Krek…!

820 820 Lugina De

Pakasaban kuring téh jadi tukang cukur. Di ieu wewengkon mah nya jongko cukur kuring anu pangpayuna. Boga langganan pirang-pirang. Malah ti nu jauh ogé sok ngaradon ka dieu dicukurna téh. Duka kumaha. Padahal jongko cukur di sabudeureun ieu wewengkon téh aya limana. Ku lantaran unggal poé teu weléh pinuh-pinuh baé, nya munasabah lamun tina ladang nyukur téh kuring geus bisa hirup senang. Geus boga jongko cukur sorangan, teu nyéwa ka batur. 

Di antara sakitu puluh langganan, kungsi aya hiji anu mahiwal. Malah saenyana mah kaasup teu jejeg pikiran. Bubuhan manéhna mah datang ka dieu téh lain samet hayang dicukur-cukur teuing. Tapi ogé boga paménta séjén anu kacida teu ilaharna.

Keur mimiti tepung mah éstu taya sangkaan nanaon. Manéhna datang téh wayah ngahaeub ka sareupna. Geus taya sasaha. Manéhna anu panungtung dicukur, sabada ngadagoan rada lila. Geus euweuh sasaha. Gék diuk dina korsi. Kuring laju anteng nyukuran manéhna. Teu ieuh galécok ngobrol kawas jeung langganan matuh. Haré-haré baé. Bubuhan anyar panggih harita.

Tapi teu burung manéhna ngabijilan carita.

“Tos lami Kang, kana nyukur?” tanya manéhna. Kaciri beungeutna melong dina kaca. Ari kuring mah anteng baé manco kana sirah.

“Dua puluh taun panginten, Cép. Ti yuswa rumaja wé,” témbal téh semu galéhgéh. Enya, bubuhan salah sahiji cara pikeun méré sérpis anu hadé téh nyaéta kudu soméah. Sangkan nu dicukur betaheun. 

“Kantos kénging pangalaman naon waé, Kang, salami janten tukang cukur?”

“Naon atuh nya. Ah, asa biasa wé. Teu aya nu istiméwa. Paling ogé anu dicukur nganjuk teu sumping deui. Héhéh…”

“Kantos ngaraheutan mastaka anu dicukur teu, Kang?” pokna deui. Rada semu anéh ayeuna mah ulat beungeutna téh. Tapi ari kuring mah angger baé konsén kana sirah manéhna.

“Wah, kantos ogé kapungkur, basa nuju diajar nyukur di lembur. Ari tos ngawitan nyukur di jongko mah teu acan kantos. Tapi kétang sok aya waé ari teu kahajana mah. Misalna pas dikurud ku péso cukur, ari hég dina kulitna aya jerawat atanapi tilas bohak. Da ku teu katingal téa, kahalangan. Upami tos kitu mah, ah, sok digratiskeun wé. Hawatos,” témbal kuring rada panjang.

“Akang kantos meuncit hayam?” Teu nyambung ayeuna mah pertanyaanana téh. Kuring kerung, hémeng, bari neuteup kana kaca. Ulat beungeutna beuki anéh, semu tegang, kawas jalma disirep. Panonna neuteup anteb. 

“Nya osok wé sakali-kalieun mah. Ari kitu kumaha?” kuring malik nanya bari seuri.

Manéhna teu ngajawab. Kalah tuluy melong tina kaca. 

“Abdi téh gaduh pamundut ka Akang….” pokna deui semu haroshos.

“Naon Cép?” kuring eureun nyukuran sakedapan. Silih pelong dina kaca.

Manéhna ngabetem deui. Kuring tuluy nyukuran deui manéhna. Barang rék ngaguntingan lebah gigirna, sirahna kawas nu heuras embung didéngdékeun.

“Naha kinten-kintenna Akang sanggem?” pokna deui. Angger sorana haroshos.

Kuring eureun deui ngaguntingan buuk. Melong manéhna deui dina kaca.

“Muhun, naon téa?” kuring nanya.

“Eu…. ieu Kang, abdi téh hoyong…. hoyong….”

Ku kuring diantep, bari angger dipelong.

“Hoyong nyobian…. digérésél nganggo péso cukur,” manéhna nyarita teu euleum-euleum.

Kuring ngaranjug. Olohok ngembang kadu. Kaciri manéhna ogé beungeutna beuki pias tur tegang. Kaayaan di luar mimiti meredong. Tiiseun, deuih.

“Digérésél dipeuncit maksad Encép téh?” tanya téh.

“Sumuhun,” témbalna pondok. Panonna teu leupas silih teuteup.

“Ah, sok kamalinaan ari heureuy téh Encép mah. Atuh meureun Akang engké ditéwak pulisi.” Kuring tuluy nyukuran deui buukna. Sirahna angger heuras, hésé diuma-omé.

“Serieus, Kang. Abdi hoyong nyobian dipeuncit ku tukang cukur,” pokna deui. Angger teu euleum-euleum. Kawas nu hampang nakeranan nyarita kituna téh. Sorana angger haroshos. 

“Ah, ari Encép sok mahiwal. Boga masalah naon Encép téh? Bet hayang paéh sagala.” Kuring nunda gunting jeung sisir dina méja. Sakedapan leungeun sidakep.

“Henteu Kang, teu gaduh masalah,” cénah kawas nu sahinasna. Lempeng baé.

“Tuluy, nanaonan bet hayang paéh sagala?” tanya kuring rada nyereng. “Jujur wé, mun ieu ukur heureuy, kamalinaan teuing.”

Manéhna ngabetem. Tapi angger melong maké sorot panon anu anéh. Beungeutna angger tegang.

“Duka, Kang. Tapi da éta téh sok kabayang-bayang waé. Malah sok kaimpikeun sagala. Enya, abdi paéh digérésél ku tukang cukur. Asa krek baé beuheung abdi téh dipeuncit.”

Beu, jalma gélo téa ieu mah! Nanaonan maké hayang modar di jongko cukur sagala?!

“Teu masalah ari Encép enya hayang paéh mah. Tapi lain di dieu tempatna. Jeung lain leungeun Akang anu milampahna. Mun enya Encép hayang paéh, tuh, gedong jangkung loba kénéh. Pék ngajleng kainyah. Jalan raya lega kénéh. Sok tabrakeun kana mobil treuk,” omong kuring tatag bari molotot.

“Tapi da abdi mah hoyong ku tukang cukur, Kang,” omongna deui. Sari-sari ngalengis ayeuna mah. Kawas budak ngarenghik hayang jajan. 

“Na ari manéh! Rék dituluykeun moal dicukur téh? Mun rék dituluykeun, répéh! Mun moal, jig indit!” kuring nyentak.

“Moal Kang, mun abdi paéh moal nyalahkeun Akang. Kantun krek baé, ulah asa-asa,” angger ngalengis, semu haroshos.

“Silaing mah lain kudu indit ka tukang cukur, tapi kudu ka rumah sakit jiwa! Indit siah! Indit…!” antukna kuring ngusir manéhna.

“Teu sanggem Akang?”

“Najis! Waras kénéh aing mah! Jor téangan tukang cukur séjén!” Kaén tutup awak didudut. Laju manéhna disurungkeun tina korsi, bari didegungkeun.

Dikitukeun téh ukur melong. Angger maké paneuteupna anu anéh. Tapi saméméh indit teu poho nyimpen duit dina méja. Léos baé geus kitu mah. Ku kuring disérangkeun nepi ka ngilesna diteureuy belegbeg peuting.

Koplok sugan! Ké heulaanan kudu nyumponan paménta mahiwal kawas kitu mah. Antuh ancur réputasi aing minangka tukang cukur pangpayuna téh. Acan deuih matak ibur. Acan deuih ditéwak ku pulisi.

Ukur ngaréngap panjang pamustunganana mah. 

*

Tapi teu wudu éta kajadian téh jadi remen kainget-inget. Teu, teu bisa dipopohokeun saeutik-eutik acan. Utamana lamun kuring keur nyukuran. Malah sok ngalenyap sakapeung mah ana nyepeng péso cukur gé. Jadi ati-ati pisan ayeuna mah. Sieun enya kuring gelap mata, poékeun, ujug-ujug geresel meuncit jalma teu pupuguh.

Malah saterusna mah karasa ngaganggu pisan éta ingetan téh. Asa teu kaur ari keur nanaon gé. Remen jol ras deui, jol ras deui ka dinya. Kana péso cukur bet asa paur kabina-bina. Sakapeung mah ari rék dipaké ngurud gé maké sok diteuteup heula péso téh. Tuluy sakedapan ngalamun. Leler-leler téh sanggeusna sadar nu keur dicukuran katempo keseleun ngadagoan. Atawa nepi ka digebahna pisan. Orokaya, ka dituna nyukuran téh jadi teu husu. Asa balik deui ka jaman keur diajar nyukuran. Késang leutik késang badag. Leungeun semu ngeleper. Témahna jadi sok nyolédat. Atuh puguh baé nu keur dicukur téh ngagurubug, da kulitna katodél saeutik. Getih merebey tina raheut, pacampur jeung sabun. Geus kitu mah kuring geuwat sanduk-sanduk ménta dihampura. Sarta kapaksa baé digratiskeun.

Ari keur rinéh teu nyukuran, sok ras ka jalma anu hayang dipeuncit téa (urang sebut si pamuda wé). Haté tuluy nyasaran, naon pangna manéhna hayang dipaéhan ku péso cukur? Nya ingetan éta anu saterusna ngajurung kuring resep muter pilem-pilem sadis. Rék anu nyaritakeun géng, mafia, atawa perang. Saperkara baé, hayang apal naon saenyana anu nyampak dina eusining batin si pamuda. 

Kungsi manggihan hiji pilem anu aya adegan dipeuncit maké péso cukur. Tapi asa dijieun-jieun teuing. Abong pilem murahan, anu digegedékeun téh ukur lebah cur-cer getihna. Galur caritana mah luput ngeplos pisan. Geura baé meuncit jalma tug ka rénghap ranjug. Padahal cék kuring sorangan anu geus “sakulah-sakolih” jeung péso cukur, diganda ku sakali krek gé abong mun teu sapat tikoro. Teu kudu bari ngarénghap. Nahan ambekan sakeudeung, krek! Nyaho-nyaho getih nyebrot tina beuheung. Moal kungsi ngagurubug, mana komo ngagorowok. Mun kadéngé sesegor, geuwat balikeun deui pésona. Bebeskeun sing jero, sina sumpung jeung urat napasna. Krek! Bérés.

Malah ka dituna péso cukur cekelan téh teu sirikna ditatap diusap. Mun katojo cahya katénjo gugurilapan. Kuring geus nyaho pisan kumaha seukeutna éta péso. Tapi dina waktu-waktu kawas kitu, kuring bet asa “wawanohan” deui jeung éta barang anu geus dicekel salila mangpuluh-puluh taun téh. Barang anu saenyana geus ngahiji jeung diri kuring sorangan, geus sagetih sadaging. Tapi ayeuna, bet asa lain bagian tina diri kuring. Asa teuing saha, asa teuing naon kana éta barang téh. Sakapeung asa jadi musuh anu kudu diperuhkeun, kawas kuda jarah anu kudu diperuhkeun ku joki. Tapi sakapeung mah asa jadi babaturan anu ménta dilayeutan deui. Sarta ka dituna sok nungtung kana lalamunan burung: kumaha lamun éta péso dipaké meuncit jalma?

Témahna, alatan kaanteur ku lamunan, ari keur nyukuran téh sok asa enya wé kuring bakal meuncit beuheung anu keur dicukur. Krek!

*

Teu ku hanteu, sawatara minggu ti harita, si pamuda datang deui. Angger deuih datangna téh maju ka jongko rék tutup. Geus taya sasaha. Kawasna geus ngintip-ngintip ti tatadi mula di luar, ngadagoan simpéna jongko. Buukna ngawigwig panjang. Beungeutna kanyos pias kawas mayit. Sarta sorot panonna ogé beuki anéh. 

“Rék naon deui ka dieu?” kuring teugeug.

Manéhna kadon ngahuleng ari neuteup seukeut. “Kumaha lamun maké surat perjangjian? Tulungan!” tungtungna engab, semu dareuda.

“Koplok! Tong ka aing! Téangan tukang cukur séjén! Burung sia mah!” kuring nyentak.

“Abdi mah hayang ku Akang,” pokna deui. “Lantaran Akang di dieu tukang cukur anu geus kasohor.”

“Indit siah! Kéhéd!” Kuring nunjuk-nunjuk. Tapi manéhna kadon ngajanteng. Teu antaparah deui manéhna ditajong. Teu ieuh nakis. Ukur ngagiwar saeutik. Tapi angger nenggel. Bet kawas nu teu nyerieun. Jekuk ditonjok. Angger teu nakis. Tungtungna ditalipuk enyaan, bari disedekeun sina kaluar.

Sanggeus kaluar, jeklék pantona dikonci. Kuring ngaléos. Kaciri manéhna ngajanteng kénéh bari melongkeun.

Beuki kaganggu pikiran ti dinya mah. Unggal-unggal nyukuran jadi asa teu karuh. Cus-cos ka ditu ka dieu. Inget kana péso cukur nu ngaririwaan, inget ka si pamuda anu hayang dipaéhan. Asa kateken. Ahirna jongko cukur téh remen tutup. Bingung lain meumeueusan. Teuing kudu kumaha. Éta gé aya ras dilaporkeun ka nu berwajib. Tapi saha nu rék percayaeun. Moal boa dianggap sarua édanna. Ongkoh sangheuk ku urusananana. 

Ku lantaran jongko remen tutup, atuh réa langganan anu lalaumpatan ka jongko cukur séjén. Panghasilan beuki ngurangan. Buka téh sakadaék wé, lamun keur rada béngras pipikiran. Tapi mimindengna mah nya kitu téa, marungkawut teu bisa nyepeng gunting-gunting acan. Kaganggu ku hiji ku dua. Ku péso cukur anu hésé diperuhkeun. Jeung ku si pamuda anu hariwang bakal datang deui. Teuing kudu kumaha ngungkulanana. Nu babakuna mah ngungkulan péso cukur anu beuki remen kaimpleng-impleng. Paur hiji mangsa kalepasan, krek baé kana beuheung langganan. 

Ku tina teu kaampeuh, tuluy nyoba-nyoba dilampiaskeun kana barang-barang. Sapatu, calana, sendal, jeung teuing naon deui, béak dikeureutan. Ukur sasimpreng-sasimpreng, awahing ku seukeutna péso. Tapi justru ku lantaran kitu, kapanasaran kana kamampuhna nigas tikoro bet tambah nyongsrong. Tangtuna ogé leuwih babari. Tapi, kumaha rasana? Sarua kitu jeung ngeureut barang-barang?

Dina hiji mangsa, duka kumaha, manéhna datang deui, dina wanci kawas sasari. Kawas anu geus boga itungan, atawa geus ngintip-ngintip ti tatadi. Manéhna asup téh teu kanyahoan. Barang gok, kuring reuwas kacida. Sakedapan kadon silih pelong. Kaciri aya tatu dina beuheungna.

Harita mah akal séhat téh asa geus ruksak pisan. Pipikiran asa enya-enya édan. Atawa mémang édan? Duka. Nu karuh mah péso cukur nigas beuheung tambah atra ngalangkangan. Rasa panasaran, sieun, jeung kateken, pacaruk ngahiji. Timbul pipikiran, moal boa kudu enya ngajaran meuncit jalma téh sakali waé mah, sangkan ngurangan bangbaluh? Sangkan lubar kapanasaran sarta bébas tina rasa kateken?

Montong! Sing inget, leungeun manéh bakal lamokot ku getih.

Tapi salila jadi tukang cukur, apan silaing can ngalaman kumaha rasana neukteuk beuheung nu keur dicukur? Lainna silaing panasaran kana kamampuh péso cukur nigas beuheung?

Teu kudu dilakonan! Burung!

Tapi silaing bakal terus-terusan diririwaan ku kapanasaran! Bakal terus kateken!

“Kumaha, Kang?” manéhna nanya, alon.

Kuring ukur ngabetem bari melong manéhna.

“Kuring hayang ngajaran digérésél maké péso cukur. Kungsi diajaran ku sorangan, tapi teu metu. Tulungan!” pokna deui ngalengis semu haroshos.

Kuring angger teu ngawalon nanaon. Ukur melong ka manéhna. Tapi ahirna leungeun hideng sorangan nyokot kaén tutup awak tina korsi, méré isarah sangkan manéhna diuk. 

Katémbong manéhna bungah. Gék diuk dina korsi cukur. Dayagdag nyarandé. Awakna tuluy dituruban. Manéhna peureum.

“Asah heula sing seukeut,” pokna saréh.

Satengah teu sadar kuring nyokot péso cukur. Gesruk gesruk diasah kana kulit. 

Éling silaing! Nanaonan?! Burung! Silaing bakal kaduhung!

“Kadé nya sing gancang, ulah dilila-lila,” cék manéhna deui, bari angger peureum. Katémbong beungeutna bangun anu tenang kacida. Teu nyidem kasieun atawa kahariwang.

Montong kadalon-dalon ngayunkeun napsu! Sakali maéhan silaing bakal salawasna disebut tukang maéhan! 

Péso diasah kénéh kana kulit. Beuki lila beuki kerep.

Eureun! Geuwat eureun! Méméh getih busrat-basrét mantén!

Ukur sakilat péso dialungkeun. Belentrang ninggang parabot séjénna. Manéhna beunta. Teu antaparah deui, gep bahamna dibekem ku leungeun katuhu. Ari irungna dipendet ku leungeun kénca. Tuluy didengkék sataker tanaga. Silih teuteup dina kaca. Manéhna molotot. Kaciri ambek pisan. Urat beungeutna ranteng. Awakna abrug-abrugan. Tapi éléh tanaga. Leungeunna pakupis ngajenggutan jeung neunggeulan kana sirah. Teu diwaro. Kuring anggur beuki pageuh ngadengkék manéhna. Sarta teu lila awakna karasa beuki suda. Usak-usik sakeudeung. Antukna ngalempréh dina korsi cukur. 

Lalaunan leungeun dileupaskeun. Gék diuk bari tuluy neuteup manéhna anu geus teu empés-empés.

*

Berekah, ti harita mah bangbaluh katut perasaan kateken téh leungit. Kana nyukuran jadi biasa deui. Leungeun jadi tuman deui nyepeng péso cukur. Langganan ogé nungtutan baralik deui. Jongko cukur ramé deui kawas saméméhna. Sabihara-sabihari, lir euweuh kajadian nanaon.

Tapi kétang, ari sakapeung mah kapanasaran téh sok mucunghul. Kuring sok ngabayangkeun, kumaha lamun hiji mangsa meuncit beuheung langganan kuring. Kumalangkang. Tug ka kabawa ngimpi sagala. 

Krek…!

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda, serta dimuat di beberapa media massa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Bandung.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda, serta dimuat di beberapa media massa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Bandung.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.