Buku Sunda Titilar Ajip Rosidi

820 820 Lugina De

Tanggal 29 bulan Juli kamari, titis tulis Ajip Rosidi mulih ka jati mulang ka asal, dina yuswa 82 taun. Urang Sunda éstuning leungiteun enya-enya. Bubuhan dina jagat kasundaan mah sidik pisan jungkiringna, sarta natrat tapak lacakna. Kaasup jalma rohaka. Pok pék prak. Sagala dipaju, sagala dicabak. Bari tétéla hasil karyana, sarta diaku ku balaréa kualitasna.

Anu pangnonggérakna nyaéta hadiah sastra Rancagé pikeun ngajén buku fiksi Sunda panghadéna. Noron unggal taun digelar. Sasatna teu kungsi pegat ti mimiti diayakeun taun 1989 téh. Bari saterusna buku sastra daérah anu dilélér Rancagé téh teu samet anu dina basa Sunda wungkul. Tapi tuluy ngambah kana sastra daérah séjénna, nyaéta sastra Jawa, Bali, Lampung, Batak, Banjar, jeung Madura. Éta téh can kaasup hadiah sastra Rancagé keur widang jasa, katut hadiah Samsudi keur buku fiksi basa Sunda bacaeun barudak.

Salian ti hadiah sastra Rancagé, réa kénéh titilar Ajip Rosidi dina widang basa, sastra, jeung budaya Sunda, utamana anu wangunna buku. Geura urang guar sawatara di antarana.

Antologi jeung Kritik Sastra
Anu kahiji nyaéta Kanjutkundang, buku antologi prosa jeung puisi modéren anu pangmunggaranana dina sastra Sunda. Disusunna bareng jeung Rusman Sutiasumarga, guru Ajip nalika sakola SMA di Taman Siswa, Jakarta. Najan babarengan jeung Rusman, tapi ari gegedéna mah Kajutkundang téh nya hasil gawé Ajip. Buku Kanjutkundang disusunna ku Ajip basa keur ngajrek di Sumedang. Ari bahan-bahanna dikumpulkeun tina sawatara majalah jeung surat kabar basa Sunda, kayaning Kiwari, Warga, Sunda, Panghégar, Sipatahunan, Tjandra, Manglé, Siliwangi, Panglayang, jeung Kalawarta Lembaga Basa jeung Sastra Sunda. Salila nyusun Kanjutkundang, pikeun meunangkeun bahan téh Ajip remen nguriling ka sawatara daérah, utamana ka Bandung, Bogor, Tasikmalaya, Sukabumi, jeung Jakarta.

Kanjutkundang medal taun 1963. Ari karya-karya anu dimuatna ngurung waktu salila sapuluh taun, antara taun 1950 nepi ka taun 1960. Sacara teu langsung, ku ngaliwatan Kanjutkundang Ajip ngawanohkeun tradisi kritik dina sastra Sunda. Salila milihan karya, Ajip getol nulis catetan ngeunaan kamandangna kana kamekaran sastra Sunda sabada perang. Éta catetan téh laju ditarjamahkeun kana basa Sunda, tuluy dikirimkeun ka Sipatahunan. Sabada dimuat, teu wudu nimbulkeun réaksi ti para pangarang Sunda, utamana ti golongan kolot, anu ngarasa teu suka alatan karyana geus diwada. Éséy-éséy polémik Ajip bisa dibaca kénéh dina buku Bébér Layar. Sabada Kanjutkundang, nepi ka ayeuna can aya deui antologi sarupa anu ngagambarkeun kamekaran sastra Sunda dumasar dangka waktu.

Buku séjénna anu gedé ajénna dina kasusastraan Sunda nyaéta Ngalanglang Kasusastran Sunda. Munggaran medal taun 1983. Tapi ari ditulisna mah geus ti ahir taun 1960-an kénéh. Ngalanglang Kasusastran Sunda téh buku kritik sastra Sunda anu nyawang karya-karya pangarang ti jaman saméméh perang nepi ka sabada perang (taun 1950-an jeung 1960-an). Upamana baé karya-karya Joehana (Ahmad Basah), Moh. Ambri, DK Ardiwinata, Méméd Sastrahadiprawira, Tini Kartini, jeung Sayudi. Nepi ka ayeuna, Ngalanglang Kasusastran Sunda kaasup buku wajib anu kudu dibaca ku sakumna mahasiswa jurusan basa jeung sastra Sunda, boh di UPI boh di Unpad.

Buku antologi séjénna nyaéta Puisi Sunda anu medal taun 1995, jeung Sajak Sunda anu medal taun 2007. Buku kahiji mangrupa antologi puisi Sunda heubeul, kayaning jangjawokan, rajah, jeung fragmén carita pantun. Ari buku anu kadua mangrupa antologi puisi Sunda modéren ti sabada perang nepi ka taun 2000-an. Ieu buku anu dua téh kawilang istiméwa, sabab eusina kaitung lengkep tur répréséntatif. Komo buku Sajak Sunda mah. Bubuhan eusina meunang ngundeuran tina pirang-pirang majalah jeung surat kabar Sunda anu medal ti sanggeusna perang.

Pantun jeung Haji Hasan Mustapa
Taun 1968, Ajip pindah ti Jatiwangi ka Bandung, ngontrak imah di Gang Asmi. Sabada tepung jeung Prof. A. Teeuw di Bandung, Ajip nyaritakeun perluna ngarékam carita pantun anu geus mimiti lus-les laleungitan. Ti Teeuw, Ajip meunang bantuan tip rékorder anu dina jaman harita mah kaasup barang mahal. Ti dinya Ajip ngadegkeun Proyek Penelitian Pantun dan Folklor Sunda (PPP&FS). Malah saterusna Ajip ngalibetkeun ogé sawatara ihwan anu ancrub dina sastra Sunda, kayaning Olla S. Sumarnaputra, Sayudi, Rachmat M. Sas. Karana, jeung Iskandarwassid, sarta gawé bareng jeung KITLV Leiden.

Nya basa keur ngajrek di Gang Asmi, Ajip remen ngagelar kasenian pantun anu ngahaja meunang ngondang ti sawatara wewengkon. Upamana Ki Kamal ti Kuningan, Ki Acéng Tamadipura ti Sumedang, Ki Enjum ti Ujungberung, Ki Samid ti Sukabumi, Ki Atma ti Subang, Ki Sadjin jeung Ki Janci ti Kanékés (Baduy) jeung réa-réa deui. Carita pantun anu ditranskripsi téh jumlahna kurang leuwih 30 judul. Ari anu dibukukeun karék satengahna. Salian ti can kabéh dibukukeun, buku-buku carita pantun hasil transkripsi Ajip saparakanca anu kungsi medal ogé can kungsi dicitak ulang deui. Hanjakalna, koléksi rékaman carita pantun anu aya di KITLV ukur nyésa dua judul. Saleuwihna ceuk béja mah aya nu nginjeum bari teu mulangkeun deui.

Buku panalungtikan séjénna anu gedé ajénna dina sastra Sunda nyaéta Haji Hasan Mustapa jeung Karya-Karyana. Taun 1956/1957, sabada remen tepung jeung Rukasah SW katut Utuy Tatang Sontani, Ajip Rosidi mimiti neundeun perhatian kana karya-karya Haji Hasan Mustapa. Kabeneran harita réa dangding-dangdingna anu dimuat dina majalah Warga, sanajan teu lengkep. Saterusna ku Ajip disusud deui sumberna ka jalma-jalma di lingkungan komunitas mistik Awak-Awak Galih Pakuan, anu majar muhit ajaran ka-Hasan Mustapa-an, kayaning Wangsaatmaja, Ojoh Ardiwinata, jeung Sutignyaprawira.

Pikeun neuleuman dangding-dangding Haji Hasan Mustapa, dumasar saran ti Rustandi Kartakusuma, Ajip kungsi nénéangan guru kabatinan. Tapi hiji gé taya anu cop jeung lelembutan. Bubuhan harita Ajip geus tuman mikir kritis. Tapi nya ti dinya Ajip saterusna neuleuman (deui) ajaran Islam. Tug ka ahirna ngarobah kamandangna kana agama Islam, sarta jadi leket kacida ngalakonan saré’atna.

Panalungtikan Ajip ngeunaan Haji Hasan Mustapa masih kénéh dibaladah sanajan Ajip geus pindah ka Jepang. Taun 1984, Ajip meunang grant pikeun nalungtik naskah-naskah Haji Hasan Mustapa anu aya di Leiden, Walanda. Nya di dinya kapanggih deui tulisan-tulisan Haji Hasan Mustapa séjénna, ngawengku surat, artikel, jeung dangding. Sabada dikumpulkeun, ku Ajip tuluy dibukukeun, maké judul Haji Hasan Mustapa jeung Karya-Karyana. Éta buku anu medal taun 1989 téh mangrupa buku munggaran anu mukakeun lalangsé sabudeureun kabujanggaan Haji Hasan Mustapa, sarta nepi ka kiwari jadi sumber panalungtikan pangpentingna ngeunaan Haji Hasan Mustapa.

Ensiklopedi Sunda jeung KUBS
Sabada réngsé ngagarap panalungtikan ngeunaan Haji Hasan Mustapa, Ajip tuluy ngararancang nyieun Énsiklopédi Sunda, gawé bareng jeung The Toyota Foundation. Nya kitu, Énsiklopédi Sunda gé dibaladahna basa Ajip matuh di Jepang. Unggal taun, ari pareng mulang ka Indonesia, teu kungsi kaliwat ngayakeun rapat jeung réngréngan rédaksi, kayaning Edi Ekadjati, Embas Suherman, Ayatrohaedi, Dodong Djiwapradja jeung réa-réa deui. Naskah-naskah anu geus diketik ku rédaksi ku Ajip dibawa ka Jepang, laju diédit deui.

Énsiklopédi Sunda anu medal taun 2.000 téh kaasup karya monumétal urang Sunda. Bukuna kandel nakeranan, aya kana 700 kacana, bari wangunna galabag badag. Duka sabaraha kilo beuratna gé. Ari jumlah lémana ngahontal 3.500 léma. Geus karuhan eusina mah kaitung lengkep. Nepi ka ayeuna Énsiklopédi Sunda can kungsi dicitak ulang deui.

Buku panungtung anu digarap ku Ajip Rosidi téh nyaéta Kamus Utama Basa Sunda. Ieu mah digarapna babarengan jeung tim. Jumlah lémana ngahontal 150.000 léma. Hanjakal, nepi ka ayeuna KUBS téh can bisa medal jadi buku, ku sabab heureut waragad. Saupama téa mah bisa medal, geus tangtu bakal jadi kamus Sunda panglengkepna.

Salian ti buku, saenyana réa kénéh titilar Ajip séjénna dina widang kasundaan. Anu utama nyaéta Perpustakaan Ajip Rosidi di Jalan Garut, Pusat Studi Sunda, pamedalan Pustaka Jaya, jeung pamedalan Kiblat Buku Utama. Salian ti éta, Ajip gé kungsi ngagagas Konferensi Internasional Budaya Sunda taun 2001, jeung Kongres Bahasa Nusantara taun 2016.

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.