Bulu Taneuh nu Kapopohokeun

820 820 Lugina De

Geus ti baheula mula Iskandarwassid mah kénging jujuluk pangarang bulu taneuh téh. Anu ngalandihna Abah Duduh Durahman suargi, dina buku Catetan Prosa Sunda (Medal Agung, 1984). Duméh éta cénah, anu ngalalakon dina carpon-carpon Iskandarwassid téh lolobana jalma leutik. Patani urang kampung bau lisung, anu sok pada nyarebut bulu taneuh téa.

Sebutan pangarang bulu taneuh pikeun Iskandarwassid téh ku ayeuna mah teu pati merenah ogé. Saperkara, anu sok narulis perkara bulu taneuh dina sastra Sunda téh pirang-pirang. Malah carpon-carpon Sunda kaayeunakeun ogé loba kénéh (pisan) anu ngagambarkeun beungeut lembur. Kadua perkarana, sakumaha anu dipedar dina Catetan Prosa Sunda, Abah Duduh nyebat pangarang bulu taneuh ka Iskandarwassid téh ukur dumasar kana lima carponna; “Sripanggung Dogér Karawang”, “Hujan Panyawahan”, “Panto Tajug”, “Kosongna Kandang si Manis”, jeung “Badori”. Padahal saupama nengetan antologi carpon Iskandarwassid, nyaéta Halimun Peuting (Rahmat Cijulang, 1989) anu ngamuat lima welas carpon sarta meunang panglélér Rancagé taun 1990, tanwandé bakal kapanggih ogé carpon-carpon séjénna kayaning “Kembang Tanjung”, “Tapak Jasa na Dadana”, atawa “Gedong Peteng”, anu jejerna teu ngalalakonkeun bulu taneuh. Kitu deui carpon-carpon Iskandarwassid ka dieunakeun –upamana carpon “Sintung Kalapa” anu kaasup carpon pinilih majalah Manglé, jeung “Munara” anu kungsi dilélér hadiah sastra LBSS–, teu kaasup carpon bulu taneuh. Ukur hiji kawasna anu teu enya-enya robah ti Iskandarwassid téh: anjeunna teu kalebet pangarang produktif, tapi ajén carpon-carponna tara nepi ka ngagejrét. Carpon-carpon Iskandarwassid teu weléh nodél mamaras, bari tara tiporos kana gaya vérbal.

Bulan Juni taun 2016, dina majalah Cupumanik kungsi midang (deui) salah sahiji carponna, anu judulna “Pasir Angin”. Teu kapaluruh, naha éta carpon Iskandarwassid anu panungtung atawa lain. Bisa jadi sabada “Pasir Angin”, aya carpon séjénna anu kungsi dimuat dina média. Nu sidik mah éta carpon téh teu weléh nganteng baé dina angen-angen. Sarua, carpon nu ieu gé teu leungiteun “getihna”. Malah aya sari-sari ngageuri. Ngan dina carpon “Pasir Angin”, Iskandarwassid kawas nu rék “mageuhan” deui jujuluk pangarang bulu taneuh. Atawa moal boa “katuliskeun jurig”, kitu? Duka, tah. Bubuhan éta carpon téh ngalalakonkeun patani urang Lémbang. Najan kaasup patani sugih mukti, boga tanah lega –malah kanjat boga mobil sagala–, tapi tapak lacakna teu dituturkeun ku anak-anakna. Sanggeus jarucung sakola, anakna nu dua tuluy jareneng di séjén kota. Kari Bah Sarya baé, tokoh utama dina éta carpon, anu tihothat sorangan. Najan boga pagawé matuh saurang, tapi lebeng geus tara milu mantuan ngagarap.

Urut segut digawé baheula ukur nyésakeun sumanget anu masih kénéh ngagedur dina dadana. Sedeng awakna sorangan geus ropoh ku kakolotan. Tug ka hiji mangsa, tina alatan beurat teuing digawé, antukna brek gering panas. Ari anakna nu mangkuk di kota bet laju méré bongbolongan sangkan lahan téh dijual sawaréh. Cénah gé, “Ngarah Bapa ulah capé teuing.” Taya basa lebar, taya basa nyaah. Sakitu beunang hésé capé, ladang kuru cileuh kentél peujit. Mana komo lahan anu di Pasir Angin mah, kameumeutna pisan éta mah. Najan loba nu ngahélaran, duméh perenahna kawilang stratégis, tapi ku Bah Sarya teu ieuh dikaluarkeun.

Carpon “Pasir Angin” téh méh sawanda jeung carpon “Pacul” beunangna Caraka (dimuat dina antologi Kanjut Kundang taun 1963). Duanana ngalalakonkeun patani anu ditilar indit ku anak-anakna sorangan. Nilik kana titi mangsa medalna, sidik antara “Pasir Angin” jeung “Pacul” téh tangéh pisan. Tapi ari gagasanna mah karasa aktual kénéh. Bubuhan pasualan anu digambarkeun dina “Pasir Angin” jeung “Pacul” téh tug ka ayeuna ogé kajadian kénéh. Enya, apan ayeuna gé loba patani anu ngajual lahan tatanénna, duméh taya anu daék deui nuluykeun tapak lacakna, da anak incuna kalah lalunta ka kota, upamana. Atawa kapaksa ngajual lahan tatanén sangkan anak-anakna bisa jarucung sakola.

Naon anu dicaritakeun ku pangarang dina “Pasir Angin”, enas-enasna mangrupa gambaran umum tina prosés transformasi sosial, anu nepi ka ayeuna masih kénéh lumangsung: masarakat désa jadi masarakat kota, atawa tina masarakat tani kana masarakat industri. Jeung deuih biasana teu samet profési tanina wungkul anu ditaringgalkeun téh. Lahan tatanénna ogé sok tuluy robah fungsi. Boh jadi paimahan, atawa boh jadi pabrik. Dalah lahan di Pasir Angin ogé, sakumaha anu dicaritakeun ku pangarang, “Laluasa pisan keur vila téh. Pantes pada naksir ogé. Nu datang geus aya sababaraha urang. Biasa makelar.” Alih fungsi lahan di nagara urang mémang rada matak pikahariwangeun. Geura baé titénan dina warta Pikiran Rakyat (urang maké data ti mangsa anu sarua waé, 13 Juni 2016). Cénah unggal taun lahan tatanén anu lus-les laleungitan téh angkana ngahontal antara 50.000 nepi ka 100.000 héktar.

Tapi saenyana aya anu teu kurang-kurang matak pikahariwangeun, tapi teu kagambarkeun ku data jeung angka: nyaéta cara mikir bangsa urang. Duka ku naon, bangsa urang mah (kawas nu) arembung jadi patani téh. Pédah éta kitu, patani di urang mah loba nu hirupna balangsak? Bisa jadi. Tapi apan da ari nasib mah saenyana –rék naon baé nu dicabakna– gumantung kana ihtiar. Bah Sarya waé geuning teu burung bisa sugih mukti. “Tina boga warisan tanah ngan ukur dua puluh tumbak nepi ka boga héktaran, jadi juragan kebon ….” Ngan mémang pameulina anu mahal téh: kudu daék tisusut tidungdung heula. Cohagna suku dijieun hulu, hulu dijieun suku.

Keur sasoranganeun mah bet ras kana kamandang Mochtar Lubis dina buku Manusia Indonesia. Cék Mochtar, salah sahiji sipat bangsa urang téh nyaéta kedul, mumul tihothat metakeun akal jeung tanaga. Étos gawéna rendah. Hayangna téh untung tina ladang énténg. Dina “Pasir Angin”, perkara ieu kawilang ngeuna digambarkeunana ku pangarang. Najan ungkara anu dipakéna semu sahinasna, tapi karasa kontras pisan, “Pigawéeun beuki meuweuh, ari nu mantuan beuki hésé. Ti batan bebelokan di kebon, jelema téh ayeuna mah leuwih marilih gawé di pasar, atawa ngojég, nu déét rejekina.” Jauh tangéh jeung Bah Sarya anu segut kana gawé tani. Unggal poé “tara kacaturkeun mulang beurang-beurang” ti kebon téh. Jeung teu ngan ukur kitu. “Rérés di kebon sorangan, Sarya sok tuluy nguliyeng néangan gawé di kebon batur.” Malah saterusna mah tarékahna téh néangan “tanah gamblung, atawa nu geus teu kapiara, di pasir-pasir nu rada anggang. Lain rék diséwa, tapi niat maro, bagi hasil jeung nu boga taneuh.”

Anu embung bobolokot jejeblogan téh lain batur wungkul, tapi kaasup anak-anakna sorangan. Da cénah gé:

Anéhna téh, anakna mah duanana ogé taya nu nuturkeun lacak bapa. Katingalina téh boro-boro hayang diajar ngebon, mantu-mantu gawé kolot gé tara. Sakola téh sakola wé, ti leuleutik nepi ka gedé. Waktuna kuliah, arindekos di Bandung. Bérés kuliah, nu hiji tuluy meunang gawé di Bekasi. Nu hiji deui di Sukabumi, malah ieu mah tuluy meunangkeun jodo urang dinya.

Anéhna deui kolot-kolotna, boh indungna boh bapana. Bangunna téh teu ngarasa kuciwa ningali anakna taya nu daék nuluykeun pacabakan kolot téh. Di awal-awal mitohana kungsi nyarita, cenah Darmana, anakna nu panggedéna rék diajak ngalalanyahan jadi bandar sayur. Jadi bandar mah moal ripuh-ripuh teuing cenah, ukur ngagolangkeun modal, milu kahayang pasar, jeung ngatur barang. Tapi budakna bangun embungeun. Sarya gé harita cicing-cicing wé, teu ngajurung-jurung.

Sidik pisan, najan teu nerag, aya sari-sari ngritik kana méntal buburuh ka batur, embung macakal sorangan. Méntal embung leledokan kékésangan. Kawasna téh leuwih resep nempatan posisi anu aman: jadi karyawan, gajih mayeng unggal bulan, meunang tunjangan, mangsana geus kolot tuluy pangsiun. Lain tihothat ngolah tur ngokolakeun naon-naon anu geus nyampak dina leungeunna sorangan. Cukup ku sakitu baé. Nu matak, dipatalikeun jeung réalita ayeuna, asa kawilang wajar saupama loba jalma kabelejog milu CPNS bodong. Kajeun ngamodal puluh-puluh juta, anu saenyana bisa digolangkeun kana dagang. Padahal ku logika saliwatan ogé sageuy teuing teu kaharti: jabatan jeung pangkat mah moal ieuh bisa kawariskeun ka anak incu.

Leuwih jauhna, sacara teu langsung, Iskandarwassid ogé lir palay nuduhkeun yén aya nu salah dina kawijakan katut sistim atikan di urang. Geus puguh apan salila ieu nagara urang téh loba ngimpor komoditas tatanén, upamana kadelé, tapi naha nu dug-degna kalah ka pabrik? Ku naon bangsa urang ayeuna bet réa nu embung jadi patani? Pédah patani mah remen teuing diteungteuinganan kitu?

Dina enas-enasna, horéng pangwangunan téh gagal numuwuhkeun kasadar pikeun ngamumulé anu geus nyampak di sabudeureun urang sorangan. Utamana gagal lebah ngawujudkeun régenerasi. Padahal saéstuna anu disebut maju téh lain hartina ninggalkeun tapak lacak anu geus lila dibaladah. Anu disebut maju lain hartina dug-degna industri di mana mendi, invéstasi ngocor ti luar negeri, pertumbuhan ékonomi ngajaul, tapi béas waé kudu nguyang ka nagara tatangga, upamana. Kitu kawasna anu hayang ditepikeun ku pangarang téh. Mana komo lamun dipatalikeun jeung kamandang ti tokoh Bah Sarya, kacida patukang tonggongna. Pokna gé cénah, ‘Bapa ninggalan ieu tanah téh keur mekelan hirup aing…!’ gerentesna jero haté. ‘Ku aing kudu dipupusti. Unggal jeungkal kudu dimangpaatkeun!’

Nya hal ieu anu diwada ku Paulo Freire. Cék cohagna, lamun diumpamakeun; naon gunana atikan, barudak palinter, tapi teu nyaho-nyaho acan kumaha prak-prakan nyawah, tur padahal unggal poé anu didalahar ku maranéhna téh sangu, lain kertas? Naon gunana atikan, saupama ukur parigel nyieun nu anyar, tapi teu sanggup ngamumulé nu geus aya?

Lebah dieuna, enya, urang téh sok tara mikiran rupaning hal anu bakal ditinggalkeun ka anak incu. Enya, dina hakékatna, manusa mah merdika. Tapi lain hartina ngantep generasi nu bakal datang gupuy-gapay néangan nu geus euweuh, saupama hiji mangsa urang geus taya dikieuna.

Teuing, ari anu nyarieun kawijakan di nagara urang sadar teu nepi ka lebah dinya?

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.