Di Wajahmu Kulihat Bulan

820 820 E.D. Jenura

SADAR manéhna gé, yén kabogohna téh kasép. Lain ukur kasép, tapi sorana alus, katambah sonagar. Vokalis band téa, atuh, sahenteuna kudu nyaho dangdan jeung amis budi. Kitu pamakéna, ngarah loba nu ngajak manggung. Surti manéhna gé.

Cenah éta loba awéwé nu resepeun, ah, teu masalah. Kitu ilaharna jelema nu ancrub di dunya hiburan mah. Hanjakal linghas, hésé dideukeutan, ceuk baturna papada SPG, nu sababaraha kali gawé babarengan jeung Band X dina acara-acara.
“Kari duaan nu léngoh kénéh, vokalis jeung drummer. Rék milih mana? Vokalis mahal, drummer murah meriah, teu sirikna saban bulan ganti kabogoh.”

 Manéhna nyidikkeun drummer. “Mending nu mahal, leuwih kasép.”
“Tapi tukang drum enyaan payu, siah!”
“Gedé stikna meureun,” pokna asal éngab. Sylvia nyakakak.

Sanggeus dua taun hahadéan jeung vokalis kasép téa, ceuk sasaha gé jodo, pédah beungeut maranéhna sakeureutan. Nurub cupu, payus katénjona. Mun pareng jalan-jalan, loba nu nyangka adi-lanceuk atawa geus kawin sapisan. Atoh dikitukeun téh. Kabogohna gé bangun sarua atohna, sanajan tara loba nyarita, ukur imut semu agul. Mun geus kitu, manéhna sok hayang geura-geura lulus kuliah, tuluy sah rumah tangga, lain ukur hahadéan, lain ukur panyangka batur geus kawin téh.

Sataun deui wisuda, ceuk haténa, sabar, sabaaaaarrr…

Tapi nya kitu téa. Takdir teu bisa dipungkir, kadar teu bisa disinglar. Perkarana mah sapira, alatan lagu, “Di Wajahmu Kulihat Bulan”, lagu kameumeut Om Johan, nu boga kafé. Saban maén, lagu téh kudu baé diasupkeun kana répértoir. Saban si Om nunjuk lalangit kafé, genjréng  wé tara talangké.

Geus mangpuluh kali manéhna ngadéngékeun lagu éta, boh di studio nalika latihan, boh di kafé. Geus katalar, geus milu resep, malah di imah gé manéhna sok hahariringan lagu éta bari umat-imut ngabayangkeun kabogohna mun keur manggung, éstu matak deungdeuleueun, dédéngéeun.

Di wajahmu kulihat bulan
Bersembunyi di sudut kerlingan
Sadarkah Tuan, kau ditatap insan
Yang haus akan belaian…

Hawar-hawar kadéngéna lagu téh, kabawa angin nu nyulusup ka toilét kafé. Nu ngoncrang mah sora awéwé nu keur ngalobrol di ruang rias da puguh ukur kahalangan panto salapis ipis.

“Cik nginjeum lipstikna, asa pias nu ieu mah,” ceuk sora awéwé.
“Cekéng gé, mun kaluar peuting, dangdan téh kudu ékstra,” témbal awéwé hiji deui.
“Panya téh moal aya nu kasép, tuda.”
“Nu kasép mana? Aki-aki wungkul di dieu mah, kafé keur kolot nu resep nostalgiaan.”
“Éta vokalis band? Siga modél.”
“Curuk gégél, kainyah. Geus bogaeun kabogoh éta mah.”
“Wah?”
“Pan sok milu. Tadi gé aya asana mah, engké dituduhkeun.”
“Geulis teu kabogohna?”
“Lumayan lah, mancung, lenjang, tapi karadak.”
“Maenya siiiihhh…?”

“Loba jarawatna. Saliwat mah moal kaciri da tarapti dangdanna. Tapi aing téa, awas kana beungeut batur mah!”
“Beungeutna siga disaeur keusik, kitu?”
“Siga bulan, nyaho teu? Di bulan mah taneuhna aya nu dekok, aya nu muncugug. Kabayang? Tah kitu.”
Cikikik semu ditahan.
“Hayu, ah!”

Di jero WC, manéhna ngadedempés. Rey beungeutna asa panas, sanajan haténa asa ditojosan péso és, tiis, nyeri. Teu lila, di luar kadéngé sora seléting, tuluy kedepruk, kedepruk, sora sapatu ngajauhan. Panto toilét dibuka, hawar-hawar kadéngé deui sora kabogohna.

Di wajahmu kulihat bulan
Menerangi hati gelap rawan

Biarlah daku mencari naungan
Di wajah damai rupawan…

Manéhna kaluar, culang-cileung. Euweuh sasaha. Di sisi wastafel, balatak tisu tapak nyusut lipstik. Manéhna jebi, tuluy asup deui ka kafé, tapi teu balik deui diuk dina méja husus pamaén band jeung kru. Henteu. Manéhna nyampeurkeun bar tuluy diuk dina korsi jangkung, nonggongan panggung.

Kajadian di toilét kafé téh teu dicaritakeun ka sasaha. Disidem baé. Tapi sipating nu teu kedal, nongtoréng dina uteukna. Kadéngé baé sagala nu diobrolkeun ku dua awéwé éta. Harita. Poé Kahiji. Poé Tiis Nyeri. Ti Harita, saban ngeunteung, manéhna inget bulan nu taneuhna cenah aya nu dekok, aya nu muncugug. Gap manéhna kana pipina. Jarawat anyar, jarawat heubeul. Rinjul.

Di wajahmu kulihat bulan…

DUA minggu ti Harita, manéhna megatkeun hubungan jeung kabogohna bari teu méré alesan jinek, sakabéh saluran komunikasi gé diputus. Puguh wé matak gujrud. Indungna baeud. Lanceukna haben ngaguliksek. Saban nu wawuh nganaha-naha, aya naon, naha bisa pepegatan sangkilang geus sakitu lilana hahadéan bari can kungsi kadéngé paséa?

Manéhna ukur ngajawab ku imut.
Naha aya lalaki séjén? Awéwé séjén?
Imut deui. Keun, engké gé baroseneun, pikirna.

Léos nu nganaha-naha, torojol pamaén bas. Cenah pegatna hubungan téh mangaruhan pérforma band. Karunya, balikan deui atuh, si itu téh bogoh, nyaah, kurang kumaha satia jeung béla. Ténjo geura, ayeuna gawéna téh ngan huleng jentul, diajak latihan gé mumul. Naha téga?

Manéhna imut.

Minggu hareupna torojol pamaén gitar, ngadon manghanjakalkeun bari ngolo-ngolo, cenah urut kabogohna téh sabenerna mah geus hideng neundeun duit pikeun uang muka imah mun engké geus rumah tangga, boga bisnis leuleutikan, ngajar vokal di tempat kursus ongkoh. Lebar mun putus téh, néangan lalaki nu daék usaha téh hésé.

Manéhna imut.

Torojol pamaén drum. Teu dungang teu dongéng drummer mah, langsung beletak baé. “Awéwé siga sia nu ngalantarankeun aing mumul satia ka hiji awéwé téh! Nu siga sia!” Léos wé, untung teu nakol gé.

Manéhna imut.

Mulan-malén, kakara nu nanya baroseneun. Nu dareukeut, kitu sotéh. Mulan-malén teu panggih. Béja mah tepi. Urut kabogohna leuwih suhud gawé, ayeuna mah daék maén solo, ngarang lagu jeung ngunggah vidéona kana média sosial. Cenah, laguna ngeunaan hiji awéwé nu resep nyawang béntang. Geus lalajo?

Manéhna imut.

Manéhna pisan nu resep nyawang béntang téh. Baruk dijieun lagu?

Gap kana pipina. Ras kana caritaan dua awéwé di toilét kafé.

“Siga bulan, nyaho teu?”

Di wajahmu kulihat bulan…

MANÉHNA diwisuda sorangan, teu mawa pendamping cara batur. Indungna rumahuh. “Mun si Aang aya kénéh mah, meureun geus wisuda téh ngariung jeung kulawargana, ngabadamikeun tanggal…” Teu kebat.

“Mamah mah siga ka nu tos maot waé. Puguh aya kénéh dikieuna.”
“Mana?” semu nyentak.
Bep wé.

“Asa diheulang puguh,” indungna unggah kana mobil réntal.

Manéhna nuturkeun asup kana mobil bari tungkul. Enya, rumasa. Kuduna mah saméméh nyieun kaputusan téh ngaragap heula angen batur, lain ngagugu napsu. Tapi da lain napsu, ceuk pangrasana mah. Naon atuh, nya? Nu moal karagap ku angen batur, hamo kadongkang alatan nyamuni. Kaéra. Karémpan. Karumasa. Kaéra, karémpan, jeung karumasa nu moal karagap ku angen batur, komo ku dua awéwé di toilét kafé.

Sapanjang jalan manéhna tungkul, sabeulah leungeun nyekelan HP, sabeulah deui nanggeuy gado. Tapi lain satanggeuy-tanggeuyna, ramo-ramona laun ngusap pipi, irung, gado, tarang.  Enya, teu limit beungeut téh. Na saha atuh awéwé nu tara ngeunteung jeung ngomé beungeut? Teu kudu dituduhkeun ku batur gé manéhna geus nyaho. Mana ngahaja diajar dangdan gé hayang bisa ngaropéa kakurangan nu aya dina beungeutna. Mana digawé jadi SPG ti mimiti asup kuliah gé bakat ku hayang laluasa balanja kosmétik.

Aing gé hayang boga beungeut limit siga batur.

Naha urut kabogohna apal yén beungeutna… siga bulan? Bisa jadi. Kapan sok neuteup seukeut bari imut leleb, kapan sok pagasruk pipi, tangtu karasa keusrakna. Atawa teu apaleun? Mata lalaki mah mo saawas awéwé dina urusan nyidik-nyidik rupa batur, teu siga mata awéwé di toilét kafé.

Naha urut kabogohna apal yén beungeutna… siga bulan? Dina henteuna, hég engké rumah tangga, hég nyaho kaayaan beungeutna nu saenyana, naha kacintana baris ngipisan? Emh, tada teuing nyeri haténa. Éra. Rémpan. Rumasa.

Rahuh. Sot HP. Sirahna nyarandé panto mobil. Dina kaca mah, beungeutna limit. Sakeclak cimata murag, gancang diusap.

LIMA taun ti Harita, torojol surat ondangan ti urut kabogohna. Résépsina minggu hareup di séjén kota tapi ukur sajam lalampahan, meneran libur panjang.

Manéhna nelepon babaturan sakantor nu sarua lalagasan.
“Minggu hareup boga acara?”
“Kosong asana mah. Naha nanya?”
“Ka Bali, yu? Pesawat ti urang.”
“Asiiiiikkk…!”

DALAPAN taun ti Harita, manéhna boga kabogoh anyar nu teu loba penggemar, sorana biasa-biasa, kakara mimingguan ulin ka imah geus asa kiamat.

“Akang mah sabenerna teu resep awéwé nu wedakna kandel,” pokna.
Manéhna ngajéngkat, asup ka kamar, teu sudi nepungan deui nepi ka amitan balik.
“Aya naon?” indungna nanya.
“Loba kahayang!”
“Kahayang naon?”
“Ulah di-make up cenah!”
“Matak naon digugu? Pira gé teu dangdan, naon héséna?”

                Di wajahmu kulihat bulan…

Manéhna ngagejligkeun suku. “Ari jarawat kumaha?” Tuluy hing baé ceurik salila-lila, hésé diupah-apéhna.

SAPULUH taun ti Harita, urut kabogoh nu dipangjéngkatkeun pédah teu resep make-up téh ngirim ondangan. Manéhna datang.

“Wilujeng,” pokna pas sasalaman.
“Geuning…?” urut kabogohna bangun kaget.

Manéhna imut. Geus genep bulan manéhna tara maké make-up. Ka kantor, ka pangulinan, ka pasamoan. Mimitina mah asa taranjang, beungeut asa teu dibajuan, éra, rémpan, rumasa. Tapi lila-lila mah biasa. Nu matak ahéng, jarawat téh hiji-hiji lus-les ilang, teu datang deui.

Panonpoé bijil. Bulan leungit.

MANÉHNA ngadéngé deui lagu “Di Wajahmu Kulihat Bulan” di hiji mall. Aranseménna ngiwari, nu nyanyina awéwé, teuing saha. Geus lawas manéhna teu nuturkeun trén musik, teu cara baheula.

Sagala geus robah.

Manéhna inget ka urut kabogohna nu éta, nu ayeuna teuing di mana, teuing boga budak sabaraha hiji, teuing gawé naon: inget satiana, nyaahna, bélana, imutna, heureuyna. Inget sorana nu agem, semu peura tapi genah kana ceuli, asa dipépéndé. Kafé nu baheula saban minggu dianjangan geus salin jinis jadi bang. Ka mana Om Johan nu biasa ngalenggak dina korsina, nyuruput wine, peureum beunta bari ngoyagkeun suku nuturkeun wirahma lagu?

Di wajahmu kulihat bulan

Serasa tiada jauh dan mudah dicapai tangan
Ingin hati menjangkau, kiranya tinggi di awan.

Manéhna imut bari ngarérét budak cikalna nu mangkat rumaja, jarawat tul-tel dina tarangna.

E.D. Jenura

E.D. Jenura

Nulis carpon jeung naskah drama. Dumuk di Cianjur.

All stories by:E.D. Jenura
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.