Kabuyutan Ceuk Urang Sunda

820 820 Lugina De

Kawasna urang Sunda mah jeung cai téh geus lir gula jeung peueutna. Raket tur dalit ngahiji. Geura baé lebah ngaran-ngaran patempatan, apan pirang-pirang anu nyokot tina unsur cai. Geus karuhan anu maké kecap “ci” mah, kawas Cicaheum, Cileunyi, atawa Cimahi. Ngaratus atawa ngarébu boa di wewengkon tatar Sunda mah. Acan deuih anu maké kecap “situ” (dano), kawas Situaksan, Cisitu, Situsaeur jeung sajabana. Aya ogé anu maké kecap “séké” (cinyusu), modél Séképéér. Tuluy deuih anu maké ngaran “ranca” (rawa). Upamana Rancaékék, Rancamaung, Rancamanyar, Rancabadak jeung réa-réa deui. Atuh anu nyokot tina ngaran bagian walungan, kawas Leuwipanjang atawa Leuwigajah, teu kurang-kurang. Di Bandung aya wewengkon Karéés, anu dina kamus Sunda hartina sisi walungan anu réa keusikan.

Ku nilik kabiasaan méré ngaran patempatan anu loba ngalap unsur cai, bisa dicindekeun yén tatar Sunda téh kaasup wewengkon anu beunghar ku cai. Jeung tangtu lain sacai-caina. Tapi cai anu ngagenyas hérang, ngagelenggeng tina sungapan, cur-cor tina pancuran, jadi mangpirang-pirang wahangan jeung walungan. Tina dongéng-dongéng heubeul, tina carita-carita kuna, sok kabéjakeun aya wahangan atawa cinyusu anu tara saat najan usum katiga entak-entakan. Bubuhan di girangna teu weléh ngémploh héjo. Leuweung gerotan, leuweung ganggong simagonggong, panonoban sasatoan, kaasup sabangsaning jurig nyiliwuri jeung siluman.

Teu saeutik ogé leuweung jaman baheula anu dijieun tempat muja. Mandala katelahna, atawa kabuyutan téa. Aya ogé anu nyebutna samida. Boh mandala, kabuyutan, atawa samida, nujulna mah sarua kana leuweung larangan. Biasana perenahna aya di lamping gunung. Ka dinya mah teu saban jalma bisa blas-blus sangeunahna. Upamana baé, anu ayeuna nyésa kénéh, nyaéta di wewengkon Kanékés atawa Baduy téa, anu perenahna di suku Gunung Kendeng. Nepi ka ayeuna urang Baduy angger tuhu kana aturan adat, utamana dina urusan miara lingkungan. Urang Baduy mah sok nyebut “teu wasa” (teu sanggup) saupama kudu ngarempak buyut (pantrangan) anu geus diturunkeun ku karuhun. Majar téh sieun engkéna kabadi, kasibat, atawa kasambet.

Dina konsép kosmologi Sunda baheula, aya anu disebut tapa di mandala jeung tapa di nagara. Tapa di mandala dipilampahna ku kaom agamawan, ku cara ngalaksanakeun upacara, ngado’a, jeung ngariksa tempat pamujaan. Ari tapa di nagara dipilampahna ku kaom bangsawan babarengan jeung rahayatna ku cara segut digawé, satopékna sacabakna, pikeun ngawujudkeun kahirupan anu gemah ripah loh jinawi tur répéh rapih téa. Ku sakitu gé kaharti, yén anu dimaksud tapa téh tétéla lega hartina. Tapa téh ceuk Amanat Galunggung mah enya-enya digawé. Tapa téh enas-enasna mah minangka tarékah pikeun ngawujudkeun kasaimbangan antara aspék sakral jeung profan. Mandala dianggap sumber kakuatan spiritual anu bakal ngauban cahara katut dangiangna nagara. Ari nagara ku ngaliwatan otoritas pulitik, ékonomi, jeung militérna jadi institusi anu méré panyalindungan malah ngajamin kalumangsungan hirupna mandala. Mana komo da harita aya kapercayaan, sakumaha anu kaunggel dina Amanat Galunggung, yén sing saha waé anu bisa ngajabél mandala bakal beurat beunghar, sarta bakal jaya tur unggul perangna. Nya teu matak hémeng saupama Amanat Galunggung mertélakeun, leuwih hargaan kénéh kulit lasun di jarian (pamiceunan runtah) ti batan raja anu teu bisa mertahankeun kabuyutanana.

Dina naskah Bujangga Manik, anu ngalalakonkeun lalampahan pandita Ameng Layaran, kasebut sawatara kabuyutan anu aya di tatar Sunda baheula. Di antarana anu aya di Gunung Wayang, Papandayan, Cikuray, Galunggung, Patuha, jeung Situ Cisanti. Kiwari éta kabuyutan anu bieu ditataan téh ngan kari urutna. Bubuhan urang Sundana ogé apanan geus parindah ageman. Ngan papadaning kitu, dina alam kakiwarian kawasna kabuyutan téh kudu dihirupkeun deui. Tangtuna gé lain kabuyutan minangka tempat pamujaan atawa tempat suci anu dipercaya bakal méré kakuatan spiritual. Tapi kabuyutan minangka leuweung larangan anu bakal méré berkah kahirupan ku cur-corna cai.

Dina urusan miara lingkungan, kasieun kana bebendon karuhun téh matih kénéh keur urang Baduy mah. Sarta moal boa ku urang mah, anu geus ngarasa modéren tur nyakola, diseungseurikeun. Padahal saupama dipikiran deui kalawan teleb, saenyana urang gé teu kurang-kurang “pikaseurieunana”. Rék teu “pikaseurieun” kumaha, da horénganan urang mah (kawas anu) geus teu sieun deui ku ancaman anu nyata-nyata remen tumiba. Sakitu usum hujan sok urug kacaahan, usum katiga kasaatan, hih, damang-damang baé apan miceun runtah ka walungan, atawa ngadegkeun wawangunan di daérah seserepan. Nu matak wajar saupama cai téh lila-lila mah ngamusuhan. Ironis. Baheula dalitna urang Sunda jeung cai téh lir gula jeung peueutna. Ayeuna mah moal boa kawas harangasu jeung paitna. Ceuk heureuyna, dalah walungan ogé ayeuna mah pantes pisan lamun diasupkeun kana tujuh keajaiban dunia, lantaran kelir caina unggal waktu remen robah-robah, gumantung limbah anu dipiceun tina gorong-gorong pabrik.

Mana komo sanggeusna ayeuna rék disahkeun RUU Omnibus Law, anu cenah bakal méré kalaluasaan ka swasta dina perkara privatisasi lahan. Saampar-ampar kawasna ruksak téh. Teu ngan ukur Pulo Jawa –kaasup tatar Sunda tangtuna. Tapi manjang ti Sumatera, Kalimantan, nepi ka Papua. Dipikir-pikir, aya benerna Amanat Galunggung téh. Sing saha anu bisa ngawasa kabuyutan (baca: leuweung), bakal beunghar tujuh turunan. Malah ayeuna gé apan geus kabuktian. Anu nyarekel saham di perkebunan sawit jeung tambang batu bara, duitna gé lain eutik-eutik. Geus untung gedé, tuluy dijieun modal pulitik. Terus ka dituna ngagadékeun harga dirina sorangan, sangkan leuwih hina ti batan kulit lasun di jarian.

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.