Sajak Sunda Ti Mangsa Ka Mangsa

820 820 Lugina De

Catetan Sabéngbatan kana Kamekaran Sajak Sunda ti Taun 1950 nepi ka 1970-an.

Taun 1992, kungsi medal buku antologi Saratus Sajak Sunda wedalan Geger Sunten, anu diéditoran ku Abdullah Mustapa. Eusina ngamuat 100 judul sajak Sunda, ditulis ku para pangarang Sunda ti mangsa sabada kamerdikaan tug ka entragan pangarang panganyarna (taun 1990-an). Dina judulna ditétélakeun, yén éta buku téh minangka pangbagéa pikeun miéling sajak Sunda anu geus nincak umur 46 taun. Sidik pisan, lamun nyanghulu kana katerangan éta buku, wangun sajak dina sastra Sunda téh mimiti munculna sabudeureun taun 1946-an.

Tangtuna ogé istilah sajak anu dimaksud dina ieu tulisan téh nyaéta wangun sajak bébas, lain sajak anu maké patokan kawas sonéta, anu kungsi populér dina sastra Indonesia taun 1920-1930-an. Naha dina mangsa taun 1920-1930-an wangun sajak anu maké patokan téh kungsi hirup dina sastra Sunda? Mungkin waé. Ngan nepi ka ayeuna can kapanggih conto karyana. Kungsi éta ogé MA Salmun nulis sajak sarupa kitu. Tapi kakara dina taun 1950-an, bareng jeung mucunghulna wangun sajak bébas dina sastra Sunda.

Nu sidik, wangun puisi anu populér saméméh kamerdikaan mah nyaéta dangding. Ngan dina mangsa harita, taya kasapukan anu jinek naha dangding téh kaasup kana wangun sastra atawa lain. Bubuhan harita mah dangding téh eusina pacaruk. Ti mimiti perkara atikan, tatanén, nepi ka silih suratan, lumrah pisan harita mah ditulis maké wangun dangding.

Kis. Ws. jeung KTS
Dina sastra Sunda, pangarang anu kaasup pionir sajak bébas téh nyaéta Kis. Ws. (Kiswa Wiriasasmita) jeung KTS (Kadir Tisna Sujana). Dina buku Saratus Sajak Sunda, aya hiji sajak Kis. Ws. anu dianggap sajak bébas pangmimitina dina sastra Sunda. Judulna nyaéta “Ilangna Mustika”. Éta sajak téh (mimiti) ditulisna taun 1946.

Ilangna Mustika

lebah ieu puseur bumi
nu kamari gonjing ku lini
ayeuna ngaplak sagara motah
tineung mumbul séah ngagalura

jerit aral diajam maratan méga
kalah mendal neunggar cakrawala
aya pamayang kaalunkeun ka basisir
rubuh bari teu kendat kukubuk
ka nu nyiptakeun laut

angin lirih dina sela-sela dikir
ngendat sakedep lacak nu ilang:
beurang teu aya nu langgeng
peuting teu saendeng-endeng
ngarusapan ngagerihan kuma’ urang

di teluk liuh
subuh parahu balabuh
ki pamayang ayem ngaharéwos alon:
beurang-peuting anu urang
sagala-gala keur urang
ayeuna kula narima
sakabéhna!

Cideres, …. Juli 1946
Ciamis, 20 Pébruari 1986

Sabada révolusi, Kis. Ws. kungsi mantuan surat kabar Sipatahunan anu karék medal deui taun 1950. Nya dina Sipatahunan Kis. Ws. mimiti ngumumkeun sajak-sajakna, bareng jeung KTS. Dumasar katerangan dina buku Kesusastraan Sunda Déwasa Ini, KTS téh pangarang anu pangmimitina ngamuatkeun sajak dina Sipatahunan.

Sabada Kis. Ws. jeung KTS ngumumkeun sajak-sajakna, dina Sipatahunan muncul tulisan anu eusina nolak kana wangun sajak Sunda. Anu nulisna nyumput satukangeun sandiasma Ki Sunda. Pokna, wangun sajak mah teu bisa ditarima dina sastra Sunda, lantaran geus aya wangun puisi buhun anu disebut dangding. Nya ti dinya tuluy timbul polémik antara Ki Sunda jeung Kis Ws katut KTS. Tapi teu lila.

Ari polémik anu kadua mimiti munculna dina majalah Warga, antara Wahyu Wibisana jeung Yuyu Yuliati, sabudeureun taun 1955. Leuwih ramé ti polémik kahiji dina Sipatahunan cenah ieu mah. Réa pangarang milu mairan –boh anu sapuk boh anu nolak. Dina kalawarta LBSS nomer 1 taun 1995, Wahyu Wibisana ngaku yén Yuyu Yuliati téh taya lian Wahyu Wibisana sorangan. Ari anu jadi alesanana nyieun tokoh fiktif Yuyu Yuliati téh cenah lantaran harita dialog perkara hak hirup sajak dina sastra Sunda téh can enya-enya réngsé.

Lalaki di Tegal Pati
Sabada polémik, anu narulis sajak dina basa Sunda tuluy nambahan. Kaasup ogé anu sok narulis sajak dina sastra Indonesia, kayaning Wing Karjo jeung AS Dharta. Panyajak Sunda harita anu kaitung nyongcolang di antarana Surachman RM, Dodong Djiwapradja, Sayudi, Apip Mustopa, jeung Eddi Tarmidi. Wangun sajak dina mangsa harita kaitung leubeut ku sajak-sajak balada. Réa ogé anu ngagambarkeun atawa nyaritakeun konflik sosial, utamana masarakat leutik anu katideresa.

Taun 1963, bisa disebutkeun wangun sajak téh geus sah jadi bagian tina sastra Sunda. Ari anu jadi calecerna nyaéta medalna buku antologi karya sastra Kanjut Kundang anu disusun ku Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga, katut buku antologi sajak mandiri beunangna Sayudi, Lalaki di Tegal Pati, anu teleb ku pangaruh carita pantun.

Sabada taun 1960-an, panyajak entragan anyar mimiti makalangan deui. Upamana waé Rahmat M. Sas. Karana, Eson Sumardi, Yayat Hendayana, Abdullah Mustapa, Yous Hamdan, Usep Romli HM jeung réa-réa deui. Malah katambahan ogé ku sawatara pangarang-panyajak ti jurusan basa Sunda PTPG Unpad (ayeuna UPI), kayaning Karna Yudibrata, Yus Rusyana, Ami Raksanagara, jeung Dedy Windyagiri. Tina ajén éstétika mah sajak-sajak ti panyajak entragan 1960-an téh teu pati géséh jeung sajak-sajak ti panyajak saméméhna.

Di antara entragan panyajak taun 1960-an, kawasna Rahmat M. Sas. Karana anu kaitung punjul téh. Rahmat kaasup panyajak anu produktif tur enya-enya daria dina makayakeun sastra Sunda. Taun 1967 medal kumpulan sajakna, Ombak Laut Kidul, anu dilélér pangajén Moh. Ambri ti PP-SS. Lima taun ti harita, medal deui buku kumpulan sajakna, Tepung di Bandung. Dina sajak-sajakna, katémbong aya tarékah anu maksimal dina ngolah métafora. Urang cutat sawatara contona.

Awéwé-awéwé nu mawa sawarga ‘na leungeunna
kuku maung ‘na haténa
di tempat nu remeng-remeng, maranéhna ngajaranteng
ngadagoan kuda nu boseneun jukut di kandang
manuk nu poho ka bojo jeung endogna dina sayang
(Sajak “Leumpang Peuting”)

Kacapi ngemprang na lahunan peuting
sorana dibawa ku leungeun-leungin angin nu gaib
neumbag kana pucuk-pucuk kembang
dahan asih paramojang
(Sajak “Kacapi ‘na Peuting Sepi”)

Jagat Pati Godi
Salian ti panyajak-panyajak entragan awal, dina taun 1970-an jul-jol panyajak ti entragan anyar. Upamana baé Eddy D. Iskandar, Yoseph Iskandar, Beni Setia, Juniarso Ridwan, Deddy Efendie, Godi Suwarna, Etti RS, jeung Taufik Faturohman. Di antara panyajak anu bieu disebutan, nya Eddy D. Iskandar anu pangheulana medalkeun buku kumpulan sajak, Nu Ngaronghéap Mangsa Surup, taun 1977. Néma kana Jagat Alit beunangna Godi Suwarna, taun 1979.

Salian ti nulis sajak dina basa Sunda, Juniarso Ridwan jeung Beni Setia dipikawanoh ogé minangka panyajak dina sastra Indonesia. Sarua jeung Karno Kartadibrata, anu kungsi medalkeun kumpulan sajak Lipstick. Ari Eddy mah sohorna dina sastra Indonesia téh lantaran novel-novel popna anu dipikaresep ku rumaja jaman harita.

Béda jeung kumpulan sajak saméméhna anu leuwih loba ngangkat gambaran alam katut kahirupan di tatar Pasundan, jejer sajak-sajak dina Jagat Alit mah metot ka jero, teleb ku krisis individual pangarangna. Nya dina Jagat Alit ogé mimiti katémbong pangaruh tembang Sunda dina sajak-sajak Godi périodeu awal. Upamana dina répétisi ungkara anu ngaharib-harib kana gaya ngarajék dina tembang.

Sakali mangsa indung peuting bakal cunduk
Geus karasa ramo-ramona nu simpé
Ngetrok panto lalaunan, lalaunan
(Sajak “Aya Sajak nu Can Tamat”)

Jalan nanjak sanggeus girimis miripis
Aya nu gugupay ti péngkolan: Saha?
Jungkrang nu ngalungkawing atawa
Simpé taya sasaha, taya sasaha
(Sajak “Nu Miang”)

Etti RS deuih nu kaasup istiméwa téh. Bubuhan kaasup panyajak wanoja anu kaitung produktif. Najan karék medalkeun buku kumpulan sajak taun 1984, nyaéta Jamparing, kawasna nya Etti pangarang wanoja anu munggaran medalkeun buku kumpulan sajak téh. Malah katémbong pisan Etti RS mah ngahususkeun diri kana nyajak. Carpon-carponna mah nepi ka ayeuna bisa diitung ku ramo.

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.