Baruang nu Munggaran

820 820 Lugina De

Taun 1914, medal hiji buku prosa fiksi anu judulna Baruang ka nu Ngarora ku Commissie voor de Volkslectuur, atawa anu kasohor ditelah Komisi Bacaan Rahayat, cikal bakalna Balé Pustaka. Ceuk sakaol, éta buku téh ditulisna ku Daéng Kanduruan Ardiwinata. Nalika keur jumenengna, DK Ardiwinata kungsi cepeng damel jadi guru. Tapi taun 1911, dinesna tuluy ngalih ka Balé Pustaka.

Dumasar katerangan Mikihiro Moriyama (Semangat Baru: Kolonialisne, Budaya Cetak, dan Kesastraan Sunda Abad ke-19, 2005), basa munggaran medal Baruang ka nu Ngarora téh dibagi jadi dua jilid. Ari dicitakna ku pausahaan citak G. Kolff & Co. di Weltevreden, Batavia. Éstuning ipis nyempring duanana ogé. Da éta baé jilid anu kahiji téh kandelna ukur 63 kaca. Ari jilid kaduana 48 kaca. Basa dicitak ulang deui taun 1921, kakara Baruang ka nu Ngarora téh medalna disajilidkeun.

Salila dimedalkeun ku Balé Pustaka, taya katerangan geus sabaraha kali éta buku téh ngalaman citak ulangna. Nu karuh mah sabada perang, Baruang ka nu Ngarora kungsi dimedalkeun deui ku CV Pusaka Sunda jeung ku Rahmat Cijulang. Tuluy taun 2013 dimedalkeun deui ku pamedal Kiblat Buku Utama.

Euweuh Ngaranan
DK Ardiwinata gumelar di Bandung taun 1866. Ibuna masih kénéh kalebet kulawadet ménak Sukapura (Tasikmalaya). Ari ramana, nyaéta Daéng Sulaéman, ménak tedak Makasar, putera Raja Lombo anu dibuang ka Pulo Jawa ku Pamaréntah Kolonial. Salian ti aktip dina widang atikan jeung ngarang, anjeunna ogé kalebet salah saurang anu ngadegkeun organisasi Paguyuban Pasundan. Kungsi ogé ngadegkeun organisasi Kumpulan Wargi Bandung.

Basa munggaran medal, ceuk pedaran Miki saterusna, dina buku Baruang ka nu Ngarora téh taya katerangan saha anu nulisna, alias anonim. Nu sidik basa buku Baruang ka nu Ngarora mimiti medal, harita DK Ardiwinata keur jeneng éditor kepala di Balé Pustaka bagian basa Sunda. Dina bukuna Miki ogé teu nyebutkeun kalawan tandes saupama Baruang ka nu Ngarora téh enya-enya ditulisna ku DK Ardiwinata.

Taya katerangan ti mimiti citakan anu iraha, atawa basa dimedalkeun ku saha saenyana ngaran D.K. Ardiwinata téh ditulis réngkolna dina buku Baruang ka nu Ngarora. Ngan dina unggal karangan ngeunaan pedaran sastra Sunda, geus prah pada nyebut yén Baruang ka nu Ngarora téh mémang ditulisna ku DK Ardiwinata.

Cék Tini Kartini (DK Ardiwinata: Sastrawan Sunda, 1979), sahenteuna aya tilu urang pangarang anu kungsi nyawang Baruang ka nu Ngarora, nyaéta Utuy Tatang Sontani, Yus Rusamsi, jeung Ajip Rosidi. Dina masing-masing tulisanana, utamana Utuy jeung Ajip, ditétélakeun yén Baruang ka nu Ngarora téh mangrupa novél munggaran dina sastra Sunda. Ku perkiraan mah Utuy jeung Ajip ogé anu mimiti ngaluarkeun klaim yén Baruang ka nu Ngarora téh kaasup kana wangun karangan novél. Hartina Baruang ka nu Ngarora disebut novél téh kakara béh dieu, sabudeureun taun 1950-an atawa taun 1960-an, kurang leuwih opat puluh taun sanggeusna éta buku medal. Dina kituna mémang wajar. Bubuhan Baruang ka nu Ngarora dianggap novél ku Ajip jeung Utuy téh dumasar kana konsépsi kasusastraan Sunda sabada perang (taun 1950-an) anu geus réa ngalaman parobahan. Salah sahiji cicirén pangpentingna nyaéta ku (beuki) tétélana antara wangun carpon jeung novél.

Sedengkeun dina jaman Kolonial mah, ti mimiti mekarna kasusastraan Sunda modéren dina ahir abad 19 tug ka taun 1940-an, konsépsi kasusastraan Sunda téh can enya-enya jéntré. Dina majalah Papaés Nonoman taun 1914 anu dimedalkeun ku Paguyuban Pasundan, DK Ardiwinata kungsi nulis artikel anu judulna Proza en Poeizie. Ku éta tulisan bisa dicindekkeun yén jaman harita saenyana geus aya kaweruh kana papasingan prosa jeung puisi dina karangan tinulis. Tapi teu pati jéntré wangun naon waé saenyana anu kaasup prosa jeung puisi di dinya téh.

Dina panalungtikanana Darpan (2011) nétélakeun, umumna harita mah sakur karangan anu eusina mibanda unsur carita cukup ku disebut “carita” baé –boh prosa boh puisi. Pikeun ngabédakeunana, carita anu ditulis dina wangun dangding (guguritan) disebutna “carita wawacan”. Ari carita anu ditulis maké basa prosa –rék panjang rék pondok- disebutna “carita dilajur”. Nya teu matak hémeng saupama dina karangan-karangan tinulis harita, boh wawacan, boh carita anu parondok, atawa boh carita anu paranjang, sok diimplik-implikan ku istilah “carita”. Dalah dina Baruang ka nu Ngarora ogé basa munggaran medal téh ditétélakeun deui ku sub judul di handapna, “carita hiji jalma cilaka lantaran meunang kanyeri pamajikan”. Sanajan basa mimiti medalna teu disebut novél, tapi ku konsépsi kasusastraan Sunda ayeuna Baruang ka nu Ngarora téh mémang leuwih loyog kana wangun novél.

Sastra Sunda Modéren
Salian ti minangka novél munggaran dina sastra Sunda, saenyana Baruang ka nu Ngarora téh bisa disebut ogé minangka patok mimiti mekarna kasusastraan Sunda modéren. Ngeunaan hal ieu, aya opat arguméntasi anu jadi dasarna.

Kahiji, Baruang ka nu Ngarora mangrupa wangun sastra tinulis, lain lisan. Kadua, Baruang ka nu Ngarora mangrupa karya orsinil, lain tarjamahan atawa sanglingan (saduran). Katilu, Baruang ka nu Ngarora wanda caritana réalis, sawanda jeung kalumrahan karangan-karangan prosa modéren anu ditulis di Eropa alam harita. Karangan-karangan prosa Sunda saméméhna mah, utamana anu ditulis ku Muhammad Musa dina ahir abad 19, kentel kénéh ku pangaruh dongéng-dongéng lisan anu sipatna suréalis. Kaopat, ditilik tina struktur carita jeung panjangna karangan, teu sak deui yén Baruang ka nu Ngarora téh mémang kaasup karangan novél anu mangrupa wangun sastra modéren.

Tapi naha Baruang ka nu Ngarora téh ditulisna ku DK Ardiwinata? Kamungkinan gedé mah enya. Tapi tangtuna ogé kudu aya data anu bener-bener hakul yakin enggoning ngabuktikeun éta anggapan. Aya sababaraha kamungkinan naon sababna Baruang ka nu Ngarora nalika mimiti medal teu disebutkeun nu ngarangna. Di antarana, anu kahiji, tujuan ngadegna Balé Pustaka téh saenyana leuwih neueul kana kapentingan indoktrinasi ka masarakat pribumi anu geus mimiti ngambeu atikan, lain lantaran hayang ngamekarkeun kasusastraan. Anu kadua, sual étika kapangarangan anu can enya-enya dipikawanoh. Salah sahiji contona nyaéta dina jaman harita réa karya prosa anu mangrupa sanglingan tapi teu nyebutkeun sumber karya aslina. Kawas novél Si Kabayan Jadi Dukun karangan Moh. Ambri anu disangling tina drama Le Médecin malgré lui karangan Molière, jeung novél Trésnaséna jeung Nyi Putri Sedihasih karangan R. Memed Sastrahadiprawira anu disangling tina carita klasik Tristan and Isolde.

Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Lugina De

Lugina De

Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Bergiat di Arena Studi Apresiasi Sastra (ASAS). Lebih banyak menulis dalam bahasa Sunda. Bekerja sebagai guru bahasa daerah di Sumedang.

All stories by:Lugina De
Privacy Preferences

When you visit our website, it may store information through your browser from specific services, usually in the form of cookies. Here you can change your Privacy preferences. It is worth noting that blocking some types of cookies may impact your experience on our website and the services we are able to offer.

Click to enable/disable Google Analytics tracking code.
Click to enable/disable Google Fonts.
Click to enable/disable Google Maps.
Click to enable/disable video embeds.
Our website uses cookies, mainly from 3rd party services. Define your Privacy Preferences and/or agree to our use of cookies.