Fb. In. Tw.

Sajak-Sajak Rudi Riadi

Sapanjang Jalan Saritem

Sapanjang jalan saritem
panon mah ngagayem hieum.
Ramo-ramo  gugupay saparat jalan nu kapapay.
Waruga ngajirim sawarga
basa anjeun ngajak nanjak jeung hégakna

Sapanjang jalan saritem
taya asih nu disidem.
Di dieu, cinta téh kolébat kilat.
Répéhna ukur ku récéh.
Wanoja-wanoja rapang ngabar-ngabar birahi.
Tina sela-sela nasibna.
Maranéhna nyawang ka anggangna.

Sapanjang jalan saritem
biwirna ukur baralem.
Sabot lapat-lapat aya lapad ti bumi-Na.
Cimata lain teu suda ku carita dareuda
Keur maranéhna, sajadah ukur sajarah.

Bandung, 2019

 

Tungtung Waktu

Nilepan deui wanci ku hégak sajak
Basa detik rék ngoléséd ka isukan
Can reureuh mikangen heubeul
Tapi léngkah kudu diwelah
Najan tapak ngajak rampak ngahariring pileuleuyan.

Di dieu, dina babancik mangsa
Sabot leugeut jeung peuheurna
Jadi silhuét panineungan
sorangan nyawang sorangeun

Ngagulung deui waktu ku geuri puisi
Basa menit mimiti indit ka jaganing
Can laas mihéman lawas
Tapi keupat kudu terus kebat
Muru harepan jeung pangbalikan.

Di dieu, dina ruruhit peuting
sabot bungah jeung tugenah
ngalayang ngalangkangan
nunggelis neuteup girimis.

Bandung, 2019

 

Hiji Peuting Nu Beureum

Di Basisir Carita
ratusan raga mungkas carita
Kasaput laut nu muput maut
Lambak galak meredih getih

Lagu liwung di Tanjung Lesung
mirig kikisik. Tina jerit itungan menit
tuluy simpé mépéndé poék.

Bugang nu mulang ka Sang Wenang
Lain tumbal nu Maha Tunggal
Nya takdir nu geus diukir

Du’a jeung cimata kuring, dulur
Marengan kujur nu dipulut umur
Masing tingtrim disimbut laut

Bandung, 2019

 

Élégi Jangji

Mending teundeun ieu puisi dina laci
sangkan teu apal kasarakahan angin
Kasabaran hujan
tur kaadigungan palu sidang

Mending simpen ieu ungkara
dina akun pribadi
Sangkan teu jadi paraji jangji
Parancah sajarah
sarta dongéng pasosoré

Galantangkeun baé na jero ati
karémpan béas nu pinuh keusik
guligah keretas ka mesin potokopi
atawa tingtrimna gula gigireun kopi.

Bandung, 2019

 

Urang Bakal Terus Babarengan

Urang bakal terus babarengan
Ngitung réméh nu nyésa dina piring
Ngaregot cikopi jeung gegedohna

Urang bakal terus babarengan
ngawurkeun asih jeung cimata
Dina tetengger harepan

Bandung, 2019

Post tags:

Lahir di Bandung, 11 Februari 1971. Karya-karyana mangrupa carpon, sajak jeung esai dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Minggu Pagi, jrrd. Taun 2000 dilélér Hadiah LBSS pikeun carpon jeung esai.

You don't have permission to register