kiwari mah, Sur! Di Jawa, di saung butut!” Key deui seuri bangun kagugu naker.

“Heu, ah. Inget ka bébéné yeuh?” Ceuk barudak anu geus naroong deui tina bilik. Buriak lalumpat deui barang katénjo Sudin ngoréjat.

“Mending dagang lauk deui, engké kami ménta,” ceuk saurang semu ngaléléwaan.

“Sangeuk, kami mah moal dagang lauk deui.”

“Sieun ku pulisi, nyah?”

Der wé barudak téh diudag. Séah lumpat, bur-ber ka ditu ka dieu.

***

Kira sabulan lilana Sudin dagang lauk téh. Lain momodal. Meunang narikan baé ti pangbakulan di pasar. Diiderkeun ka pilemburan. Hasilna disetorkeun isukna, bari narik deui. Dagangna béda ti batur. Batur mah kapan sok kana sair wadah lauk téh, maké selang, ditanggung. Ieu mah kana nyiru bari rancatanana awi guluntungan, teu dibeulah-beulah acan. Ari geus ngagorowok nawarkeun lauk téh ambuing tarikna, bari panjang omong-omonganana téh.

“Laukna, yeueueueuhhh …!” cenah, tuluy ngabuih kawas ngomong sorangan.

“Lauk murah, lauk seger kakarak turun ti bagang. Aya gerong, aya banyar, layur, tunul, pépéték campur layang. Gerong mah pikeun nu sugih. Pépéték jang nu korét endung nyukakeun anak jeung pamajikan. Nu rék nganjuk hop baé teu isin mah! Yeuh geus disadiakeun lauk layang!” Key nu ngadéngé saleuseurian.

Teu burung pada moro, da hargana géséh ti batur. Ongkoh sok bisa diolo Sudin mah. Meuli sabungkus gé ari cukup pangolona mah teu wudu sarawu baé mah meunang tambah.

“Asal kapulangkeun modal baé. Kami mah teu hayang untung gedé-gedé. Bisa dahar karo lauk gé sukur,” pokna mun aya nu nanya.

Saréréa pada manghanjakalkeun manéhna teu dagang deui téh. Cenah mah teu dibéré narik deui ku urang pasar, lantaran hiji waktu karurugian. Aya nu manggihan harita téh. Sudin keur ngabengkot nanggung lauk. Kakara rék tepi ka hiji lembur, manéhna pasangrok jeung pulisi. Teu antaparah deui, becir baé lumpat ka leuweung. Laukna satanggungan teu kapuluk. Pabelesat acak-acakan.

Eureun tina dagang lauk, Sudin sok ngingilu kuli ngala kalapa. Ka dituna malah lain ngan saukur ngingilu, tapi tuluy kaceluk, kapaké ku saréréa. Mun aya nu hayang dipangalakeun kalapa, pokna téh, “Cuan ulah teu diajak si Sudin!” Atawa, “Ngunjalanana mah engké baé nitah si Sudin.” Bedas Sudin mah tanagana. Pangawakanana jangkung badag, keker katénjona. Pundukna gé tangka mucunghul, pupundakan-balas hantem kagencétan ku rancatan.

“Ulah rorosaan teuing mawa kalapana, Din, bisi mopo!”

“Ngarah gedé buruhna!” Kitu némbalna mun aya nu ngélingan.

Mun sakalieun euweuh pagawéan, manéhna sok ngerem manéh di imahna. Lain imah meureun, leuwih merenah mun disebut saung, saung tutug. Meunang mangnyieunkeun saréréa waktu manéhna umangkeuh hayang boga imah. Asal baé imahna gé, asal mirupa. Kaina lain kai teuas, cukup ku mara jeung jéngjén. Hateupna gé lain ku daun kiray. Hateup eurih baé, diselang-seling jeung hateup daun sadang.

Turun ti Sumatera téh teu cara batur. Nu séjén mah kapan sok ngagarémbol duit, ladang ngajual cengkéh atawa kopi. Babawaan rébo, papakéan bruy-bray paginding-ginding. Nu matak ari arindit deui téh kudu baé aya nu milu duaan tiluan mah. Kabita majar téh, hayang mecakan bubuara di Sumatera.

Ari Sudin léngoh téh jeung saenyana. Papakéanana mah enya gagah. Tudung laken, lévis ka luhur ka handap. Ngan teu kungsi lila, da tuluy nungtut dijualan, dipaké barangdahar. Kolotna nu ngahaja disusul ka éta lembur, geus lila maot. Dulur-dulurna kabéh geus kerid peuti ka Sumatera. Nu matak Sudin suntrang-suntrung taya geusan pamuntangan.

Sababaraha bulan sanggeus manéhna cicing di éta lembur, mimiti katémbong talajakna nu mahiwal. Tina resep hulang-huleng, undak kana ngahariring tetembangan. Ka dituna, sok daék ngecebrek ngomong sorangan. Ari nu jadi jejer caritaanana, euweuh deui iwal ti lalakon hirupna di Sumatera. Hirup nu senang ceuk pangakuan manéhna mah.

“Ngebon kopi éta di Sumatera, Din?” Sudin gideug.

“Cengkéh meureun?” Angger gigideug.

“Ngandelkeun kuli baé?” Kalah nyéréngéh.

Langka daék cacarita ari aya nu naléngténg kitu mah. Nu matak mun bulan geus ngagedéan, nincak tanggal wewelasan-antara tanggal 13-15-sok aya nu ngeteyep ka gigireun imahna. Ngadon ngadédéngékeun, naon anu dicaritakeun ku Sudin.

Aya nu matak hémeng keur urang dinya. Lamun keur diintip didédéngékeun, Sudin téh sakapeung mah henteu ngacaprak teu karuhan, tapi ngagerendeng nyaritakeun lalakon hirupna. Omonganana bérés, ngaleunjeur. Hésé mun kudu nyebutkeun yén manéhna jelema owah. Nu matak aya nu boga sangkaan yén Sudin téh teu gélo, boa-boa ngan ukur gégéloan.

***

Peuting harita bulan ngempray, nincak tanggal opat belasna. Ti magrib kénéh Sudin geus ngerem manéh. Ngagerendeng ngomong sorangan.

Liwat isa, barang barudak nu sok ngarintip bubar, aya nu keketeyepan di gigireun imahna. Sudin mah jongjon baé ngecebrek, ngomong sorangan:

Sumatera nagri nu subur, najan werit loba jurig malaria. Kebon kopi kebon cengkéh kabéh géh meuhpeuy ku buah. Pedes ngareuy ngarambat di unggal tangkal. Mun ngahuma teu burung hasil mucekil. Euweuh bagong nu ngaganggu, aya gé gajah jeung beruk. Gajah sok ngareumpakan paré. Kitu géh teu burung jicir, dibeberik maké kohkol. Beruk mah sok pulang-paling. Wani ngulampreng ka saung. Maling kéjo maling lauk. Mandahna munggah wanian. Abong kéna monyét gedé, kabéjakeun aya nu maling budak sagala, nu keur diayun di saung.

Nu resep mah lamun cunduk usum mutil. Buah kopi kembang cengkéh, ngabayak unggal buruan. Hujan duit lain béja. Komo deui bangsa Ogan, gawé segut tani mukti. Caah kopi hujan duit, turun cengkéh loba emas. Kabéh bikang gogombrongan. Heuheueuyyy…kami gé milu sugih!

Barakatak Sudin seuri. Jep jempé, tuluy ngomong lalaunan kawas nu haharéwosan. Nu ngintip ngarapetkeun daun ceuli kana bilik, ngan weléh caritaan Sudin henteu sidik. Jep baé lila-lila mah teu kadéngé nanaon. Horéng geus saré, da tuluy kadéngéeun ku nu ngintip sada kérékna.

Isuk peutingna, Sudin ngecebrek deui. Gigireun imahna, nu ngintip geus ngajanteng deui. Nyalingker kana tangkal cau kawas nu sieun katangén ku batur.

Aing mah boga pangalaman éndah, Ming! Daék dia ngadéngékeun? Ceuk Sudin. Nu keur ngintip ngagebeg, tuluy noong lalaunan kana mata bilik. Disidik-sidik tétéla euweuh sasaha iwal ti Sudin. Keur sila andékak nyanghareupan cempor bari ngebul baé udud. Nu ngintip kerung sakedapan, nginget-nginget ngaran nu bieu kasebut.

Bangsa Ogan mah bikangna gareulis nya, Ming! Hanjakalna sok dikekesekkeun ku kolotna. Mun geus cunduk usum mutil, unggal poé gadis-gadis téh sok diabringkeun ka kebon. Balikna nyaruhun kopi atawa cengkéh sapikul séwang. Pakéanana lalandung, matak ridu nu nénjo. Esur gadis nu panggeulisna mah. Dia gé nyaho meureun, Ming! Sa-Bukit mah euweuh nu nandingan. Aing géh bogoh kaédanan. Heuheuy deuh!

Key Sudin seuri sorangan.

Dia géh bogoh pasti nya, Ming! Leumpangna ngalanggéor ari ti kebon. Sampingna ngagapuy nyapuan taneuh. Asa kadédéngékeun kénéh ngorosakna kalakay kopi ari manéhna ngaliwat. Lamun buukna digelungkeun, bréh baé katémbong pundukna. Konéng enay, matak kaédanan hayang nyabak. Hanjakal baé ari pasangrok jeung aing teu weléh tibuburanjat, laju lumpat tipaparatit. Aing géh sok geura-geura nyumput. Sieun manéhna bébéja ka bapana, atawa ka saha baé yén di éta pakebonan aya aing.

Handapeun batang kopi nu ngarumpuyuk aing sok nyalingker, Ming!

Nungguan nu marulang nyaruhun kopi atawa cengkéh ti kebon-kebon. Bari nungguan Esur deuih, sugan pareng ngaliwat ka lebah dinya. Nyaéta asa beuki panasaran baé éta ka manéhna. Lalaki mana nu teu hayang ngeukeupan gadis modél Esur. Kabéh babaturan geus nyobaan ngalalaga ngahéroyan. Poos, kabéh géh ngégél curuk. Nu mantak aing mah nékad.

Hiji waktu kabeneran sorangan éta manéhna. Euweuh nu ngiringkeun. Geus marulang tiheula meureun kawantu geus burit. Korosak-korosak sada kalakay katincak. Aing curinghak. Enya baé Esur ngalanggéor. Jleng baé aing ngaluncat ka jalan, ngabadega hareupeunana.

De’deu…., de’deu paca!” Ceuk manéhna bari amuk-amukan barang leungeunna dicekel téh. Beungeutna sepa taya getihan. Aing beuki napsu mireungeuh manéhna teterejel hayang leupas téh. Beuki gereget hayang geura ngarangsadan, mana teuing! Riud baé awakna dipangku, dibawa ka ruyuk. Sungutna dibekem, pakéanana hiji-hiji diuculan.

Key deui Sudin seuri, ngehkey mani lila. Pok deui:

Geus sababaraha kali aing kitu? Bating, teu sacongo buuk mun dibandingkeun jeung kajadian harita. Tapi…..

Tapi ti harita aing teu wani ngulampreng deui ka Bukit. Musuh aing beuki nambahan, Ming!

Sudin daria ayeuna mah ngomongna.

Aing laju mabur ka jauh. Ngaprak ka pilemburan séjén, ka umbulan, ka kebon-kebon. Ti Bukit aing ngalolos ka talang Giham. Ngurubut ngasruk leuweung, bras ka talang Sakincaw. Terus ngoréléng ka daérah timur, mileuweungan migunungan, jog baé ka Kalianda. Ti dinya géh norobos deui, tepi ka bras baé ka Waymulih.

Sudin ujug-ujug rarat-rérét kawas nu sieun ngadak-ngadak.

Aing diudag-udag baé, Ming! Disiar ku unggal hulu. Babaturan loba nu modar di ditu!

Sudin ngudupruk, nyuuh kana palupuh.

Dia géh euweuh di dieu, Ming! Dia géh geus paéh di Sumatera. Aing nimu béja yén dia katémbak di Kotabumi. Nu mantak cadu aing daék indit deui ka Sumatera. Rék cicing baé di dieu tepi ka iraha géh. Aing sieun paéh, Ming! Sieun paéh!

Ulah, ulah aya nu nyusul ka dieu. Si Sudin geus jadi tukang lauk, jadi tukang kuli, lain jelema nu sok ngagadabah gadis Ogan. Lain bégal nu sok megatan nu maranggul kopi jeung cengkéh.

Lila Sudin nyuuh bari ceurik ngagukguk.

Di langit bulan masih kénéh moncorong. Sakapeung alum kahalangan reueuk. Ngagayuh ka tengah peuting reup baé poék, karungkup pepedut nu hideung ngadingding. Peuting éta, méh sapeupeuting Sudin ceurik ngagukguk.

Isukna, guyur salelembur. Sudin kasampak geus ngajoprak baloboran getih. Kekemplongna soék, tapak balati.

Katerangan sawatara istilah:
1. beruk: monyét gedé.
2. kading: kétang.
3. burung: atuh.
4. Manjau di bingi: ngaran siaran lalaguan nu populér di RRI Tanjung Karang taun 1970 nepi ka 1980-an, acarana sok tipeuting.
5. endung: embung.
6. hop: pék, kop.
7. cuan: omat.
8. tudung: topi.
9. mutil: metik.
10. Ogan: ngaran sélér bangsa di Lampung.
11. De’deu…., de’deu paca!: basa Ogan, hartina “henteu, teu bisa!”
12. talang: lembur.

Hadi AKS

Hadi AKS

Pangarang Sunda nu gumelar di Citapis, Pandeglang kaping 16 Méi 1965. Karya-karya anu geus medal mangrupa buku di antarana: novél Saéni (2014), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan carpon Kalapati (2012).

All stories by:Hadi AKS
Hadi AKS

Hadi AKS

Pangarang Sunda nu gumelar di Citapis, Pandeglang kaping 16 Méi 1965. Karya-karya anu geus medal mangrupa buku di antarana: novél Saéni (2014), kumpulan sajak Ombak Halimun (2002), kumpulan carpon Oknum (1998), kumpulan carpon Kalapati (2012).

All stories by:Hadi AKS
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.