Gelik

820 820 Rudi Riadi

Duka ti mana jolna, da taya waktu keur tetelepék. Ngan ari ceuli mah sok rancung unggal ngadéngé sora sulingna téh. Genah pisan.

“Duh, mani waas. Asa di Bandung,” ceuk salaki. Kuring nyéréngéh. Heueuh, apanan di Bandung ieu téh. Heureuy ti dituna mah bapana budak téh. Ngan mun dipikir deui, asa aya benerna. Apanan mun sakalieun ngadéngé sora gamelan, degung upamana, nya meureun kudu ngahaja ka nu keur kawinan. Éta gé tara négtog ti unggal nu hajat. Mun kabeneran waé nu boga hajatna nanggap kasenian Sunda. Da mimindengna jaman kiwari mah nanggap dangdut  atawa organ tunggal.

Karék tilu poé manéhna aya di trotoar hareupeun toko téh. Tadina mah nyangka nu keur ngaso baé, meureun capé tas ngamén tina beus atawa ngurilingan dayeuh. Singhoréng ngadon mangkal. Bingung nyarékna. Bingung ku watirna. Piraku rék mateuhkeun rejeki batur.

“Keun baé ulah diusir,” ceuk salaki. Barina gé saha nu rék ngusir. Ngan kuring jadi leuwih jongjon salaki ngomong kitu téh. Horéng boga kereteg nu sarua. Kereteg watir.

“Aya panineungan jeung sindén sigana mah,” pok téh. Salaki ngarérét.

“Naha apal?” manéhna kalah malik nanya. Ih, geuning … satadina ukur nyelok.

“Apal wé, da apan baheula mah Ayah téh anggota Asép Sunandar Fans Club,” cekéng. Manéhna nyakakak. Taksiran langsung ngabayangkeun mangsa-mangsa sok ubrang-abring jeung babaturanana mun lalajo wayang golék. Sangkilang harita geus aya nu cikal, teu eureun jadi “pemburu Asép” — kitu nyebutna bakating ku kagégéloan ka dalang Asép Sunandar suargi téh.

“Henteu atuh, Bun. Sindén mah geus karolot,” pokna.

“Oh, jadi mun ngora kénéh mah pasti kapincut, nya.”

“Heup, ah, jadi ka mana-mendi ieu téh!”

Ménta idin éta gé, dina poé kadua.

“Bapa, abdi ngiring ngamén di dieu. Tos teu kiat nguriling mah,” pokna ka bapana barudak.

“Sok baé, Mang. Ngan bérésan wé kardusna mun bade uih, ulah diculkeun kitu baé,” ceuk salaki.

Enya, méméh andiprek di torotar téh sok ngamparkeun heula kardus, minangka alas. Sila bari tuluy ngagelik. Teu loba ceta. Ukur panonnna peureum beunta, ngararasakeun wirahma nu kaluar tina liang-liang suling. Mun toko keur sepi, salaki mah sok ngadeukeutan. Teu milu sila, diuk baé dina korsi chitosse gigireun panto. Ngan henteu ari nepi ka milu peureum beunta mah.

“Mani menghayati,” cekéng.

“Iraha deui aya hiburan gratis. Bet ka nu hajat gé kudu mayar apanan ka panganténna.”

Can kolot-kolot teuing Si Mamang Suling téh. Taksiran mah lima puluh taunan. Ngan karipuh hirupna ngalamad tina pakulitan sarta karang-karang leutik datang pandeuri nu renung lebah beuheungna.

Ku lantaran salaki mah beuki ngawangkong, tangtu baé Si Mamang gé jadi korban. Si Mamang Suling téh cenah mah baheulana guru. Ngan manéhna kungsi nyieun kasalahan di sakola, nampiling murid nu manahoréng anak nu boga yayasan. Antukna manéhna dikaluarkeun. Ngalamar ka sakola séjén euweuh nu narima, da yayasan méré iber ka sakola-sakola sangkan nga-blacklist manéhna. Tungtungna hirup jadi teu puguh laku. Ngalaman sababaraha kali ganti kasab. Nya, ieu nu pamungkas nu ku manéhna keur dilakonan.

“Karunya teuing,” cekéng, ngaheruk. Sedih ku lalakon hirupna. Horéng teu salawasna jalma nu hirup di jalan téh alatan pamolah mangsa leutikna nu bedegong. Réa pisan nasib nu siga tina panghukum pamolah batur.

Tangka uplek mun geus ngawangkong téh. Kabeneran deuih papada ngawasa kana élmuning seni. Malah mun Si Mamang keur ngagelik, salaki sok ngoméntaran lagu naon nu keur dihariringkeun sulingna.

Bulan Tumanggal éta mah. Jadi inget kana keleter Burhan. Moal aya nu ngéléhkeun.”

“Sami abdi gé resep. Mung lebah puruluk mah sigana Endang Sukandar tacan aya bandinganana,” ceuk Si Mamang.

Pogot pisan.  Ukur sahéab baé kadéngéna. Keur mah kuring sorangan teu ngarti, naon nu keur diomongkeun ku maranéhna téh. Saha Burhan téh? Saha Endang téh? Naon atuh Bulan Tumanggal téh? Ah, paduli teuing.

Saminggu aya di dinya, jeung salaki langsung nyambung. Puguh baé Si Mamang kawas nu manggih deui “hirupna”. Malah mah sok ditawaran dahar ku salaki. Najan kéképéhan, teu burung ditarima. Sor rokona, sor kopina ogé. Sagala diasong-asongkeun. Dipikir-pikir Si Mamang téh asa kangeungeunahan. Tapi da kumaha deui, kuring teu bisa ngahulag karesep bapana, mun panggih jeung jalma nu sahaté, tara ningali sasaha, tara ningali poisisi jalmana.

Rada curiga sabenerna mah. Naha Si Mamang téh bet ngalapak di hareupeun trotoar toko kuring? Siga nu apaleun yén salaki kuring resep kana seni Sunda. Atawa mémang kabeneran baé. Ukur disidem dina haté rasa curiga téh. Teu kungsi betus. Bisi pajarkeun ngahalangan rejeki batur, atawa bisi disangka ngahulag karesep salaki.

Sakali mangsa, sanggeus dua minggu, Si Mamang nyarita rék balik heula ka lembur, geus lila teu nepungan anak pamajikanana, cenah. Pajarkeun téh riba mamawa suling mah. Mending dipihapékeun di toko. Ku salaki diheugkeun. Da teu matak ngaheurinan ieuh. Lakar suling, kari disarandékeun di mana waé.

Meunang dua poé, Si Mamang can datang kénéh, kawas nu betah di lemburna.

***

Pasosoré harita téh. Aya nu turun tina Avanza hawuk, lalaki kolot tapi masih kénéh perlénté. Gagah. Maké jas kasual sarta calana jins biru. Buukna geus huisan, nambah wibawa. Taksiran mah manéhna téh mun teu pejabat nya diréktur hiji pausahaan.  Bus, ka toko kuring. Salaki nu keur ngepruk-ngepruk kamocéng gé tangka eureun heula. Kuring unggeuk. Si Bapa ogé nyelang ngarérét bari unggeuk sarta imut. Ngilikan buku ka saban rak. Mulak-malik sababaraha buku. Siga nu hayang apal eusina nu sok aya sinopsisna dina cover tukang.

Barang jog ka hiji rak nu kabeneran salaki nyimpen suling di dinya, Si Bapa siga nu kagét.

“Naha aya suling di dieu?” tanyana ka salaki.

“Oh, duh, punten, éta mah suling nu ngamén, nitip di dieu. Ku abdi teu acan sempet diampihan,” ceuk salaki. Reuwas tayohna mah. Bisi ngaganggu pamandangan, éta suling téh ku salaki dicokot, niatna mah rék diperenahkeun.

“Ih, ké heula. abdi apal pisan kana éta suling. Suling kawas kieu mah moal aya dua. Pasti nu bogana lain jalma samanéa,” ceuk lalaki nu huisna geus nengah jeung buuk hideungna. Salaki teu tulus ngampihan éta suling, kalah diasongkeun ka Si Bapa Perlénté. Diilikan, gemet pisan. Diusap. Malah mah kawas nu teu asa-asa niup éta suling. Mun kuring jarijipen. Apanan éta téh urut sungut Si Mamang. Salaki gé kerung.

“Ieu suling lain sambarang suling.  Geura ku Akang tingali. Tamiangna gé tamiang Cinéam. Jaman Haji Hasan Mustopa dibenum penghulu. Moal aya deui jenis tamiang nu aya totol-totol di tengah antara tilu liangna. Suliwerna asli Jepara, jaman jumeneng kénéh Radén Ajeng Kartini. Cowakan sirit careuhna katingali nyiripit pisan. Lain sebit péso raut biasa. Ieu mah suling buhun, lain suling kiwari nu geus dimodip jadi tujuh liang, nu ditambahan ku liang keur nada satengah.”

Salaki unggut-unggutan. Kasima ku katerangan Si Bapa Perlénté.

“Akang uninga nu gaduhna?”

“Terang jalmina mah. Mung namina teu apal,” ceuk salaki.

“Anteur abdi ka bumina!”

“Teu apal bumina di mana abdi ogé. Anjeunna mah nu sok ngamén di dieu. Biasana unggal dinten ogé sok andiprek di payun. Mung ayeuna mah nuju uih heula ka bumina di Tasik.”

“Teu salah deui … manéhna mémang urang Tasik. Ti Cinéam. Pasti!” Si Bapa Perlénté nyarita bari teu eureun ngilikan éta suling. Tuluy ditiup. Diilikan deui. Ditiup deui. Kitu jeung kitu, sababaraha balénan.

“Kumaha mun ieu suling téh dipésér ku abdi. Sapuluh juta.”

Salaki ngarérét ka kuring. Papada reuwas. Sakanyaho mah ukur dongéng heureuy suling harga ngajuta téh. Baheula kungsi ngadéngé ti babaturan kuliah, aya harga suling, cenah, hargana limalas juta … sapakét jeung munding. Enya, ukur heureuy éta mah.

“Abdi teu tiasa mutuskeun,” ceuk salaki.

“Kieu wé, ku abdi dipanjeran lima juta. Sabaraha waé nu gaduhna nyungkeun, ku abdi dibayar. Ieu nomer hapé abdi,” pokna bari mikeun kartu nama. Katempo siga nu hayangeun pisan kana éta suling. Tina cara jeung hasil niup sulingna mémang teu kadéngé jago nyuling. Taksiran Si Bapa Perlénté téh koléktor barang-barang antik.

“Kumaha, Bun, ari geus kieu?” salaki bingung, bari ngeukeuweuk duit lima juta, sanggeus Si Bapa naék kana mobilna.

“Bingung-bingung teuing. Kari tanyakeun ka Si Mamang, deuk dijual moal. Gampang,” cekéng.

“Maksud Ayah téh, sabaraha hargana nu pantes? Si Bapa bieu siga nu bogoh pisan.”

“Tawar lima juta wé ka Si Mamangna mah. Engké ku urang béjakeun hargana limalas juta. Urang pan boga untung leuwih ti nikel. Jaba teu kaluar modal.”

“Enya, nya. Lumayan. Mana dagang keur sepi apanan.” ceuk salaki.

“Alloh mah moal mahilikeun rejeki. Dagang keur sepi gé, apanan aya wé milik mah,’ cekéng téh. Piduiteun geus aya dina kongkolak panon.

Isukna, isuk-isuk pisan Si Mamang datang. Rébo ku oléh-oléh ti lembur. Ranginang jeung saroja. Ku salaki dirawu dipangku. Dikaléng ka jero toko gé.

Gorolang salaki nyaritakeun kajadian kamari. Si Mamang kerung. Teu lila cimatanana nyurucud. Tayohna mah aya hal nu matak nyentug kana haténa.

“Moal diical sanaos dijargragkeun artos juta-juta ogé,” pokna.

“Sanaos dua puluh juta ogé moal?” tanya salaki. Manéhna cicing, siga nu keur mikiran tawaran salaki. Tuluy salaki nyampeurkeun kuring.

“Ka dieukeun duapuluh lima juta!” pokna.

Kuring tuluy muka brankas, ngaluarkeun duit gepokan. Tuluy dijagragkeun dina méja. Si Mamang neureuy ciduh.

Duka kumaha ngolona, éta suling tungtungna bisa dibeuli ku salaki, duapuluh lima juta. Sakitu keukeuh apanan cenah moal dijual masing dijargragan duit sabaraha ogé. Teu burung leyur.

“Wé-a Si Bapa nu kamari!” salaki ngarérét ka kuring.

Deal, lima puluh juta. Engké sonten abdi ka toko!” Si Bapa Perlénté ngabales dina WA-na. Kuring nyéréngéh.

Si Mamang tuluy amitan. Cumah cenah cicing di dieu ogé ari geus teu boga barang keur pangupana mah. Ku salaki dihatéan sangkan ngawarung atawa usaha naon baé nu sakirana éta duit bisa golang. Méméh indit, Mamang ngagulanggapér suling nu geus lain milikna. Cirambay. Kuring jeung salaki milu ngahelas. Kacipta haténa ngeleter, lir keleterna sora suling mun ku manéhna ditiup. Najan ukur suling, tapi boga sajarah nu panjang. Mun diukur hargana mémang teu bisa ditaker ku pangaji salawé juta.

Nepi ka soré Si Bapa Perlénté teu embol-embol. Ditungguan nepi ka peuting, nepi ka isukanana. Teu datang deui baé. Sapoé dua poé teu jebul kénéh baé. Saminggu dua minggu angger teu témbong cukang irungna-cukang irungna acan. Tungtungna kuring jeung salaki mimiti sadar.

“Paingan asa ngacapruk Si Bapa harita nyaritana. Piraku los-los ka jaman Panghulu Haji Hasan Mustapa jeung Radén Ajeng Kartini.”

“Tuda dina uteuk urang geus kabulen ku pibatieun. Teu nolih kajadian nu bakal tumiba,” cekéng.

Taya nu salah, jeung teu bisa silih salahkeun deuih. Nu sidik mah duanana ogé geus kabelejog.

“Euh, Ibu katipu ku nu ngamén? Sami atuh. Abdi mah komo opat puluh juta!” ceuk sobat arisan, basa hiji mangsa ngumpul. “Saurna sindikatna téh nuju dipilari ku aparat.”

Kuring ngarahuh.

Lembur Singkur, 2020

Rudi Riadi

Rudi Riadi

Lahir di Bandung, 11 Februari 1971. Karya-karyana mangrupa carpon, sajak jeung esai dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Minggu Pagi, jrrd. Taun 2000 dilélér Hadiah LBSS pikeun carpon jeung esai.

All stories by:Rudi Riadi
Rudi Riadi

Rudi Riadi

Lahir di Bandung, 11 Februari 1971. Karya-karyana mangrupa carpon, sajak jeung esai dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Pikiran Rakyat, Tribun Jabar, Minggu Pagi, jrrd. Taun 2000 dilélér Hadiah LBSS pikeun carpon jeung esai.

All stories by:Rudi Riadi
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.