Pisah

820 820 Dédén Abdul Aziz

1
CEUK manéh kénéh, kapan hirup mah kadar anjang-anjangan, lin?

Teu nyalahan rumor nu geus nepi saméméhna, manéh tulus ménta pepegatan. Kalawan tatag manéh ngajak mungkas lalakon laki-rabi ku jalan mawa léngkah séwang-séwang. “Geus nepi kana waktuna, Kaka. Urang mawa takdir masing-masing,” ceuk manéh harita.

Teu siga Néng Déwi nu dareuda dibarung bedah cimata basa diséléhkeun ka kolotna, manéh bébéja hayang pipisahan éstu ku basa nu basajan.

Duh, Gusti. Naha teu sedih basa manéh wakca. Meureun kulantaran papada urang, uing jeung manéh, geus teu bisa ngedalkeun rasa sungkawa jeung empati.

Da puguh enya. Barina gé, naon deui atuh nu kudu dipikasedih? Hubungan laki-rabi geus teu bisa ngahiji deui mah nya kari nungtung. Rék boga jalan séwang-séwang kari prak. Rék indit masing-masing gé kari jig. Kari pada-pada nyingkah. Biasa lain? Anggur mun bisa mah silihdoakeun keur kahadéan saréréa. Sugan wé dina kahirupan nu anyar bisa manggih deui kasuka nu leuwih.

Manggih kahayang jeung manggih papasangan hirup. Kitu, lin?

Hirup mémang teu béda ti drama. Dunya jadi panggungna. Sakur nu kumelip di bumi, kadar wayang nu diigelkeun ku kawasa Sang Dalang. Uing wayang. Manéh wayang. Néng Déwi ogé wayang. Wayang nu ngan miboga kahayang. Uing jeung manéh pada-pada boga kahayang. Néng Déwi ogé pasti boga kahayang.*

2
ASA hayang ngusapan biwir nu bareulah téh ku ramo-ramo baseuh. Biwir nu maksakeun ngarenyu. Najan ukur bisa sakitu-kituna. Padahal, giler panonna teu reureuh ngagalura, nembrakkeun bangbaluh, pinuh ku kanyeri nu banget nyeuit.

Panonpoé coklat. Sésa ambekan. Galur-galur bangbaluh nu siga mingkin ngagalura basa awak nu rengkung téh usik. Hayang cengkat. Saised, saised, waktu nu dibutuhkeun ku manéhna lir jarum jam nu muter anca pisan.

Manéhna ngagésér, ngadeukeutkeun awak. Bangbaluh téh karasa sumarambah basa awak nu layu téh napel kana awak deui. Kulit jeung kulit. Milu rapet ogé rasa nyeri jeung peurihna. Kiceupna nu linduk ménta pangrungrum.

Rada kagok basa leungeun ngarongkong sirahna. Dibantun, diteueulkeun kana dada.

Ah, siga nu hayang nyegruk. Geuning, ngan sora humarurung nu kaluar tina biwir nu bareulah téh. Sedengkeun citangis teuing ka mendi. Saat tina sungapanana.

Uing gé ngarti, gerentes téh. Uing paham pisan kana kaayaan sarupa kieu. Sabab, mindeng manggihan kondisi manéhna nu teu walakaya siga kieu. Tapi, unggal manggihan manéhna kieu, kasedih jeung karémpan téh tara pisan ngurangan.

Uing ngarti, kondisi manéhna aya dina ambang kasadaran. Antara nyata jeung teu nyata. Niscaya.

Princess, cék manéh téh.

Enya. Siga putri.*

3
IN sanctus dis frontalo compar et nocturn, nihilus arachtes dixum.” 1)

Apaan tuh?” Manéh nyikikik.

“Shhhhhh!” Awak manéh nu rapet satengah disiku. Tungtung siku téh rada meneran pisan kana dada nu hipu.

“Manéh unggal poé diparabunan nu kitu?”

“Shhhhhh!”

“Pantes urang parawan kénéh nepi ka ayeuna!” Manéh nyikikik deui.

Uing seuri maur.

“Kaluar, yu!” Manéh ngaharéwos. “Urang muringkak di dieu mah, asa di kuburan. Dosén manéh éta téh? Saha ngaranna?”

Laju nulis dina keretas kosong. “Prof Hugi Adams.”

Who give a damn?” Manéh ngaharéwos, jahat. “Kasép ogé dosén téh, komo mun bisa ngomong Malayu mah!”

Ah. Manéh mah…*

4
“URANG teu hayang nanaon. Teu boga rasa nanaon. Sanajan uing butuh ku manéh. Maksud téh, naha kudu maké rasa? Cék urang, hiji hal paling tolol nu kungsi dipilampah umat manusa, nyaéta rasa. Cinta. Siga nimba cai, you know? Urang bakal capé. Caina ogé bakal saat. Hiji waktu, urang bakal terus méotan tur ngolotan, rasa cinta bakal nyeuseup urang nepi ka saat, siga timbaan téa. Urang teu resep ditimba émbér, komo nu butut mah. Urang horéam énérgi béak ku hal nu geus kanyahoan ending-na. Enya kitu. Maap. Ah. Naha kétang maké ménta maap? Manéh kudu ngarti. Urang teu boga cinta. Sakitu.”

“Manéh… lucu.”

“Enya, kitu?” Manéh gagaro punduk. “Nya, mending lucu tibatan henteu!”

“Manéh nolak urang.”

“Hay, hay! Tong salah sangka. Urang lain nolak manéh, tapi nolak diri sorangan. Sok reungeukeun, baca gerenyem biwir: Urang bogoh ka manéh. Luv u. Pisan. Banget. Bogoh urang ka manéh ibarat reungit, wani nojoskeun méméncos sungut kana kulit manéh nepi ka laput. Sanajan ku manéh dikepruk nepi ka paéh gé, memencos sungut urang bakal potong di jero, jadi a part of me tetep nanceb dina diri manéh. Gélo, nya?”

“Éta mah lain gélo, Say. Putus asa.”

“Halah, tong ngulinkeun kecap, ah. Naon bédana gélo jeung putus asa? Sanajan pasti, nu gélo mah biasana leuwih senang lantaran bisa nyumputkeun rasa putus asa ku cara seuseurian bari ngahakan tai sorangan!”

“Heuheuheu! Nu kitu mah sarkastik!”

“Hmmmm.”

“Manéh sieun, nya?”

Hell yea. Persisna, urang taluk.”

“Manéh pendusta ogé.”

“Dusta?”

“Manéh ngabohongan diri sorangan. Sakabéh jalma hayang mibanda sagala nu dipikacinta. Manéh lain Santo, jeung sajabana. Mun enya bogoh, pasti cinta. Mun cinta, otomatis pasti boga rasa hayang mibanda. Tapi manéh geus dusta, geus ngabohongan diri sorangan. Manéh ingkar!”

“Ah,” manéh nyiduh. “Awéwé mah kabéh gé pendusta. Resep ngabohong. Ongkoh, urang mah ngan ngabohongan diri sorangan. Nu matak teu ambek disebut pendusta gé, sabab urang mah apal sisi jujur tina ngabohongan diri sorangan. Naha dusta siga kumaha nu ku urang disamunikeun? Tapi urang bogoh ka manéh, éta jujur. Ah, ku naon atuh manéh téh bet hésé pisan diyakinkeun? Tuh, can nanaon urang geus méh paéh lantaran bosen ngayakinkeun yén urang bogoh ka manéh. Manéh mah bet siga pisan timba, ngan bisa ulin di luarna. Ukur cangkang.”

“Sabab urang teu ngarti, Putri.”

“Tong ngahina nya, nganggap urang siga nu misterius. Nu puguh mah, manéh nu bodo!”*

5
UING bisa manggihan manéh di mana-mana. Manéh bisa cicing kawas daun dina cai nu liuh, sakapeung oyag bari tenang tur alon. Manéh bisa motah siga kutu mabok, guak-guik nyungkuran sirah, gugulayunan dina lambaran buuk. Manéh bisa mancawura siga Taun Baru, tapi bisa ogé geueuman siga kuburan nu cekah, bisa sabar siga batu jeung galak siga guludug.

Manéh ligar dina kongkolak panon uing.

Tong seuri. Ceuk manéh, awéwé mah kudu siga jigsaw puzzle. Pinuh ku perlambang. Lalaki butuh gambar nu lengkep. Tapi, nu leuwih penting prosés manggihanana  saméméh lengkep. Bisa ngajarumat, nambal, nyusun lalaunan nepi ka awor jadi cinta.

Manéh mending jadi puzzle, Putri. Tong langsung némbrak.

Boa, keur manéh mah naon resepna. Keur naon?

6
MANÉH diajar maca gerak biwir salila dalapan bulan. Ngaleukeunan kamus Indonesia jeung Inggris. Terus, salila dua bulan manéh ngapalkeun cara ngalisankeun unggal kecap. Manéh diajar kawas atlét ngudag juara. Dua minggu ieu, imah manéh sok jempling. Manéh ngabiasakeun lalajo tivi teu disoraan.

Sanggeus kitu, manéh hayang lalajo di bioskop.

Rada hémeng. “Manéh can kungsi lalajo di bioskop?”

“Urang sok ngarasa kaganggu ku sora gerendeng jelema di jero rohangan,” témbalna. “Nu matak, urang sok tinggaleun filem-filem anyar. Tah, ayeuna mah teu kudu, horéééé!” Manéh seuri. “Urang bisa meungpeukan ceuli tina sora-sora nu pikasebeleun bari teu kaleungitan omongan nu diucapkeun ku para aktor. Hah! Élmu nu matak mangpaat pisan! Hayu! Ajak urang!”

Manéh sakapeung pikayungyuneun pisan. Meureun, manéh mah teu apal kumaha pentingna music score, teu sadar yén hiji filem bisa jadi éndah pisan ku lantaran musikna. Boa, manéh teu apal yén aktor nu nukangan kaméra gé sakapeung boga dialog-dialog nu diucapkeun.

Atawa siga nu séjénna, keur manéh éta gé teu penting?*

7
KEUR manéh, ’kitu wungkul’ téh sarua jeung peun!*

8
KAWAS waktu manéh ngalempagkeun rasa lir kilat nu nyamberan ti jomantara. Jalma-jalma panén kakeueung jeung kasieun. Tapi, uing nu aya di deukeut manéh teu manggihan nanaon, lian ti paneuteup nu tanpa dosa.

“Urang mimiti cinta, nyaho!” pokna.

Tanpa dosa pisan, kecap-kecap nu kedal.

Kawas guludug, keur nu séjén mah.

“Ahhh. Da ngan sakitu-kituna,” cénah.

“Atuh bisa jadian, nya?”

Panon manéh neuteup seukeut siga lampu halogén dina wanci janari nu mongkléng, jauh tina béntang jeung balébat. Tapi, teu lila terus liuh deui. Manéh terus tungkul, anteng neuteup sapatu jeung tatapakan.

“Asal manéh apal wé!” cénah deui.

Manéh terus ngaléngkah bari angger ngeluk, nyésakeun kelemeng tonggong nu rengkung. Saeutik gé teu nyésakeun tapak-tapak hanjakal . Léngkahna nu gancang siga nu keur ngibing gerakan tap. Beuki lila beuki ngagancangan. Siga uncal luluncatan.

Aya semu-semu bareubeu basa manéh maling rérét.

9
PEUTING éta, uing ngan wasa kemba. Jol ka kamar kontrakan ngan manggihan tapak-tapakna. Rangsel biru. Sapatu bodas. Apel héjo tilu siki, geus rada péot. Tilu? Naha lain dua?

Tapi, manéh mah duka ka mana.

Bet teu puguh rarasaan.

Don’t leave me alone,” cék manéh basa uing rék indit.

Embung ditinggalkeun, cék manéh deui. “Urang teu bisa hirup sorangan. Urang mah borangan. Leumpeuh yuni.”

Isukna, manéh datang mawa tilu gagang bunga rawa. Tilu? Lain dua?

Hiji keur uing. Hiji keur manéh. Nu hiji deui anggap in absentia.

“Lain keur sérep?” Uing nanya.

“Lain, tapi keur ngaganti buah khuldi nu diala ku Adam ti sawarga,” omong manéh. “Keur ngagantian waktu nu moal kasampeur deui.”

Harita manéh balaka. Nyebutkeun geus wancina nyieun anggang. Pada-pada melak tangkal hanjuang. Paranti neundeun jeung ngécagkeun. Sampeureun jaga.

Nya, daun nona daun saga.

Reup peureum, masrahkeun jiwa katut raga ka ruh Nu Maha Weruh.

Cianjur 2010

1) Nalika urang adu hareupan jeung peteng, moal aya nu bisa mindinganana.

Dédén Abdul Aziz

Dédén Abdul Aziz

Lahir di Cianjur, 28 Agustus 1972. Nulis sajak, carita pondok, éséy, jeung novel. Sawatara Karangan Dédén kungsi meunang panglélér hadiah D.K. Ardiwinata, LBSS, jeung Carpon Pinilih Manglé. Pangantén, buku Dédén nu munggaran dina basa Sunda dilélér hadiah sastra Rancagé. Buku kumpulan sajakna nyaéta Ibadah Daun.

All stories by:Dédén Abdul Aziz
Dédén Abdul Aziz

Dédén Abdul Aziz

Lahir di Cianjur, 28 Agustus 1972. Nulis sajak, carita pondok, éséy, jeung novel. Sawatara Karangan Dédén kungsi meunang panglélér hadiah D.K. Ardiwinata, LBSS, jeung Carpon Pinilih Manglé. Pangantén, buku Dédén nu munggaran dina basa Sunda dilélér hadiah sastra Rancagé. Buku kumpulan sajakna nyaéta Ibadah Daun.

All stories by:Dédén Abdul Aziz
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.