Simpé di Pasir Maria

820 820 Nazarudin Azhar

Peuting karasa tingtrim. Tangga garéja nu dijieun tina kai katémbong lening, kasorot ku cahya lantéra nu ngagantung tina palapon téras, nu cikénéh diseungeut ku kuring. Diusap ku ramo, beresih. Jigana sok aya kénéh nu sasapu. Atawa sok aya dampal nu ngaliwatan ieu tangga, nu rék ngadon ibadah di ieu wangunan nu wandana teu robah ti saprak diadegkeun baheula. Di jero garéja, Yésus kalayan sabar nganti nu datang, masrahkeun jiwaNa pikeun panglipur umat. Anjeunna kalayan deudeuh ngusap cimata singsaha waé nu keur nandangan kasedih, mun seug urang sumerah, husu masrahkeun sagala katuna diri. Sakumaha nu kungsi dicaritakeun ku indung kuring, Anjeunna bakal datang, jeung saéstuna, salawasna marengan dina kalbu nu wedel ku kaimanan.

Peuting keur ngarerepkeun sakur kaguligah. Angin jail nu teu témbong jirimna mugurkeun salambar kalakay daun jambu di buruan garéja, ngusap ipis kana buuk terus ngaléos duka ka mana. Di sabudeureun garéja, ukur aya sora jempling. Sora jangkrik atawa nu sawanda, can kadéngé midang. Atawa mémang peuting ieu mah ngahaja ngareureuhkeun sorana, méré luang pikeun kuring sangkan laluasa medar sora hariring tina sakur panineungan.

Jalan leutik béh ditueun buruan, sarua simpéna. Taya nu ngalalar. Saha, tuda. Najan kakara jam sakieu, can lila liwat Isa, tapi lembur di sabudeureun geus kosong. Mun téa sok aya kénéh nu datang ka ieu garéja, meureun ukur nyelang pikeun beberesih, kajurung ku rasa mibanda.

Di dieu, kuring keur nyandingkeun diri kuring ti mangsa nu geus kalarung. Sakabéh nu geus mutlak milik kuring, ditataran, diimpleng deui kumaha rasa nu bedah sabot keur ngalakonanana, dirékontruksi deui dina ingetan, diwangun ulang dina kalang kasono. Kaayaan di sabudeureun nguniangkeun imajinasi nu liris. Paroman tatangga di sabudeureun garéja tingkolébat, seuri, manggut. Imah maranéhna hégar ku kekembangan, lambang silaturahmi nu teu weléh ligar ngabaeukeun. Sakapeung aya kendaraan nu ngaliwat ka hareupeun garéja. Ukur sakapeung, teu mindeng, puguh ukur lembur leutik. Ukur aya welasan imah. Salah sahijina urut imah kolot kuring.

“Wios ngiring maturan?”

Kuring ngalenyap. Di gigireun geus aya nu nangtung, terus diuk rinéh pisan.

“Ti tatadi katingalna anteng pisan melong jalan,” pokna bari imut. Paromanna cahayaan. Jeung–nu ngalantarankeun awak kuring karasa beku, buuk jeung janggotna… Kuring wanoh, tapi…

Katémbong manéhna seuri ipis, bari ngarapihkeun tungtung jubah bodasna.

“Tangkal jambu téh daunna masih kénéh liuh, padahal saumur jeung ieu garéja,” pokna. Sorana halimpu, tapi ngandung wibawa. Lentong nyaritana lir harmoni nu mampuh nengtremkeun singsaha waé nu mireng.

“Manéhna masih sok kembangan. Bodas. Mun kembangna keur bener-bener loba, manéhna jiga nu kalimpudan ku salju. Jigana lantaran hal éta pangna bapa anjeun melak éta tangkal di dinya. Mapaésan ieu garéja ku kembangna nu éndah…”

Enya, Apa nu ngawangun ieu garéja téh, basa kuring keur budak kénéh pisan. Apa nu ngararancang jeung migawé pirangkayeunana. Kuring ngadéngé dongéngna ti Ema.

“Salira kenal pisan rupina mah ka pun bapa…” Kuring ahirna bisa ngaloloskeun hiji kalimah pikeun nyarita, tur temahna dada karasa ngemplong.

“Tangtos kenal pisan. Bapa anjeun nu ngawangun ieu garéja, tina kai petingan nu diala ti sabudeureun ieu pasir. Mun peuting jiga kieu, bapa anjeun sok ngahajakeun datang, pikeun nyaksén kaéndahan lampu-lampu kota nu tingkaretip di kajauhan, ti loténg nu diwangun na cungkup ieu garéja. Lukisan cahaya nu kacida éndahna…” pokna bari neuteup ka jauhna.

Kuring gé baréto mindeng ngalangeu di loténg ieu wangunan. Loténg dina cungkup suhunan nu bangun ngahaja dijieun pikeun singsaha waé nu hayang nyorang éndahna peuting di pepenclut ieu pasir. Dalah mun beurang gé, teu ngurangan kaéndahanana. Urang bisa nyoréangkeun pelong ka jauhna, kana lamuk paul gunung nu tepung jeung tungtung langit. Sanggeus sakitu taun, kuring ngarti, yén loténg nu disina ngeblak teu dikacaan téh, ogé dijieun pikeun kasenangan Apa sorangan. Mun Ema tos tibra, Apa sok ngahajakeun datang ka ieu garéja, ukur pikeun diuk nyorangan di dinya. Kuring apal, da kungsi rerencepan nuturkeun.

“Ihsan?” Apa nyorotkeun sénter kana beungeut kuring.

“Hayu!” cenah, basa ningali kuring kalah ngajengjen.

Kuring ngiclik nuturkeun Apa, ka garéja. Diajak ka loténg, terus diuk dina korsi kai nu geus nyampak di dinya. Bari nyeuseup padudan nu bakona melenghir seungit, Apa bangun nyalsé neuteup ka lebah léngkob nu ditarétés cahaya, jiga lumar dina saamparan mongkléng.

Ti ieu pasir ka kota téh jauh pisan. Saméméh nyorang jalan aspal, mun rek ka kota téh kudu nyorang heula jalan koral nu arula-arileu, ukur jalan leutik, nu mun aya mobil perewis téh duanana kudu mépéd pisan ka sisi. Mangkaning beulah katuhu ti lebah lembur mah, sisi jalan téh gawir. Kuring sok bungah mun ku Apa diboncéng kana sapédah mapay éta jalan, saban poé Jumaah. Kuring jeung Apa sok jumaahan di Kampung Muslim, nu aya di landeuh. Di Pasir Maria mah, enya di dieu, ukur aya garéja.

Ceuk Ema, Apa ogé nu ngararancang wangunan masjid di Kampung Muslim. Masjid nu ogé diwangun tina kai, di sisi walungan leutik, wétaneun kampung. Kalan-kalan mun balik ngala suluh, kuring jeung babaturan sok mandi di éta walungan. Mimindengna di Curug Suni, curug leutik dina gawir Pasir Cilangla, teu jauh ti éta masjid.

“Bapa anjeun téh jalma nu micinta kaéndahan,” ceuk nu diuk gigireun kuring.

Kuring maling rérét, neges-neges, irungna mancung, buukna ngarumbay samet taktak. Panasaran hayang nanya ngaranna, bisi enya ceuk nu dina sangkaan, tapi…

“Muhun,” ceuk kuring, sakikituna.

Manéhna imut. Cahaya lantéra karasana leuwih caang tibatan saméméhna. Kuring bisa leuwih écés ningali beungeutna, tapi teu wani lila melongna.

Apa mémang resep pisan kana kaéndahan. Milih cicing di ieu kampung gé, henteu di Kampung Muslim, lantaran cintana ka Ema. Béntang lembur cenah ceuk kolot séjén, ngeunaan Ema keur ngorana.

Baheula, kabéh urang dieu salembur, tur ngagem kayakinan warisan karuhun nu ceuk pamaréntah kudu ditinggalkeun. Ieu téh carita ti Ema. Kahirupan warga nu saméméhna ayem tengtrem, ngadadak robah ku datangna paréntah ti aparat, sangkan urang lembur milih agama nu disahkeun ku pamaréntah. Cenah, asalna mah basa datang patugas pamaréntah nu ngadata warga, sangkan nyieun KTP. Ti dinya masalahna, agama karuhun téh teu diaku. Warga keukeuh dina kayakinanana, nu maréntah keukeuh da cenah aya aturan nagara nu teu meunang dirempak. Warga dipaksa kudu milih agama nu aya, sakumaha paréntah téa. Urang lembur disebut kapir, komunis, mun teu nurut kana kahayang pamaréntah. Malah dina hiji waktu kungsi aya kajadian nu ngabalukarkeun urang lembur katalangsara. Tengah peuting aya dua imah kahuruan, nu terus ngarémbét ka imah-imah séjén. Teu katungkulan da puguh kabéh gé imah panggung, bilik awi hateup injuk, tur padareukeut. Dina kaayaan sarwa walurat lantaran kabéh kudu hirup dina wangunan darurat nu dijieun ku aparat kacamatan, harita datang ulama, datang pendéta, datang tokoh nu ngada’wahkeun agamana. Urang lembur sina milih. Apa jadi muslim, Ema asup Katolik. Keur bujang jeung lanjang kénéh. Tapi dua agama anyar nu jadi ageman téh, teu bisa misahkeun rasa cinta nu tumuwuh dina haté duanana. Maranéhna kawin, tur Apa jadi urang kampung Pasir Maria, ngawangun ieu garéja.

Sabenerna, alesan naha kampung urang dieu jadi misah, lantaran kabeneran. Kuring teu apal kumaha peresisna, tapi ceuk Apa, warga kampung nu ngagem Agama Islam milih ngadegkeun masjid di deukeut walungan, sedengkeun warga nu Katolik milih ngawangun garéja di penclut ieu pasir, nu terus nelah Pasir Maria.

Sedengkeun kampung nu baheula kahuruan, di béh kalér, kiwari geus jadi hutan lindung. Pikeun gantina, pamaréntah nyadiakeun lahan nu kiwari jadi dua kampung nu misah téa.

“Panineungan téh banda nu gedé ajénna. Urang bisa ngeunteung di dinya.”

Kuring unggeuk.

“Waktu terus ngamalir, tepi ka tungtung panghujungna. Saacan tepi ka ahir, sakur manusa kudu nyorang takdirna séwang-séwangan. Kitu pisan nu ngaranna kahirupan…”

Kuring ngarénghap jero. Ngalelerkeun kasedih. Manéhna nepak laun kana taktak.

Kuring nangtung, terus nuturkeun manéhna bari ngajingjing lantéra. Asup ka jero garéja. Nété tangga ka loténgkeun di kéncaeun altar. Eusi garéja katémbong bareresih, jiga aya nu sok rutin miara.

Jiga nu baheula sok dilakukeun ku Apa, manéhna diuk dina korsi kai. Kuring dina korsi gigireunana. Melong ka landeuheun, ngaliwatan jalan jeung gunclukan imah-imah nu kiwari parongpong taya nu nyicingan. Marongkléng.

Ieu pasir kiwari geus lain milik urang lembur. Aya pangusaha jugala ti Jakarta nu ngaku boga bukti kuat tur geus disahkeun ku pangadilan, yén manéhna nu mibanda ieu lahan. Cenah ieu téh tanah kolotna, duka sabaraha rébu héktar, urut kebon kopi jaman Walanda tur kungsi dikawasa ku pamaréntah. Enya, jaman geus robah. Ayeuna mah geuning saha waé gé bisa ngagugat pamaréntah, bisa nyingkirkeun batur, komo nu kasebut deungeun-deungeun, asal boga kakuatan jeung bekelna. Euweuh nu disebut rasa kamanusaan téh, mun geus nyangkut harta banda mah. Urang lembur teu bisa kumaha, lian ti kudu nyingkah bari mawa katunggarana séwang-séwangan. Maranéhna ukur apal, cicing di dieu téh lantaran nya di dieu diperenahkeunana ku pamaréntah harita. Sedengkeun tanah lembur nu saméméhna gé, nu kiwari jadi hutan lindung téa, maranéhna teu apal naha éta téh tanah karuhunna atawa lain. Taya bukti nu bisa jadi andelan.

Di tukangeun ieu garéja aya makam Ema jeung Apa. Tadi burit kuring jarah ka dinya. Basa Lebaran nu geus kaliwat, kuring teu pareng datang ka dieu, lantaran pangersa Kiai Maksum, pamingpin pasantrén tempat kuring diajar terus dihiras ngawulang di dinya, ngajak kuring silaturahmi ka sababaraha kiai di kota séjén. Kasempetan nu ogé gedé pisan ajénna pikeun kuring. Nya poé ieu, kuring karék bisa nadran, maca tahlil jeung surat Yasin pikeun kolot, lantaran ukur éta nu bisa dilakukeun sanggeus duanana tilar.

Kuring dikawasa deui ku kasimpé. Tatangga di ieu kampung geus incah, aya nu nyiruruk di barayana nu aya di kampung séjén, aya nu milu program transmigrasi, réa nu teuing ka mana miangna. Teuing naon nu engké bakal diwangun ku nu ngawasa ieu tanah, nu geus ngarebut kabagjaan urang lembur sakabéh.

Cipanon kuring teu kaampeuh. Amparan cahaya di landeuh jauh katémbong halimunan. Halimun nu ogé geus heubeul nyimbutan leuweung nu tumuwuh dina urut kampung, tempat sagala titinggal karuhun kahuru, jadi ruhak, nu ruhayna boa teu kungsi pareum.

Apa, di ieu loténg dina hiji peuting kungsi nyarita, sabot nyawang ka lebah dinya.

“Sakabéhna ancur, jadi lebu, iwal nu nyésa dina dada,” pokna, harita. “Apa ukur bisa nyawang naon nu geus kungsi kajadian, sagala kaéndahan, kasangsaraan, nu kungsi kaalaman di kampung urang baheula, ti dieu…”

Boa rasa nu ngalantarankeun sora Apa teu tatag harita, nu kadéngé dareuda, sarua jeung nu kiwari ku kuring dirasakeun. Kuring keur aya dina ulekan mélankolia, kasedih nu ngalantarankeun kuring ngarasa bener-bener aya di saban kajadian nu ku Apa dicaritakeun baheula, sabot melong kelemeng imah-imah karosong di béh ditueun jalan.

Nu keur diuk gigireun, ngusapan kana tonggong kuring.

“Sakabéhna geus kacatet dina lambaran kaabadian,” pokna.

Kuring ngusap cimata ku ramo. Karérét manéhna imut. Teuteupna liuh.

“Sono pisan ka Ema jeung Apa…”

“Aranjeunna geus nyangking kabagjaan…” cenah.

Kuring nyebut aamiin, dina haté. Manéhna imut deui, saméméh miang ku cara nu sarua basa manéhna datang. Basa dirérét sanggeus sababaraha kedapan, manéhna geus ilang. Karasa bulu punduk muriding, tapi ingetan yén nu datang téh meureun tina implengan kuring, atawa mémang geus kitu nu kuduna kajadian, kuring ngarasa tingtrim.

Kuring meuntasan peuting di dieu, sorangan, disimbutan ku haneutna panineungan. Dina kelir wanci nu riakna témbong alon, kuring nyaksian deui jalma-jalma nu ku kuring dipikanyaah, nu geus ngalantarankeun kuring mibanda pakaya batin nu kacida gedé hargana.

Kapireng deui Ema ngahariring. Kadéngé deui jentréng kacapi Apa dina sora nu leuwih duméling. Kawih nu keur ngagungkeun nu ngawasa langit jeung bumi, nu ngawasa alam pawenangan jeung kalanggengan.

Tasikmalaya, Juni 2020

Nazarudin Azhar

Nazarudin Azhar

Lahir jeung dumuk di Tasikmalaya. Kumpulan sajakna, Miang (2017) dilélér Hadiah Sastra Rancagé.

All stories by:Nazarudin Azhar
Nazarudin Azhar

Nazarudin Azhar

Lahir jeung dumuk di Tasikmalaya. Kumpulan sajakna, Miang (2017) dilélér Hadiah Sastra Rancagé.

All stories by:Nazarudin Azhar
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.